Rahmah Él Yunusiyah
Rahmah Él Yunusiyah atawa Syekhah Hajjah Rangkayo Rahmah Él Yunusiyah nyaéta hiji tokoh penting dina réformasi pangatikan Islam jeung pejuang kamerdikaan Indonésia. Manéhna ngadegkeun Diniyah Putri, hiji lembaga pangatikan anu ayeuna ngawengku ti taman kanak-kanak nepi ka paguron luhur. Waktu Révolusi Nasional Indonésia, Rahmah ngagagas pembentukan unit perbekalan Tentara Keamanan Rakyat (TKR) di Padang Panjang jeung mantuan nyayagikeun logistik sarta pakarang pikeun maranéhna anu ngilu berjuang keur kamerdikaan.
Rahmah mimitina diajar di Diniyah School anu dipingpin ku lanceukna, Zainuddin Labay Él Yunusy. Tapi, manéhna ngarasa kurang puas ku sistem pangatikan anu ngahijikeun siswa lalaki jeung awéwé. Pikeun ngedalkeun élmu agama, manéhna sacara inisiatif diajar ka sababaraha ulama Minangkabau, hal anu langka pikeun awéwé dina awal abad ka-20. Salian ti éta, Rahmah ogé diajar rupa-rupa katerampilan praktis anu antukna diajarkeun ka murid-muridna. Kalayan rojongan ti lanceukna, manéhna ngadegkeun Diniyah Putri dina 1 Nopémber 1923, anu jadi sakola agama Islam khusus awéwé anu munggaran di Indonésia.
Dina mangsa pendudukan Jepang di Sumatera Kulon, Rahmah mingpin Haha No Kai di Padang Panjang pikeun mantuan perwira Giyugun. Dina mangsa perang kamerdikaan, manéhna ngagagas ngadegna TKR di Padang Panjang jeung ngalibetkeun murid-muridna dina perjuangan, sanajan ngan saukur nyadiakeun kadaharan jeung ubar-ubaran. Dina 7 Januari 1949, Rahmah ditangkep ku Walanda tur dipenjara di Padang Panjang, tuluy dipindahkeun ka Padang. Dina Pemilu 1955, manéhna kapilih jadi anggota DPR ngawakilan Masyumi, tapi tuluy teu kungsi deui ngahadiran sidang lantaran ngarojong Pamaréntahan Révolusionér Républik Indonésia (PRRI).[1]
Diniyah Putri anu diadegkeunana ogé jadi inspirasi pikeun Universitas Al-Azhar di Mesir pikeun muka Kulliyatul Banat, hiji fakultas khusus awéwé. Waktu nganjang ka Mesir dina taun 1957, Rahmah diajén gelar "Syekhah" ti Universitas Al-Azhar, hiji gelar anu can kungsi dibikeun ka awéwé saméméhna. Di Indonésia, Rahmah ogé diajén ku pamaréntah anumerta Bintang Mahaputra Adipradana dina 13 Agustus 2013.
Kahirupan awal jeung kulawarga
éditRahmah Él Yunusiyah medal dina 26 Oktober 1900 (1 Rajab 1318 dina kalénder Hijriyah) di Nagari Bukit Surungan, Padang Panjang. Manéhna téh anak bungsu ti Muhammad Yunus al-Khalidiyah bin Imanuddin jeung Rafia, sarta miboga dua lanceuk awéwé jeung dua lanceuk lalaki. Kulawargana dipikawanoh minangka kulawarga anu taat kana agama, dimana bapana, Yunus, nyaéta saurang ulama anu pernah diajar di Mekah salila opat taun jeung digawé jadi qadi di Pandai Sikek, lima kilométer ti Padang Panjang. Indungna, Rafia, miboga tali kukulawargaan jeung Haji Miskin, saurang ulama pamingpin Perang Padri dina awal abad ka-19. Rahmah medal dibantuan ku bibina, Kudi Urai, anu gawé minangka jadi paraji.
