Purwokerto
Kota Purwokerto nyaéta ibu kota Kabupatén Banyumas, Jawa Tengah, Indonésia. Jumlah pangeusina 249.705 jiwa dina taun 2005.[1]. Sababaraha sesebutan cocog keur kota nu aya di jalur kidul Jawa Tengah ieu ti mimiti kota wisata, kota kiripik, kota transit, kota atikan tepikeun ka kota pangsiunan ku sabab loba pajabat nagara nu pangsiun tur ahirna tumetep di ieu kota. Di ieu kota ogé aya musieum Bank Rahayat Indonésia, sabab mangrupa bank munggaran nu ngadeg di ieu kota, nu ngadegkeunana nyaéta Raden Béi Aria Wirjaatmadja putra daérah Purwokerto.[rujukan?]
Purwokerto | |
---|---|
Jalan Utama Purwokerto | |
Nagara | Indonésia |
Propinsi | Jawa Tengah |
Kabupatén | Kabupatén Banyumas |
Lega | |
• Total | 38,58 km2 (1,490 sq mi) |
Pangeusi (2005) | |
• Total | 249.705 |
• Kapadetan | 65/km2 (170/sq mi) |
Zona wanci | UTC+7 (WIB) |
Kode wewengkon | 0281 |
Pamaréntahan
éditPurwokerto mangrupa hiji dayeuh henteu otonom sabab masih kénéh jadi bagéan ti Kabupatén Banyumas minangka puseur pamaréntahan. Sacara administratif, Purwokerto kabagi jadi 4 kacamatan jeung 27 kalurahan. Sabenerna mah aya padungdengan ngeunaan diwangunna Kota Purwokerto sangkan misah ti Kabupatén Banyumas. Da lamun ditilik tina sajarahna mah, Purwokerto téh asalna ogé statusna téh Kota Administratif (Kotif), sok padahal Kotif lianna di Indonésia mah geus mareunang status Kota kalayan otonomina sorangan. Lamun heug téa mah Purwokerto hasil jadi Kota, minimal aya 4 kacamatan nu baris ngahiji[2], saperti nu bisa katingal dina tabel di handap ieu;
Ngaran Kacamatan | Ibu kota Kacamatan | Jumlah Kalurahan | Pangeusi Taun 2010 |
---|---|---|---|
Purwokerto Kulon | Rejasari | 7 | 49.044 |
Purwokerto Wétan | Purwokerto Wétan | 6 | 57.160 |
Purwokerto Kalér | Bancarkembar | 7 | 57.178 |
Purwokerto Kidul | Karangklesem | 7 | 70.459 |
Géografi
éditPurwokerto perenahna di kiduleun Gunung Slamet, salah sahiji gunung api nu aktif kénéh pulo Jawa. Secara géografi Purwokerto perenahna dina koordinat 7°26′S 109°14′E / 7.433°S 109.233°E. Lian ti jadi puseur pamaréntahan , Purwokerto ogé jadi puseur koordinasi daérah Jawa Tengah bagéan Kulon Bakorlin III. Purwokerto wawatesan jeung Sokaraja dipisahkeun ku Walungan Pelus.
Sajarah
éditDina mangsa munggaran abad ka-20, babak anyar dina tata rohangan kota asup ka ieu kota. Unggal jalan katingali lega. Tatangkalan héjo ngarunggunuk ngiuhan nu laleumpang. Hésé dibédakeun antara jalan utama jeung jalan panghubung. Di hareupeun gedong karesidenan, aya hiji taman kota nu ngaranna Taman Merdeka. Harita, kota-kota di Pulo Jawa keur meumeujeuhna ngalaman ngaronjatna jumlah pangeusi. Ampir di unggal kota, paneusi nambah kira-kira 10 kali tepikeun ka 20 kalina. Pamaréntah kolonial Walanda kalimpungan nyanghareupan ieu pasualan tur riweuh néangan modél pangwangunan keur kota-kota di Jawa.
