Tari Topéng Priangan nyaéta tari anu sumebar di wewengkon Jawa Barat mangsa kiwari.[1]

Sajarah édit

Sacara kronologis ayana Topéng priangan dimimitian ti tari Topéng anu mekar di Jawa Barat di mimiti taun 1900 nyaéta Topéng Bebarang, anu dimaksudkeun pikeun pintonan keliling atawa pintonanna di tangtukeun ku nu nanggap nepi ka teu aya katetepan dina hal materi pintonanna.
Kamekaran salajengna nyaéta mimiti taun 1900 di wewengkon Jawa Barat, Sumedang, Garut, Tasikmalaya jeung Bandung sering didatangan ku rombongan Topéng Cirebon. Dalangna aya dua nyaéta Koncer jeung Wentar.[2]
Di taun 1925, sababaraha pangibing ti Pasundan diajar tari Topéng Cirebon nu ragemna saperti tari Menak Jingga, Jingga Anom, Damar Wulan, Pamindo jeung Menak Koncar, tapi dina kamekaranna pintonan tari Topéng Cirebon teu ramé dipadungdengkeun sarta teu gampang sumebar teu saperti tari Keurseus, hal ieu disawang ku sabab wangun jeung gerakna hésé keur diturutan kitu ogé pirigan gamelanna husus tepakan kendangna teu sakabéh pangrawit Bandung bisa nepak khas Cirebon.[1]
Salajengna tari Topéng anu sumebar di Jawa Barat sanggeus tari Keurseus nyaéta tari Topéng anu geus ditata deui mimiti ti unsur gerak tari, pirigan tari, panjang pondokna materi, nepi ka pakéan tarina anu dipikawanoh ku tari Topéng Priangan. Conto ti tari Topéng priangan nyaéta: Tari Topéng Kencana Wungu.[1]

Catetan édit

  1. a b c Rusliana, Iyus.2009.Kompilasi Istilah Tari Sunda.Bandung: Jurusan Tari, STSI Bandung.
  2. Soepandi, Atik,; dkk.1994.Ragam Cipta. Cv. Sampurna: Bandung.