Nalika Yunus maot dina umur 60 taun, Rahmah kakara miang umur 6 taun. Kulawargana saterusna milih salah sahiji murid Yunus pikeun ngajarkeun ngaji ka Rahmah. Dua lanceuk lalaki na anu kungsi diajar di Sakola Désa ngajarkeun Rahmah maca nulis dina basa Arab jeung Latén. Dina asuhan indung jeung lanceuk-lanceukna, Rahmah tumuwuh jadi budak anu getol jeung miboga kahayang anu kuat. Manéhna ngamangpaatkeun kamampuh maca na pikeun diajar buku-buku milik lanceukna, Zainuddin Labay Él Yunusy. Dina umur 10 taun, Rahmah geus resep ngadéngé kajian di sababaraha masigit di Padang Panjang, pindah-pindah ti hiji masigit ka masigit séjén pikeun ngabandingkeun kajian-kajian éta.
Lantaran jarang babaur jeung babaturanana, Rahmah tumuwuh jadi nonoman awéwé anu cicing jeung éraan. Taya bapa ngajadikeun Rahmah leuwih mandiri dina ngurus sagala rupa urusan. Manéhna diajar neundeun baju sorangan sarta resep kana rupa-rupa karajinan leungeun. Nurutkeun adat istiadat, dina umur 16 taun, Rahmah dikawinkeun ku kulawargana jeung Bahauddin Lathif, saurang ulama ti Sumpur, dina 15 Méi 1916. Tapi, pertikahan éta mungkas dina 22 Juni 1922 teu miboga anak. Sanajan kitu, dulur Rahmah ti pihak indung, Isnaniah Saléh, engkéna jadi nu nuluykeun kapamimpinanana di Diniyah Putri.
Pangatikan
éditSamentara arus pembaruan Islam anu dibawa ku para ulama Minangkabau sanggeus nyekel élmu di Wétan Tengah dina awal abad ka-20, sababaraha sakola agama mimiti didirikeun di rupa-rupa wewengkon Minangkabau, ngagantikeun sistem pangatikan tradisional anu dumasar kana masigit. Dina 10 Oktober 1915, Zainuddin Labay Él Yunusy ngadegna sakola agama Islam, Diniyah School, anu nyelapkeun palajaran umum dina kurikulumna jeung ngagunakeun metode pangatikan modéren, ngagunakeun alat bantu pembelajaran sarta bmioga perpustakaan. Sakola ieu ogé muka kelas pikeun murid awéwé jeung lalaki, hal anu teu ilahar di sakola agama waktu éta. Rahmah ogé ngadaptar sarta ditarima di kelas tilu, anu sarua jeung tingkat tsanawiyah, nurutkeun kamampuhanana.
Salian ti ngiluan kelas isuk di Diniyah School, Rahmah ogé mingpin kelompok diajar di luar kelas dina soré. Manéhna nyadar yén campur baurna murid lalaki jeung awéwé di kelas nyieun murid awéwé teu laluasa pikeun nyampeurkeun pendapat jeung ngamangpaatkeun hakna dina diajar. Manéhnana ogé niténan yén loba masalah awéwé, hususna dina kajian fikih, teu diterangkeun sacara rinci ku guru-guru anu biasana lalaki, sedengkeun murid awéwé mangmang pikeun nanya. Babaturanana, Sitti Nansiah jeung Djawana Basyir, Rahmah nyieun inisiatif pikeun diajar fikih leuwih jero ka Abdul Karim Amrullah di Masigit Jembatan Besi. Maranéhna kacatet minangka murid awéwé anu kahiji anu diajar di masigit éta, sakumaha kacatet ku Hamka.
Waktu sakola di Diniyah School, Rahmah aktip di Persatuan Murid-Murid Diniyah School (PMDS). Nalika di kelas VI, manéhna diskusi jeung babaturan awéwéna di PMDS ngeunaan gagasanana pikeun ngadegkeun sakola khusus awéwé. Manéhna miharep awéwé bisa meunang pangatikan anu luyu jeung kodratna jeung bisa diterapkeun dina kahirupan sapopoé. Ka lanceukna, manéhna nyampeurkeun tékadna, "Lamun kuring henteu ngamimitian ayeuna, kaum kuring bakal tetep katinggaleun. Kuring kudu ngamimitian, jeung kuring yakin bakal aya loba pengorbanan anu kudu kuring lakukeun. Lamun Aa bisa, naha kuring salaku adina henteu bisa? Lamun lalaki bisa, naha awéwé teu bisa?"
Rahmah saterusna ngalegaan kaahlianana dina rupa-rupa élmu terapan supaya bisa diajarkeun ka murid-muridna. Kalayan bantuan bibina, Rahmah diajar élmu kabidanan jeung kungsi ngiluan kursus di sababaraha rumah sakit jeung sababaraha doktor, kaasup dr. Sofjan Rassad di RS Kayutanam. Salian ti éta, sacara pribadi, manéhna diajar olahraga jeung senam ti guru asal Walanda di Guguk Malintang. Hubunganana salaku pamimpin sakola ogé nyambungkeunana jeung sababaraha guru anu ngajar di Padang Panjang, kawas Djusair, Rosminanturi Gaban, jeung Sitti Akmar, anu ngabantuan manéhna ngembangkeun rupa-rupa kaahlian. Manéhna ogé diajar nenun tradisional di daérah Pandai Sikék jeung Silungkang. Salian ti éta, Rahmah diajar élmu hayat jeung élmu alam sacara otodidak tina buku-buku. Sakabéh kaahlian jeung élmu ieu engké bakal jadi bagian tina kurikulum di Diniyah Putri.
Ngadegkeun Diniyah Putri
éditNopémber 1923, Rahmah ngadegkeun Madrasah Diniyah Li al-Banat minangka bagian ti Diniyah School, anu khusus keur murid awéwé. Kegiatan diajar-mangajar lumangsung di masjid anu aya di sabrang imahna di Jalan Lubuk Mata Kucing (ayeuna Jalan Abdul Hamid Hakim), Pasar Usang, Padang Panjang. Rahmah ngatur proses diajar-mangajar, dibantu ku dua baladna, Sitti Nansiah jeung Djawana Basyir, anu jadi guru-guru awal, sedengkeun Rahmah ogé jadi guru jeung pamimpin. Dina awalna, sakola ieu miboga 71 murid, utamina ibu-ibu anu masih ngora. Palajaran anu diajarkeun salila 2,5 jam ngawengku pangaweruh agama dasar, tata basa Arab, jeung élmu alat. Murid-murid diuk ngampar dina kelompok di sabudeureun guru. Buku-buku anu digunakeun maké basa Arab, tapi penjelasan dilakukeun dina basa Indonésia. Dina taun kahiji, élmu pangaweruh umum acan diajarkeun, jadi Rahmah ngadorong murid-muridna pikeun gabung jeung Persatuan Murid-Murid Diniyah School (PMDS) pikeun meunangkeun pangaweruh umum jeung ngiluan kagiatan kawas kepanduan, organisasi, jeung koperasi. Ku ayana madrasah pikeun awéwé, Diniyah School anu didirikeun ku Zainuddin laun-laun ngan dihadiran ku murid lalaki, jeung Madrasah Diniyah Li al-Banat anu didirikeun Rahmah jadi dipikawanoh salaku Diniyah Putri.
Sanggeus Zainuddin maot sacara mendadak dina 10 Juli 1924, loba anu ngaragukeun katerusan usaha Rahmah, sakumaha anu dicatet ku Isnaniah Saleh. Tapi, dina rapat pengurus Diniyah Putri sababaraha poé sanggeus Zainuddin maot, majelis guru sapakat pikeun ningkatkeun sistem pangajaran jeung fasilitas di Diniyah Putri. Dina 1925, Rahmah nyéwa imah bertingkat dua di Pasar Usang pikeun dijadikeun ruang kelas jeung asrama. Manéhna ngurus sorangan perlengkapan kawas bangku, méja, jeung bor. Sakitar 60 murid cicing di asrama dina taun pertama. Salian ti éta, dina 1926, Rahmah ngamimitian program ngaleungitkeun buta huruf pikeun ibu-ibu anu leuwih kolot. Tapi, program ieu kudi dieureunkeun saenggeus gempa bumi ngancurkeun Diniyah Putri, maksa Rahmah pikeun difokuskeun kana rekonstruksi sakola heula.
Tanggal 28 Juni 1926, gempa bumi kalayan kakuatan 7,6 SR ngaguncang Padang Panjang, nyababkeun karuksakan gedé. Rahmah jeung murid-murid, bareng saparona penduduk kota, ngungsi. 40 poé saeunggeus musibah, Rahmah jeung para guru ngadegkeun kelas darurat di luhur tanah wakaf ti indungna, maké bahan awi jeung daun rumbia. Samentara neruskeun diajar-mangajar di kelas darurat, maranéhna ogé nyieun komite pikeun ngumpulkeun dana pikeun ngawangun deui gedong sakola. Rahmah ngajual perhiasanna jeung ngalakukeun penggalangan dana di sababaraha daérah. Numutkeun catetan Sinar Sumatra, Rahmah hasil ngumpulkeun 1.500 gulden salila tilu bulan. Pangwangunan gedong permanén dimimitian dina Désémber 1927 jeung anggeus dina Oktober 1928. Gedong anyar ieu, anu masih aya nepi ka ayeuna, biaya totalna 7.000 gulden.
Dina 1928, Diniyah Putri mibogaan kira-kira 200 murid. Jumlah ieu naék jadi 350 dina 1930 jeung 400 dina 1935. Murid-murid asalna ti sababaraha daérah kawas Minangkabau, Bengkulu, Tapanuli, Déli, Acéh, jeung Selangor. Numutkeun Aishah Ghani, lulusan Diniyah Putri, kahirupan di sakola éta pisan terstruktur, kalayan fokus kana pelajaran nénun, kaahlian rumah tangga, jeung tanggung jawab. Pikeun nyumponan kabutuhan guru, Rahmah ngadegkeun Kulliyyatul Mualimat el Islamiyyah (KMI) dina 1 Pébruari 1937 minangka sakola guru awéwé kalayan masa pangatikan tilu taun. Saméméh pendudukan Jepang, Diniyah Putri geus mibogaan 500 murid dina 1941. Salila pendudukan Jepang, Diniyah Putri di Padang Panjang jadi tempat perawatan korban kacilakaan, sedengkeun cabang Diniyah Putri di Jakarta ditutup.
Dina 1947, pikeun nyaluyukeun jeung sistem pangatikan di Indonésia, Diniyah Putri dibagi jadi Diniyah Rendah jeung Diniyah Menengah Pertama. Diniyah Rendah setara SD kalayan masa pangatikan tujuh taun, sedengkeun Diniyah Menengah Pertama setara SLTP kalayan masa pendidikan anu béda-béda. DMP-B kalayan pangatikan salila opat taun pikeun lulusan SD jeung dipersiapkeun pikeun neruskeun ka KMI atawa pangatikan lanjutan anu lain. DMP-C kalayan masa pangatikan dua taun pikeun tamatan SLTP anu acan ngalakukeun pangajaran agama jeung basa Arab dina jenjang pangatikan saméméhna, jeung lulusan DMP-C tiasa neruskeun pangatikan ka KMI kawas DMP-B.
Kapamimpinan
éditMajalah Aboean Goeroe-Goeroe, nu diterbitkeun ku kumpulan guru-guru di Sumatera Kulon dina Méi 1930, nyebut Rahmah salaku palopor dina perjuangan "kamajuan barudak awéwé di Minangkabau". Manéhna dipuji minangka jalma anu "saeutik ngobrol jeung seuri, tapi loba gawé". Ngaliwatan ngadegkeun Diniyah Putri kalayan sakabéh guru-guruna ti kalangan awéwé, Rahmah hayang ngabuktikeun yén awéwé, anu sering dianggap lemah jeung hina, bisa ngabuktikeun diri sanggup ngalakukeun hal-hal nu sarua jeung lalaki. Manéhna usaha ngabiayaan Diniyah Putri ku cara mandiri, kaasup ngajual perhiasanana, sarta ngumpulkeun dana tanpa ngandelkeun bantuan lalaki. Rahmah kungsi ngomong yén kaum awéwé bakal nyobaan "ngalayarkeun parahu sorangan" nepi ka teu sanggup deui. Dina taun 1928, wawakil Muhammadiyah di Padang Panjang nyarankeun sangkan Diniyah Putri diserahkeun ka Muhammadiyah, tapi Rahmah nampik usul éta, ku kapercayaan yén manéhna mampuh ngatur sakola éta sorangan kalayan kakuatan anu dipasihkeun ku Allah SWT.
Salaku pamingpin Diniyah Putri, Rahmah sering ngalakukeun perjalanan ka luar daérah, kaasup ngumpulkeun dana ka sababaraha wilayah di jero jeung luar Minangkabau dina akhir taun 1927. Dina unggal tempat anu didatanganana, manéhna masrahkeun pidato pikeun ngagerakkeun umat Islam nyumbang pikeun pangwangunan Islam, utamina dina pangatikan pikeun barudak awéwé Muslim. Kagiatan ieu ngalatih anjeunna jadi orator anu kawéntar sarta ngalegaan kasohoran Diniyah Putri di Sumatra. Dina taun 1931, Rahmah ngalakukeun studi banding ka sakola-sakola agama di Sumatra jeung Jawa pikeun ngembangkeun kurikulum, sarta ogé ngirim lulusan Diniyah Putri pikeun ngajar di sagala rupa wewengkon nepi ka Semenanjung Malaya. Salila kunjunganana ka Semenanjung Malaya dina taun 1933 jeung 1935, anjeunna nganjang ka sababaraha kota sareng karajaan di Malaysia ogé Kasultanan Siak di Sumatra, pikeun ngenalkeun Diniyah Putri sarta ngumpulkeun dana pikeun ngalangsungkeun sakola éta.
Dina jaman kolonial Walanda, Rahmah ngahindarkeun pikeun milu dina aktivitas pulitik demi ngajaga sakolana. Nalika pamaréntah kolonial ngaliwatan Van Straten nawarkeun subsidi lamun Diniyah Putri didaptarkeun salaku lembaga resmi, Rahmah nampik kalawan alesan yén Diniyah Putri mangrupa sakola umat anu teu peryogi campur tangan pamaréntah, ngan ukur perlindungan ti Allah. Salian éta, lulusan Diniyah Putri, Rasuna Said, anu jadi guru di almamaterna, ngamimitian ngenalkeun pamadegan pulitik ka murid-muridna. Tapi, Rahmah nampik usulan éta, ku nyebut yén pangajaran agama anu diajarkeun geus cukup jadi dasar pikeun kagiatan pulitik engkéna. Rasuna Said tetep dina pamadeganana jeung tungtungna manéhna ninggalkeun Diniyah Putri. Dina taun 1931, Rahmah ogé nampik ajakan ti Muchtar Lutfhi jeung Mahmud Yunus pikeun ngabuskeun Diniyah Putri dina nauangan Partai Persatuan Muslim Indonésia (Permi), leuwih milih ngajaga kasadiaan sakolana sacara mandiri. Manéhna saterusna ngadegkeun Perserikatan Guru-Guru Agama Putri Islam (PGAPI) dina taun 1933 salaku wadah pikeun para guru Diniyah Putri.
Dina taun 1933, Rahmah ogé milu dina nolak Ordonansi Sakola Liar, anu ngakibatkeun penggeledahan sakolana ku pamaréntah Walanda jeung denda 100 gulden. Manéhna ogé ngahadiran Kongrés Perempuan Indonesia di Batavia dina taun 1935, di mana manéhna merjuangkeun pentingna pangatikan agama pikeun awéwé sarta ngenalkeun budaya Islam dina kahirupan sapopoé. Dina sagala kasempetan, Rahmah terus ngalegaan pangaruh Diniyah Putri ka sababaraha wilayah, kaasup muka cabang di Jakarta dina taun 1936, sarta ngahadiran rapat-rapat penting ngeunaan kawijakan pangatikan jeung hukum Islam nepi ka taun 1940.
Nalika Jepang datang ka Indonésia
éditKadatangan tentara Jepang di Minangkabau dina Maret 1942 mawa rupa-rupa parobahan dina pamaréntahan jeung ngurangan kualitas hirup masarakat non-Jepang. Dina mangsa pendudukan Jepang, Rahmah aktip milu kagiatan Anggota Daerah Ibu (ADI) anu gerak di widang sosial. Dina kaayaan perang, Rahmah bareng jeung anggota ADI ngumpulkeun bantuan pangan jeung pakéan pikeun warga anu keur kakurangan. Manéhna ngadorong warga anu masih kénéh bisa tuang pikeun nyisikeun sabubuy seupil béas unggal masak sangkan dibikeun ka nu kakurangan dahareun. Ka murid-muridna, manéhna maréntahkeun sangkan kabéh taplak meja jeung lawon panto anu aya di Diniyah Putri dijieun pakéan pikeun warga. Salian ti éta, Rahmah bareng jeung anggota ADI nuntut pamaréntah Jepang sangkan nutup rumah bordil sarta nolak pangrékrutan awéwé Indonésia jadi jugun ianfu atawa awéwé panghibur. Ieu paménta ditampi ku pamaréntah Jepang sarta tempat prostitusi di kota-kota Sumatera Kulon hasil ditutup.
Dina dunya pulitik, Rahmah milu kana Majelis Islam Tinggi Minangkabau anu aya di Bukittinggi. Manéhna jadi Ketua Haha No Kai di Padang Panjang pikeun mantuan perjuangan para perwira anu gumabung dina Giyugun. Nalika kaayaan di Padang Panjang beuki tegang, Rahmah mawa kira-kira 100 urang muridna pikeun ngungsi jeung nyalametkeun maranéhna tina serangan tentara Jepang. Dina mangsa ngungsi, manéhna nanggung sagala kabutuhan murid-muridna. Waktu kajadian kacilakaan kareta api dina 25 Désémber 1944 jeung 23 Maret 1945 di Padang Panjang, Rahmah ngagunakeun gedong sakola Diniyah Putri minangka tempat perawatan korban kacilakaan. Ku sabab kitu, Diniyah Putri meunang panghargaan ti pamaréntah Jepang. Dina mangsa-mangsa ahir pendudukan, Jepang ngabentuk Cuo Sangi In anu dipingpin ku Muhammad Sjafei, sarta Rahmah diangkat jadi salah sahiji anggota panitén Cuo Sangi In.
Révolusi Nasional Indonésia
éditIndonesia ngumumkeun kamerdékaanna dina 17 Agustus 1945. Saenggeus ngadéngé béja ngeunaan proklamasi kamerdékaan langsung ti Ketua Cuo Sangi In Muhammad Sjafei, Rahmah langsung ngibarkeun bandéra beureum bodas di buruan paguron Diniyah Putri. Manéhna kacatet salaku salah sahiji jalma anu munggaran ngibarkeun bandéra beureum bodas di Sumatera Kulon. Béja yén bandéra Merah Putih dikibarkeun di Diniyah Putri sumebar ka sakuliah kota sareng wilayah Batipuh.
Dina 22 Agustus 1945, nalika Komite Nasional Indonesia (KNI) diadegkeun salaku hasil sidang Panitia Persiapan Kamerdékaan Indonesia (PPKI), Soekarno nunjuk Rahmah salaku salah sahiji anggotana kusabab peranna anu aktif. Tapi, Rahmah teu tiasa hadir dina sidang KNI di Malang lantaran teu tiasa ninggalkeun indungna anu keur gering di Padang Panjang.
Dina 5 Oktober 1945, Soekarno ngaluarkeun dekrit ngeunaan ngadegna Tentara Kaamanan Rakyat (TKR). Tujuh poé saenggeusna, Rahmah mingpin ngadegkeun unit perbekalan TKR pikeun wewengkon Padang Panjang jeung sabudeureunana. Manéhna nyayagikeun logistik jeung meuli sababaraha kabutuhan pakarang tina harta pribadina. Bareng jeung urut anggota Haha No Kai, Rahmah ngatur dapur umum di paguron Diniyah Putri pikeun nyukupan kabutuhan TKR, anu engkéna jadi bagian tina Batalyon Merapi di handapeun pamingpin Anas Karim.
Waktu Agrési Militer Walanda kadua lumangsung, Walanda nyekel sababaraha pamingpin di Padang Panjang, kaabus Rahmah, anu kapaksa ngalungsi ka lamping Gunung Singgalang. Tapi, dina 7 Januari 1949, Rahmah katangkep tur dipanjara di tahanan awéwé di Padang Panjang. Saatos tujuh poé, manéhna dipindahkeun ka Padang tur ditahan di hiji rohangan urut SPG Negeri Putri Padang. Rahmah ngalaksanakeun tilu bulan dina tahanan imah, tuluy diperingan jadi tahanan kota salila lima bulan.
Saenggeus révolusi
éditDina bulan Oktober 1949, Rahmah ninggalkeun Kota Padang pikeun ngahadiran undangan Kongrés Pendidikan II Indonesia di Yogyakarta. Dina kota nu sarua, anjeunna ogé ngahadiran Kongrés Muslimin Indonésia nu dilaksanakeun dina 20–25 Désémber 1949. Sanggeus Walanda ngaku kamerdikaan Indonesia ngaliwatan Konférénsi Méja Bundar di Dén Haag, Rahmah balik deui ka Padang Panjang dina bulan Januari 1950 pikeun mingpin Diniyah Putri nu tos anjeunna tinggalkeun salami tilu belas bulan.
Dina taun 1951, Rahmah ngagabung dina panitia pembentukan perpustakaan Balai Perguruan Tinggi Hukum Pancasila (nu engké janten cikal bakal Universitas Andalas), babarengan jeung sababaraha tokoh séjén sapertos Diyar Karim, Rasyid Manggis, Abdul Hamid, jeung Sadudin Djambek.
Dina widang pulitik, Rahmah ngagabung jeung partéy Islam Masyumi. Dina taun 1952–1954, anjeunna janten anggota Dewan Partéy Masyumi di Jakarta, teras janten penaséhat Masyumi Muslimat di Sumatra Tengah dugi ka taun 1955. Dina Muktamar VII Masyumi di Surabaya dina 27 Désémber 1954, Rahmah ogé hadir salaku anggota Masyumi Muslimat. Anjeunna dicalonkeun dina Pamilu 1955 sareng kapilih jadi anggota DPR anu ngawakilan Sumatra Tengah. Ngaliwatan DPR, Rahmah nyuarakeun aspirasina ngeunaan pendidikan sareng pangajaran Islam.
Dina 15 Agustus 1955, Imam Besar Al-Azhar, Abdurrahman Taj, ngadatangan Indonesia sareng babarengan jeung Muhammad Natsir, anjeunna nganjang ka sababaraha tempat pikeun ningali kamekaran pendidikan Islam, kalebet Diniyah Putri. Abdurrahman Taj ngedalkeun rasa kagumna ka Diniyah Putri, sedengkeun Al-Azhar sorangan dina waktos éta can ngabogaan bagian khusus keur awéwé.
Dina bulan Juni 1957, Rahmah angkat ka Timur Tengah. Sanggeus ngalaksanakeun ibadah haji, anjeunna ngadatangan Mesir pikeun nyumponan undangan ti Imam Besar Al-Azhar. Dina hiji Sidang Sénat Luar Biasa, Rahmah dipasihan gelar kahormatan "Syekhah" ti Universitas Al-Azhar, janten awéwé anu pangheulana narima gelar éta. Hamka nyatet yén Diniyah Putri mangaruhan Al-Azhar pikeun muka Kulliyatul Banat, bagian khusus pikeun awéwé di Universitas Al-Azhar dina taun 1962. Sateuacan balik ka Indonesia, Rahmah ogé nganjang ka Suriah, Libanon, Yordania, sareng Irak.
Sateuacan balik ti kunjungan ka nagara-nagara Timur Tengah, Rahmah ngarasa yén Soekarno tos kagoda ku arus kuat PKI. Teu betah berjuang di Jakarta, anjeunna milih balik deui ka Padang Panjang sareng mutuskeun pikeun langkung méré perhatian kana mingpin sakolana, anu anjeunna rasa bakal langkung mangpaat tibatan linggih di parlemen "nu geus dikawasa komunis". Nalika Pemerintah Revolusioner Republik Indonesia (PRRI) di Sumatra Tengah dideklarasikeun dina ahir taun 1958, Rahmah dilaporkeun ngagabung sareng Dewan Banteng. Salila masa perang, anjeunna gerilya di leuweung babarengan jeung tokoh-tokoh PRRI sareng rahayat anu ngarojongna. Anjeunna ngalakukeun lalampahan ti hiji désa ka désa séjén dugi ka ka leuweung-leuweung anu jauh ti padumukan. Dina bulan Agustus 1961, sakelompok kulawarga sareng nonoman ngiring jemput Rahmah ti tempat pangungsianana anu terakhir, ngalangkungan jalan darat anu rusak sareng nyebrang sababaraha walungan.
Ninggalkeun alam dunya
éditTaun 1961, Rahmah balik deui mingpin sakolana sanggeus tilu taun teu ngurus kusabab gejolak PRRI. Dina taun 1964, manéhna ngalakukeun operasi tumor payudara di RS Pirngadi, Médan. Bulan Désémber 1967, Rahmah ngalakukeun kunjungan anu pamungkas ka Jakarta pikeun ilu biung rarancang ngawangun Déwan Kurator Perguruan Tinggi Diniyah Putri. Dina bulan Juli 1968, sanajan kondisi fisikna nambah lemah, manéhna indit ka Kelantan jeung kamenakanna, Isnaniah Saléh. Maranéhna ngadatangan alumni Diniyah Putri di sababaraha wewengkon Malaysia, didampingi ku Datin Sakinah, saurang alumni asal Pérak, sarta salakina, Datok Mohammad Asri, anu jabat jadi Menteri Besar Kelantan. Maranéhna ngadatangan Pénang, Pérak, Kuala Terengganu, jeung Kuala Lumpur. Tapi, dina kunjungan anu katilu sarta pamungkas ka Malaysia ieu, Rahmah henteu bisa loba nyarita lantaran kaséhatanana nu beuki turun.
Rahmah tilar dunya sacara ngadadak dina umur 68 taun dina kaayaan wudu, rék ngalakukeun solat Magrib dina 26 Pébruari 1969. Layonna dimakamkeun di pamakaman kulawarga nu ayana gigireun imahna. Sapoe saméméh anjeunna maot, Rahmah sempet panggih jeung Gubernur Sumatera Kulon, Harun Zain, sarta miharep sangkan pamaréntah merhatikeun sakolana. Dina pertemuan éta, manéhna ngucap, "Pak Gubernur, napas ieu tos ampir béak, rasana tos dugi ka beuheung. Mangga, Pak Gubernur, tingal-titingal sakola Diniyah Putri." Sanggeus Rahmah tilar dunya, kapamingpinan Diniyah Putri diteruskeun ku Isnaniah Saléh nepi ka taun 1990, sarta ayeuna dipingpin ku Fauziah Fauzan saprak Séptémber 2006, kalawan jenjang pendidikan anu lengkep ti TK nepi ka perguruan tinggi.
Hamka, dina bukuna "Islam jeung Adat Minangkabau", nyorot peran Rahmah dina pendidikan sarta réformasi Islam di Minangkabau. Dina sajarah Universitas Al-Azhar, Rahmah mangrupakeun wanoja anu munggaran anu meunang gelar Syekhah. Dina sawatara esayna, Azyumardi Azra ogé nyebut yén perkembangan Islam modéren jeung gerakan Muslimah di Indonesia teu bisa dipisahkeun ti Rahmah salaku palopor.
Hasil pamikiran
éditRahmah ngusahakeun diajar ku inisiatif sorangan nalika masyarakat ngarasa yén pendidikan pikeun awéwé kurang penting. Manéhna sadar yén awewe katinggaleun ku lalaki, kapopohokeun dina kabodoan, jeung pasrah kana kaayaan, nepi ka masyarakat, kaasup awéwé sorangan, nganggap maranéhna lemah jeung boga wates. Rahmah hayang unggal awéwé jadi indung anu hadé, boh di kulawarga boh di masarakat, anu numutkeun manéhna ngan bisa kahontal ngaliwatan pendidikan. Sanajan nolak larangan diajar pikeun awéwé, Rahmah henteu satuju kana émansipasi saperti anu didorong ku féminis. Sarah Larasati Mantovani ti Universitas Muhammadiyah Surakarta nulis yén Rahmah hayang awéwé tetep dina fitrahna, sarta miharep murid-muridna engké jadi indung anu hadé. Ku sabab kitu, Rahmah ngabsukeun kaahlian rumah tangga kawas nyieun baju jeung masak kana kurikulum sakolana.
Salila hirupna, Rahmah tampil maké baju kurung jeung mudawarah. Zamzami Kimin, anggota Konstituante, nulis yén Rahmah ngibaratkeun nutupan aurat ku ngabandingkeun dua anu dagang di sisi jalan: hiji anu dagang ngantep daganganana kabuka, sedengkeun anu séjén nutupanana kalayan rapih supaya henteu katempuhan lebu. Rahmah nanya, "Lamun manéh hayang meuli, nu mana anu manéh bakal pilih?" Sajaba ti éta, Rahmah nunjukkeun ciri has murid-murid awéwéna anu maké tiung bodas anu dililit di sirah, boh di kelas boh di luar. Zamzami nulis, "Lamun masyarakat ningali budak awéwé atawa awéwé nu make mudawarah jeung baju kurung anu nutupan awakna, ngan nunjukkeun leungeun, beungeut, jeung suku, maranéhna langsung nyebut, 'Éta téh murid-murid Rahmah Él Yunusiyah.'"
Rujukan
édit- ↑ "Pernah Jadi Tahanan Belanda, Ini 5 Fakta Menarik Rahmah El Yunusiyah". kumparan (dalam id-ID). Diakses tanggal 2024-09-10.