Nalika riweuh ku ieu pasualan, Herman Thomas Kartsen napakkeun sukuna di Semarang (kota nu keur ngalaman pasualan nambahna pangeusi ogé) taun 1914. Dina catetan W.F. Wertheim ngaliwatan buku Masarakat Indonésia dina Transisi, tambahna pangeusu di ieu kota ampir tepikeun ka saratus persén. Di kota kasebut, Kartsen manggihan Henri Maclaine Pont. Pont nyaéta babaturan Kartsen nalika keur kuliah di Insitut Teknologi Delf, Amsterdam, Walanda. Di Semarang, Pont ngadegkeun biro arsiték. Ngaliwatan Pont, Kartsen meunang loba informasi ngeunaan kaayaan Semarang katut kota lianna. Kadatangan Kartsen di Semarang nyaéta keur ngararancang Kota Semarang katut kota lianna di Pulo Jawa.[4]
Ékonomi
éditSacara tradisional, Purwokerto lain kota industri atawa perdagangan. Tepikeun ka kiwari, kagiatan industri jarang pisan kapanggihna di Purwokerto, padahal Purwokerto mangrupa wewengkon potensial nu kacida strategisna keur ngalakukeun investasi dina widang industri. Lian ti lahan nu lega kénéh, aksés ka kota-kota gedé lianna ogé gampang, katambah ku lobana pagawé profesional. Ieu dayeuh bisa disebutkeun teu boga industri skala gedé nu bisa nyerep rébuan tanaga gawé atawa ngawengku wewengkon nu legana puluhan héktar. Lamun aya ogé industri, umumna mah ukur industri-industri tradisional nu ukur ngagawékeun sababaraha puluh pagawé (kayaning industri roko di imah, industri emih atawa soun garing leuleutikan, pabrik susu skala leutik, industri peralatan tina logam nu teu sabaraha, katut industri kadaharan oléh-oléh nu ukur ramé dina usum lebaran). Sektor perdagangan ogé sawelas dua welas. Di ieu kota taya aktivitas perdagangan dina skala gedé. Ieu kota teu boga palabuan atawa fasilitas bongkar-muat barang dina skala nu signifikan. Ogé euweuh aréal pagudangan nu bisa nyimpen komoditas dina jumlah rébuan kubik. Ku kituna ieu kota sama sakali lain mangrupa kota industri atawa perdagangan.
Tepi ka awal dékade 2000-an, ieu kota leuwih cocog lamun disebut minangka kota pagawé atawa kot barudak sakola. Pacabakan pangeusina nu bisa diandelkeun keur hirup nyaéta jadi pagawé nagri atawa BUMN. Parobahan nu rada signifikan kajadian ti mulai taun 2000-an, nyaéta nalika ieu kota mulai kabanjiran ku mahasiswa-mahasiswa ti kota-kota di pulo Jawa pikeun nungtut élmu di paguron luhur nu aya di ieu kota (utamana mah di Universitas Jénderal Soedirman jeung di Universitas Muhammadiyah Purwokerto UMP). Ti saprak harita, aktivitas ékonomi rahayat nu patali jeung kabutuhan mahasiswa rada nguliat. Rébuan kamar kos diwangun pikeun diséwakeun ka mahasiswa pendatang. Ratusan tempat dahar diadegkeun keur ngaladénan kabutuhan beuteung mahasiswa. Jongko-jongko alat tulis patingpucunghul. Warnét tuwuh lir ibarat supa dina usum semi. Malahan mah, jasa ngumbahan baju (laundry) ogé mucunghul keur ngabérésihan pakéan mahasiswa. Ieu kaayaan ngajadikeung kota Purwokerto tuwuh rada signifikan minangka kota jasa.
Dina ahir taun 2011, ngadeg hotél béntang 5 Aston nu luhurna 12 lantéy. Dina tengah taun 2012, geus katempo parobahan nu rada signifikan dina widang perdagangan. Bisa katempo ku diwangunna Rita Supermall 16 lantéy katut 2 basement percis di kiduleun alun-alun Purwokerto. Ditambah deui ku pamekaran Moro jadi Mega Mall nu miboga tilu munara.
Séktor pariwisata ogé mekar nu nyababkeun mekarna séktor ekonomi turunanana saperti hotél katut panginepan, rumah makan, transportasi, katut jasa pangrojong lianna.
Basa jeung budaya
éditBasa nu dipaké nyaéta basa Jawa kalayan lentong Banyumasan atawa leuwih ilahar disebut ngapak. Kentongan atawa musik thek-thek nyaéta seni musik nu diulinkeun maké awi ku 20-40 orang. Kabudayaan bégalan katut ronggéng mangrupa kasenian asli Banyumas nu kiwari mulai kadéséh ku budaya lian.
Pariwisata
éditPurwokerto boga sababaraha patempatan wisata alam andelan nu skalana nasional, mangrupa guha, curug katut wana wisata. Wisata alam di Purwokerto di antarana : Baturadén, Pancuran Pitu, Pancuran Telu, Guha SaraBadak, Musieum BRI, Curug Gedé, Curug Ceheng, Curug Belot, Curug Cipendok, Masjid Saka Tunggal, Bumi Pakémahan Baturradén, Bumi Pakémahan Kendalisada, Talaga Sunyi, Cinyusu Air Panas Kalibacin, Bendung Gerak Serayu, Wahana Wisata Lembah Combong, Combong Valley Paint Ball and War Games, Serayu River Voyage, Baturraden Adventure Forest[5]
Atikan
éditPurwokerto kasohor minangka salah sahiji kota palajar di Pulo Jawa, sabab cukup loba jumlah sakola katut paguron luhur di ieu kota.
Sakola Dasar
éditSakola dasar nu aya di Purwokerto di antarana nyaéta:
- SD Santa Maria Purwokerto[6]
- SD Santo Yosep Purwokerto[7]
- Jeung lian-lianna
Sakola Menengah Pertama
édit- SMP Negeri 1 Purwokerto
- SMP Negeri 2 Purwokerto
- SMP Negeri 3 Purwokerto
- SMP Negeri 4 Purwokerto
- SMP Negeri 5 Purwokerto
- SMP Negeri 6 Purwokerto
- SMP Negeri 7 Purwokerto
- SMP Negeri 8 Purwokerto
- SMP Negeri 9 Purwokerto
- SMP Susteran Purwokerto[8]
- SMP Bruderan Purwokerto
- SMP Gunung Jati Purwokerto
Sakola Menengah Umum
éditSaola Menengah Umum nu aya di Purwokerto di antarana nyaéta:
Sakolah Menengah Umum Nagri
éditSakola-sakola tingkat luhur nu aya di kota Purwokerto di antarana nyaéta:
- SMA Negeri 1 Purwokerto
- SMA Negeri 2 Purwokerto
- SMA Negeri 3 Purwokerto
- SMA Negeri 4 Purwokerto
- SMA Negeri 5 Purwokerto
Sakola Menengah Umum Swasta
éditSakola Menengah Kejuruan
éditPaguron Luhur
éditPaguron luhur di Purwokerto boh nagri atawa swasta di antarana: Universitas Jénderal Soedirman, Universitas Muhammadiyah Purwokerto, Sekolah Tinggi Teknologi Telematika Telkom, Sekolah Tinggi Ilmu Agama Islam Negeri (STAIN), Sekolah Tinggi Teknik Wiworotomo Purwokerto, Sekolah Polisi Negara (SPN) Polda Jawa Tengah, Universitas Terbuka Tutorial Purwokerto (UTTP), Politeknik Ma'arif Purwokerto, Politeknik Kesehatan DEPKES Semarang - Kampus Purwokerto, Universitas Wijayakusuma (Unwiku), STIMIK AMIKOM Purwokerto, Sekolah Tinggi Ilu Kesehatan Bina Cipta Husada, Sekolah Tinggi Ilmu Kesehatan Harapan Bangsa, Sekolah Tinggi Ilmu Ekonomi Satria, Politeknik Pratama, Akademi Manajemen Rumah Sakit Kusuma Husada, Akademi Kebidanan YLPP Karang Klesem, Akademi Pariwisata Eka Sakti, Akademi Keperawatan Yakpermas, AMIK Bina Sarana Informatika Purwokerto, Akademi Farmasi Kusuma Husada, Politeknik Ma'arif NU Purwokerto Akademi Kebidanan Perwira Husada.
Olahraga
éditOlahraga nu loba ngahasilkeun atlet-atlet ti ieu kota nyaéta bulu tangkis, atlétik, katut ngojay. Aya 2 stadion gedé di kota Purwoketo nyaéta GOR Satria (milik Pamaréntah Kabupatén Banyumas) jeung GOR nu dipibanda ku UNSOED nyaéta GOR Soesilo Soedirman nu mindeng dijadikeun homebase Pelatnas Atletik ku sabab boga trék lumpat nu boga standar internasional. Purwokerto kungsi ngalahirkeun atlit lumpat nasional Poernomo nu jadi atlit lumpat jarak pondok Indonésia munggaran nu ngiluan Olimpiadeu. Atlit bulu tangkis Christian Hadinata katut Fung Permadi ogé urang Purwokertonu geus meunang rupa-rupa pangajén internasional, sedengkeun Meitri Widya Pangastika mangrupa atlit ngojay wanoja andelan nasional dina jamanna.
Kulinér
éditKadaharan has ti ieu kota nyaéta:
- Mendoan, dahareun tina témpé nu ipis/disiksik tuluy digoréng maké tipung nu dibungbuan tur digoréngna satengah mateng.
- Tahu brontak, dahareun tina tahu nu ditipungan, dibungbuan tuluy digoréng. ku sabab nalika digoréng, sayuran nu aya di jero tahuna kalaluar, nya antukna dingaranan tahu baruntak.
- Kiripik témpé, prosésna kawas mendoan tapi digoreng tepi ka garing. Kota kiripik mangrupa salah sahiji celukan atawa lalandihan keur kota Purwokerto.
- Sroto, wewengkon lian nyebutna soto.
- Getuk goréng, séntra panyieunananan nyaéta di kacamatan Sokaraja, hiji kota kacamatan di pasisian kota Purwokerto.
- Kéong Kuah Pedes, bahan utamana kéong sawah nu diasakan maké kuah kalayan bungbu kuat nu méré nuansa lada jeung seger tepi ka tikoro. Biasana disebut ogé "kraca".
- Dagé, dahareun siga kuéh nu bahan dasarna hampas kacang nu ngagibleg tur dijamurkeung. Biasa disuguhkeun mangrupa goréng tipung bungbuan tur didahar jeung céngék.
- Semayi, lauk tina hampas kalapa nu dibungbuan tur digarang dina luhureun seuneu leutik. Dahareun nu ngajadi simbol hirup malarat ieu kiwari geus kacida susahna dipanggihan.
- Tegéan, nyaéta sesebutan has Banyumas keur angeun hérang nu katempo basajan tapi matak seger. Sayuranana mangrupa bayem, kacambah kadelé hideung, daun katuk, jeung siki kadelé hideung nu ilahar jadi unsur utama dina ieu pasakan. Keur bungbuna, lian ti bahan-bahan nu ilahar saperti bawang beureum jeung bawang bodas, tegéan ogé boga ciri "pékprék" cikur nu kacida nyegerkeun.
- Empal baseuh, mangrupa dahareun nu bahan dasarna daging katut tétélan sapi nu diasakan maké kuah cipati kentel. Hasna empal baseuh Banyumasan mah nyaéta ku ayana sénsasi gateul jeung géték alatan campuran salundréng dina kuah kentel éta. Empal baseuh kacida cocog didahar jeung kupat kulit janur (ulah kupat kulit palastik).
- Themlek, dahareun hampang tina hampas tahu bungbuan nu digoréng maké adonan tipung. Dahareun nu ninggalkeun rasa seuseut dina tikoro ieu kiwari geus jarang kapanggih.
- Nopia.
- Sababaraha jinis dahareun tradisional nu kasohor nyaéta: ranjem, mi thayel, katimus, lanting, sempora (awug), utri, puli (ciwel), ongol-ongol, gebral, kluban, grontol, mireng, kamir, moho, golang-galing, lopis, ondol-ondol, widaran, angléng kalapa, angléng kacang, rujak atah, rujak asak, ranginang, ampyang, grebi, dampleng (siga comro). soto
Transportasi
éditKareta Api
éditKeur ngajugjug ka kota Purwokerto ti kota-kota di Pulo Jawa, sarana transportasi favorit kiwari nyaéta maké jalur kéreta api ti mimiti kelas ékonomi tepi ka éksekutif nu sakabéhananan mampir di stasion besar Purwokerto, tur Stasiun Purwokertona sorangan mangrupa stasion gedé nu mangrupa bagéan tina PT. KAI (Perséro) nyaéta Purwokerto kaasup Daérah Operasional (DAOP) V babarengan jeung Stasion Kroya, Stasion Cilacap, Stasion Kebumen, Stasion Karanganyar, Stasion Kutoarjo, jeung Stasion Slawi.
Beus Antar Kota
éditSarana transportasi beus ogé sadia ti jeung ka kota-kota gedé di Pulo Jawa jeung Sumatera, kalayan rupa-rupa kelas ti mimiti ékonomi, bisnis, éksekutif, tepi ka super éksekutif.
Angkutan Antar Jemput
éditLian ti karéta api katut beus, aya ogé layanan antar jemput atawa katelah travel. Aya puluhan pausahaan travel di Purwokerto nu sayaga nganteur ti sarta ngajugjug ka kota-kota gedé di Pulo Jawa jeung sabudeureunana. Malahan mah aya salah sahiji pausahaan travel nu keur mrosés pikeun ngalegaan trayékna tepi ka Sumatra jeung Bali.
Angkutan Jero Kota
éditKeur angkutan jero kota, aya sababaraha kelas taksi nu sadia 24 jam. Lian ti éta, aya angkutan kota (angkot) nu sadia ti isuk tepi ka soré. Aya ogé angkutan unik nyaéta taksi motor alias ojeg.
Béca
éditBéca gampang kapanggih di ampir sakabéh juru dayeuh Purwokerto. Ieu kandaraan masih jadi pilihan alternatif keur masarakat Purwokerto sabab hargana rélatif kahontal.
Délman
éditDélman nyaéta sarupaning kandaraan nu dijalankeun maké tanaga kuda. Kiwari ieu angkutan henteu dipaké minangka sarana angkutan utama. Délman leuwih mindeng dipaké keur kaperluan rékréasi. Gampang dipanggihan di sabudeureun kawasan GOR Satria, Taman Satria, jeung alun-alun kota dina poé-poé tinangtu saperti poé Minggu atawa dina kariaan tinangtu.
Taksi
éditDi Purwokerto aya angkutan taksi nu operasi 24 jam, saperti Kobata Taxi katut Satria Taxi.
Puseur Pangbalanjaan
éditPurwokerto boga sababaraha puseur pangbalanjaan, ti mimiti pasar tradisional tepi ka mal-mal katut plaza.
- Rita Supermall, Hotel, and Cineplex; keur diwangun, ditargétkeun bakal jadi mall panggedéna di kota Purwokerto.
- Shinta Fashion Mart
- Moro Mall; keur diwangun jeung diropéa.
- Tamara Plaza
- Kebondalem Plaza (Matahari Department Store)
- Rita Pasaraya Kebon Dalem
- Rita Pasaraya Store Isola
- Rita Pasaraya Alun-Alun
- P&D Aroma
- Cherry Fresh Fruit Market
- Purwokerto City Walk
- sababaraha pasar tradisional saperti Pasar Wagé, Pasar Manis, Pasar Kliwon, Pasar Pon, jeung lian-liana.
Akomodasi
éditPurwokerto nu katelah kota transit nyadiakeun loba pilihan tempat mondok ti mimiti losmén, hotél kelas malati tepi ka hotél béntangan.[9] [10]
- Aston Imperium Hotel Purwokerto ****
- Horison Hotel Purwokerto ****
- Santika Hotel Purwokerto ***
- Green Valley Resort Baturaden ***
- Queen Garden Hotel Baturaden ***
- Rosenda Cottages Baturaden ***
- The Atrium Resort ***
- Astro Hotel ***
- Wisata Niaga Hotel **
- Puri Wisata Hotel Baturaden **
- Borobudur Hotel and Restaurant **
- Tiara Hotel and Cottage **
- Prima Resort Baturaden **
- Hotel Darajati **
- Villa Sylva *
- Hotel Moro Seneng *
- Hotel Anggrek *
Média Lokal
éditTelevisi
éditPurwokerto boga stasion televisi lokal Banyumas Televisi, nu wanci on air-na antara jam 12.00 tepi ka 23.00. Acarana leuwih loba hasil produksi sorangan katut hasil produksi imah produksi lokal kalayan muatan gaya banyumasan nu kentel. Dina jam-jam tinangtu ogé ngariléy stasion televisi Global TV atawa MétroTV.
Koran
éditKoran nu aya di Purwokerto di antarana :
- Harian Banyumas nyaéta koran nu terbit di Banyumas, sagrup jeung Suara Merdéka Semarang.
- Radar Banyumas nyaéta koran nu terbit di Banyumas, sagrup jeung Jawa Pos Surabaya.
- Satelit Post
- mBanyumasi nyaéta koran rahayat nu dikokolakeun ku pangusaha lokal ti saprak Mei 2006 di Purwokerto.
- Ancas, majalah warta kasohor basa Jawa lentong Banyumasan nu diadegkeun ku Ahmad Tohari dina 6 April 2010.[11]
Radio
éditStasion radio nu aya di Purwokerto di antarana nyaéta RRI, Mitra FM, Métro FM, Paduka FM, Dian Swara FM, Yasika FM, POP FM, Sonora Purwokerto FM, Suara Purwokerto FM, Radén Mas FM, Gradiosta FM, katut SBC Sokaraja.
