Ibing Tayub nyaéta salah sahiji ragem ibingan anu hirup di Jawa Kulon. Istilah Tayub dina Ibing Tayub, sajalan jeung sajarah ayana, asalna ti basa Jawa sayub atawa anayub.[1] Ibingan ieu muncul di Jawa Kulon, utamana Sumedang, nalika Sumedang diparentah ku Bupatina nu ka-18 nyaéta Pangeran Suria Kusumah Adinata (1836-1882)[1] Ibing Tayub mangrupa pagawéan ngigel lalaki dikebat bari dibendo, dibaju alus nyanghareupan sababaraha urang ronggéng.[1] Nayub di jaman baheula téh kalangenan priyayi, para ménak, para gegedén.[1] Nayub cara babah papakéanana dicalana pantolan panjang, di baju dibédahan tutup jeung bubudugulan ari soderna dikarémbongkeun, dina nayub biasana nu dipaké gamelan sarupan pélog.[2]

Sajarah édit

Saperti halna Tembang Sunda Cianjuran jeung Seni Degung, Ibing Tayub ogé mangrupa kasenian ménak.[1] Mimitina Ibingan ieu mangrupa Ibingan husus keur priyayi pendopo kabupaten salaku Ibing kalangenan lalaki menak.[1]
Dini mimiti kamunculanna, Ibingan ieu ngan saukur gerak-gerak Ibing saayana nurutkeun kaparigelan sewang-sewangan nu ngibing.[1] Ku kituna gerakna sakapeung bébas asal saluyu jeung sora gamelan anu nyarenganna.[1] Salajengna mekar ka gerak anu geus dianggep saluyu. Nyampurnakeun Ibingan ieu ku sabab unggal nu ngibing, pajabat-pajabat lingkungan gupermen (pamaréntahan), hayang nembongkeun kaéndahan gerak-gerak ibingna ka majikanna.[1] Keur ngaronjatkeun kaéndahan gerak tarina, ku kituna Ibingan Tayub ieu dilengkepan ku gerak-gerak ibing nu aya di Ibing Topeng Cirebon, disagigireun gerak ibing ti pencak silat.[1] Ku sabab kitu, dina Ibing tayub nu hirup ayeuna, katempo ayana gerak ibing campuran antara Ibing Wayang, Ibing Topeng Cirebon, Ibing Penca Silat, jrr.[rujukan?] ogé salaku Ibingan ti golongan ningrat Ibingan ieu ditampilkeun dina suasana resmi jeung tata krama nu tartib.[1]
Ibingan anu dibawakeun ku lalaki ieu, tema gerakna ngagambarkeun sikep tanggeuh jeung satria.[1] Gagah, luwes, tartib jeung sopan keur ngaekspresikeun menak golongan karajaan di mangsa harita.[1]

Ibing tayub mangrupa kabudayaan urang sunda saméméh perang sabagé pangaruh ti kabudayaan Jawa, biasana diayakeun ku nu hajatan atawa acara - acara di Kabupatén.Dina jaman Hindia Belanda ménak kudu bisa ngibing alatan ibing nangtukeun kalungguhan hiji ménak. Dina tayuban ogé idéntik jeung mabok - mabokan , dina jaman kamerdekaan tayuban ngaleungit.[3]

Catetan édit

  1. a b c d e f g h i j k l m Sopandi, Atik, Kartakusamah, dkk.1994.Ragam Cipta.Jakarta: Dinas Kebudayaan.
  2. K.A Danadibrata.2006. Kamus Basa Sunda.Bandung:Kiblat.
  3. (id)Hj.Patimah,spk. Ensiklopedi Sunda : Alam, Manusia dan Budaya termasuk Budaya Cirebonan dan Betawi. PT Dunia Pustaka Jaya. Jakarta 2000.