Topéng banjét
Topéng banjét nyaéta wangun kasenian tradisional kalayan jenisna kaasup seni pintonan rahayat atawa bisa diasupkeun ogé ka dina wangun teater tradisional.[1]
Topéng Banjét anu didéfinisikeun minangka seni pintonan rahayat anu sok dimimitian ku banyolna atawa bobodoran tuluy diteruskeun ku pintonan seni drama tradidional, topéng banjét mangrupa kasenian anu turun tumurun.[1]
Di daérah Priangan Topéng Banjét nyaluyukeun jeung seléra masarakat utamana gaya jeung basa.[2]
Contona Topéng Banjét Karawang, Ronggéngna boga gaya Ronggéng Karawang, nyanyi kawih sunda jeung kabéh lalakon maké basa sunda.[1]
Ieu hal béda jeung topéng banjét di Bekasi sok sanajan kawih sunda tapi sakabéh pintonanna maké basa Bekasi (dialék basa Jakarta).[2]
Topéng Bajét atawa Topeng Karawang, mangrupa hiji seni pintonan sarupaning Longser anu hirup sarta ngembang di di Wewengkon Karawang sarta Subang.[2]
Dina perkembanganna, Banjet ngalaman parobahan, kawas Banjet Margaluyu anu dilengkepan kalayan instrumen, sarta Gambang, Kolenang, Saron, Panerus, sarta Goong Gantung, anu mimitina ngan waditra-waditra anu kagabung dina Ketuk Tilu.[2]
Kabéhanana nyieun hiji jenis pintonan unik anu tinangtu baris nyieun Anjeun kabetot pikeun nyaksianana.[2]
Fungsi
édit- Hiburan
- Sosialisasi.
- Edukasi
- Ekonomi
Pamaén
éditTi saprak taun 1949 dieuwuhkeunna tahap Ngajantuk jeung Ngedok.[1] Tapi pamaén nambahan beuki loba sabab sanggeus pintonan banyolan diteruskeun ku sababaraha lalakon.[1] Ku sabab éta kabutuhan pamaén nyaéta:Saurang sindén, saurang ronggéng inti, saurang ronggéng, dua urang awéwé, dua urang palaku jawara.[1]
Raksukan
éditPakéan anu digunakeun dina kasenian Topéng Banjét nalika minton dumasar kana kagunaanna aya dua jenis.[2] Pakéan husus anu digunakeun ku ronggéng topéng nyaéta:
- Kembang Topéng/Sayang atawa Sabrok
- Toka-toka
- Amben jeung amprang
Pakéan husus nyaéta pakéan nalika merankeun salah sahiji peran dina lalakon nyaéta pakéan biasa anu ilahar digunakeun sapopoena.[2]
Runtuyan
éditAnapon runtuyan mintonkeunna angger samodél kieu:
- Takolan munggaran
- Tembang munggaran
- Topéng (ronggéng)
- Bobodoran
- Ronggéng.[2]
Dihandap ieu sawatara conto lalakon Topéng Banjét, nyaéta:
- Dosa
- Jawara néangan panganten
- Sanggabuana adu jago
- Naraka dunya
- Kawinan iblis.[2]
Rujukan
édit- ↑ a b c d e f (id)kesenian topeng banjet [tumbu nonaktif] (diaksés tanggal 15 Oktober 2011)
- ↑ a b c d e f g h i (id)kebudayaan[tumbu nonaktif] (diaksés tanggal 15 Oktober 2011)
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |