Si Bedog Panjang nyaéta salah sahiji judul novel karya Ki Umbara anu medal dina taun 1983, ku pamedal Rahmat Cijulang.[1] Kandel buku na nyaéta 120 kaca.[1]

TingkesanÉdit

Novel Si Bedog Panjang nyaritakeun hiji budak lalaki nu ngaranna Sunarya, tapi alatan sababaraha perkara manéhna ngarobah ngaran jadi Winarya.[2] Ari Winarya téh nyaéta lanceuk téréna.[2] Indung Sunarya kawin jeung Bapa Winarya, duanana pada-pada mawa budak lalaki.[2] Umur Winarya leuwih kolot ti batan Sunarya.[1] Péndék carita, Sunarya dipaksa ku Bapana sangkan ngagantian Winarya pikeun nuluykeun sakola di Sukabumi.[2] Mimitina mah manéhna embungeun, nepi ka basa ditéang ku Yunus jeung Cécé di Setasion, Sunarya tuluy ngébréhkeun sakabéh rusiahna.[2] Hiji mangsa, Cécé pendak jeung hiji lalaki nu mamawa bedog panjang di salah sahiji tempat nu poék deukeut asrama.[2] Éta jalma téh nyarita yén manéhna néangan Winarya.[2] Ti harita, Yunus jeung Cécé tuluy nalungtik ngeunaan pasualan nu keur disanghareupan ku Sunarya nu dititah nyamar ku Bapana jadi Winarya, sarta dititah ngagantian Winarya sakola.[2] Pondok carita,éta lalaki nu misterius téh dingaranan Si Bedog Panjang.[2] Basa ngamimitian mangsa dék libur sakola, Winarya ngarencana dék balik ka Lémbang tujuana mah hayang pendak jeung Nini tegesna.[2] Yunus jeung Cécé kacida bungah pisan basa Winarya ngajak maranéhna ngilu ka Lémbang.[2] Salian ti pikeun ngadon ulin, Yunus jeung Cécé miboga tujuan séjén nyaéta pikeun maluruh perkara ngeunaan Si Bedog Panjang.[2] Di Lémbang, éta babaladan téh tungtung na mah meunangkeun informasi ngeunaan Si Bedog Panjang.[2] Malah mah nepi ka pendak ogé jeung Winarya nyaan, nu harita mah nyamar jadi budak séjén.[2] Maranéhna ogé pendak jeung mamang na Sunarya nu kacida jembar pisan dina perkara pangalaman moro di leuweung.[2] Pondok carita, sanggeus balik deui ka Bandung, Yunus jeung Cécé beuki teuleum kana masalah Winarya jeung Sunarya, ahirna kapendak yén [[Si Bedog Panjang téh nyaéta mamang na Sunarya.[2] Niat na mah hadé, da pikeun nyalametkeun harta warisan Sunarya ti indung na nu kalah di alung boyongkeun ku Bapa téréna Sunarya.[2] Tungtungna, ku hadé-hadé na haté Sunarya, manéhna kalah ngabagi éta warisan jeung Winarya nu mangrupa lanceuk téré nu hirupna kari nyorangan.[2] Sunarya jeung Winarya, dijadikeun anak angkat ku mamangna, sabab mamang na Sunarya gé can bogaeun budak.[2]

RujukanÉdit

  1. a b c Si Bedog Panjang
  2. a b c d e f g h i j k l m n o p q r s [Umbara, Ki. 1983. "Si Bedog Panjang"], Bandung: Rahmat Cijulang.