Diponegoro
Dipanegara[1] (éjahan Jawa: Diponegoro) atawa anu leuwih dipikawanoh Pangéran Diponegoro (gumelar di Yogyakarta, 11 Nopémber 1785 – maot di Makassar, Sulawesi Kidul, 8 Januari 1855 dina umur 69 taun) dina yuswa 69 taun) nyaéta salah sahiji Pahlawan Nasional Républik Indonésia anu ditetepkeun ku SK Présidén Nomer 087 taun 1973.[2] Pangéran Diponegoro kasohor ku tarékahna mingpin Perang Diponegoro balukar tina lalampahan pamaréntah Hindia Walanda anu harita sangunahna baé henteu ngahargaan budaya jeung tradisi masarakat satempat, ogé larapan pajég anu luhur ka rahayat.[3]
Hirup hurip
éditPangéran Diponegoro réréhan ti Sultan Hamengku Buwono III anu indungna téh salah saurang selir nyaéta R.A. Mangkarawati asal ti Pacitan.[1][3] Diponegoro keur leutik dipaparin ngaran Radén Mas Antawirya (éjahan Jawa: Ontowiryo).[1] Nalika rék dijadikeun raja, Diponegoro nampik nu kalakah milih ninggalkeun karaton.[3] Kajadian ieu alatan anjeunna rumasa teu boga hak salaku anak ti saurang selir, lain permaisuri.[3]
Diponegoro ogé leuwih kabita ku kahirupan agamis tur ngarahayat sangkan leuwih resep netep di Tegalrejo, padumukan nini buyutna, Ratu Ageng Tegalrejo, permaisuri HB I.[3] Lian ti éta, Diponegoro ogé henteu resepeun kana pacorok kokodna Hindia Walanda anu kaleuleuwihi di sabudeureun karaton.[3] Mangsa harita Diponegoro miboga 3 urang pamajikan, nyaéta Bendara Radén Ayu Kedhaton, Radén Ayu Ratnaningsih, jeung Radén Ayu Ratnaningrum.[1]
Perang Diponegoro
éditDiponegoro taakna mah nalika Walanda baris ngagusur kuburan karuhunna pikeun dijieunkeun jalan sangkan jadi balukar ngamimitianna Perang.[3] Lian ti éta, Diponegoro ogé kumesel kana lalampahan Walanda anu teu mihormat adat istiadat satempat ogé kacida ngérétanana ka rahayat ku ngabebankeun pajég nu kaleuleuwihi.[1] Perang ieu tumerus kasohor ku ngaran Perang Diponegoro.[1] Perang ieu ti mimiti ping 20 Juni 1825 tur lumangsung salila lima taun anu kacutat minangka salah sahiji perang pangbeuratna anu disanghareupan ku Walanda.[3]
Sikep Diponegoro anu ngalawan ka Walanda kalayan bubukaan ieu jadi perhatian sangkan dirojong ku rahayat.[1] Ku kahayang ti uwana, Pangéran Mangkubumi, Diponegoro incah ti Tegalrejo jeung nyieun markas di hiji guha anu ngaranna Guha Selarong.[1] Harita Diponegoro ngedalkeun yén lalawanana téh nyaéta perang sabil, lalawanan nyanghareupan kaum kafir.[1] Sumanget "perang sabil" anu dikobarkeun ku Diponegoro mawa pangaruh léga nika ka wewengkon Pacitan jeung Kedu.[1] Salah saurang inohong agama di Surakarta, Kyai Maja, ilubiung jabung jeung pasukan Diponegoro di Guha Selarong.[1] Perjoangan Pangéran Diponegoro ieu dirojong ku S.I.S.K.S. Pakubuwono VI jeung Radén Tumenggung Prawirodigdaya Bupati Gagatan.[1]
Nalika Tegalrejo aya dina pangawasa Walanda, Diponegoro bajoang ku cara ngagerilya. Ku hidup pundah-pindah, Walanda héséeun dina rék nangkepna.[3] Salila perang ieu karugian pihak Walanda teu kurang ti 15.000 pasukan jeung 20 juta gulden.[1] Mangrupa-rupa cara terus dilakonan ku Walanda pikeun nangkep Diponegoro.[1] Malihan mah diayakeun sayembara anu hadiahna 50.000 Gulden dibikeun ka saha baé anu bisa nangkep Diponegoro.[1]
Walanda ogé ngalarapkeun taktik Bénténg Stélsel pikeun ngawates lalampahan Diponegoro.[1] pikeun nangkepna, Walanda nyieun jebakan ku ngondang Diponegoro ngarunding di Magelang.[1] Dina tanggal 28 Maret 1830, Diponegoro katangkep jeung dipiceun ka Manado, saterusna dipindahkeun ka Makassar.[1] Antukna Dina ping 8 Januari 1855, Pangéran Diponegoro tilar dunya tur dikurebkeun di Makassar.[3]
Baca ogé
éditRujukan
édit- ↑ a b c d e f g h i j k l m n o p q r Satgasnas, 2014. Satganas People: Biografi Pangeran Diponegoro - Pahlawan Nasional Dari Tanah Jawa Archived 2014-12-27 di Wayback Machine, disorang 23 Désémber 2014.
- ↑ Kementerian Sosial Republik Indonesia, 2014. Daftar Nama Pahlawan Nasional Republik Indonesia Archived 2016-10-21 di Wayback Machine, disorang 23 Désémber 2014.
- ↑ a b c d e f g h i j Pahlawan Indonesia, 2014. Pahlawan Indonesia: Biografi Pahlawan Nasional Pangeran Diponegoro, disorang 23 Désémber 2014.