Musik
éditDina widang musik, Purwokerto geus nyumbang sababaraha wargana dina pentas nasional, di antarana Titik Sandora nu kasohor taun 1970-an. Aya ogé Mayang Sari nu kasohor kontrovérsial. Tuluy mucunghul Eric nu nyanyi jeung Mélly Goeslaw keur pilem AADC. Lian ti musik pop, dina musik indepénden (Indie), Purwokerto ogé kawilang cukup mekar, Tunas Bangsa Simphony salah sahiji band indepénden nu ngarambah ka nasional. Lian ti éta, aya Supernova, Hyndia band jeung Ilona band
Inohong kasohor nu patula-patali jeung Purwokerto
édit- Jenderal Gatot Subroto, wakil kepala staf Angkatan Darat tur penggagas AKABRI (Akademi Angkatan Bersenjata Républik Indonésia)
- Ahmad Tohari, sastrawan nu kasohor ku trilogi Ronggeng Dukuh Paruk tur meunang pangajén ti jero jeung luar nagri.
- S. Bagio, bodor nu kasohor taun 1980-an, ngabéntangan sababaraha judul pilem tur mindeng mucunghul dina acara bobodoran di TVRI.
- Sugino Siswocarito, dalang Banyumasan.
- Sugito Purbocarito, dalang Banyumasan.
- Surya Esa,Teatrawan.
- Pangky Suwito, artis film.
- Bambang Set, sastrawan.
- Dharmadi, sastrawan.
- Darto Helm, bodor nu kasohor dina mangsa '80an babarengan jeung S. Bagyo
- Soesilo Sudarman, mantan menteri dina éra Orde Baru.
- Achmad Mubarok MA, Dr.H., Politikus partéy Demokrat .
- Soeparjo Roestam, mantan menteri dina éra Orde Baru
- Purnomo, pelari panggancangna di Asia taun 80-an
- M. Koderi, budayawan panulis buku-buku Banyumasan
- Jend. Surono Reksodimedjo, mantan Menko Polkam
- Slamet Effendi Yusuf, Politikus Partai Golkar
- Sutedja, komponis, seniman
- Margono Sukarjo, Prof. Ahli Bedah Pertama Indonésia
- Raden Mas Margono Djojohadikusumo, Pendiri BNI 1946
- Christian Hadinata, pamaen bulu tangkis
- Henri Adolphe van de Velde, politikus Belanda
- Dolf Nijhoff, pajoang Belanda dina mangsa PD II
- Sri Anggono Widagdo, Mahasiswa Pelestari Aksara Jawa.
- Imam B. Prasodjo, sosiolog.
- Ahmad Tontowi, pamaen bulu tangkis.
- Kuntoro Mangkusobroto, Kepala UKP4 Kabinet Indonésia Bersatu Jilid II
Referensi
édit- ↑ "2005 population estimates for cities in Indonesia". mongabay.com. Diakses tanggal 2007-12-19.
- ↑ http://info-purwokerto-jateng.blogspot.com/2010/07/pemekaran-banyumas-menguat.html
- ↑ http://www.banyumaskab.go.id/files/data%20umum/bank%20data/BMSDA_2011.pdf[tumbu nonaktif]
- ↑ www.unsoed.ac.id/cmsunsoed/detail/cat/sttcid/id1s/17/id2s/68/purwokerto Archived 2010-12-30 di Wayback Machine
- ↑ Baturraden Adventure Forest Website Baturraden Adventure Forest
- ↑ Yayasan Santo Dominikus - SD Santa Maria Purwokerto Archived 2011-02-03 di Wayback Machine
- ↑ Yayasan Santo Dominikus - SD Santo Yosep Purwokerto Archived 2011-02-03 di Wayback Machine
- ↑ Yayasan Santo Dominikus - SMP Susteran Purwokerto Archived 2011-02-03 di Wayback Machine
- ↑ Hotel di purwokerto
- ↑ [1]
- ↑ Suara merdeka Archived 2012-01-27 di Wayback Machine
Tempo ogé
éditTumbu kaluar
éditTempo ogé Purwokerto di Wikivoyage
- GreatestCities.Com Purwokerto di greatestcities.com
- IndonesiaLogue Travel Guide
- Pemerintah Kabupaten Banyumas Archived 2020-06-24 di Wayback Machine
- Universitas Jenderal Soedirman Archived 2011-03-26 di Wayback Machine
- Sekolah Tinggi Agama Islam Negeri Archived 2009-12-05 di Wayback Machine
- Universitas Muhammadiyah Purwokerto
- Universitas Wijayakusumah Purwokerto
- Wisata Melayu|Kabupaten Banyumas Archived 2011-03-03 di Wayback Machine
- Direktori Alamat Purwokerto
Artikel ngeunaan géografi Indonésia ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |