Waisak
Waisak atawa Waisaka (Pali; Sanskrit: Vaiśākha वैशाख) nyaéta hiji poé suci agama Buddha. Waisak ogé disebut Visakah Puja atawa Buddha Purnima di India, Saga Dawa di Tibet, Vesak di Malaysia jeung Singapura, Visaka Bucha di Thailand jeung Vesak di Sri Lanka. Ngaran-ngaran ieu dicokot tina bahasa Pali "Wesakha", nu aya kakaitana jeung "Waisakha" tina bahasa Sanskerta.[1] Di sababaraha tempat disebut ogé minangka "Poe Buddha".
Waisak dirayakan dina sasih Méi waktu caang bulan 14 (purnama sidhi) minangka pangeling-ngeling tilu kajadian penting, nyaéta:
- Lahirna Pangeran Siddharta di Taman Lumbini dina taun 623 S.M.,
- Pangeran Siddharta ngengingkeun Pencerahan Agung jeung jadi Buddha di Buddha-Gaya (Bodhgaya) dina yuswa 35 taun dina taun 588 S.M. (Saacan Masehi).
- Parinibbana (mangkat) na Buddha Gautama di Kusinara dina yuswa 80 taun dina taun 543 S.M.
Tilu kajadian ieu disebut "Trisuci Waisak". Kaputusan ngarayakeun ieu Trisuci Waisak, diputuskeun dina Konférénsi Persaudaraan Buddhis Sedunia (World Fellowship of Buddhists - WFB) nu kahiji di Sri Lanka dina taun 1950. Pangeling-ngeling ieu diayakeun pas purnama kahiji bulan Mei.
Ngaran-Ngaran Waisak
éditDina tradisi Mahayana, poé ieu dicokot tina basa Sanskerta, वैशाख (Vaiśākha), jeung tina variana. Vesākha dikenal ku ngaran Vesak atawa Wesak (衛塞節) dina basa Sinhala.
Waisak ogé dikenal maké ngaran:
- बुद्ध पुर्णिमा/বুদ্ধ পূর্ণিমা Buddha Purnima atawa बुद्ध जयंती/বুদ্ধ জয়ন্তী Buddha Jayanti di India, Bangladesh jeung Nepal
- 花祭 (Hanamatsuri) di Jepang,
- 석가 탄신일 Seokka Tanshin-il (Hanja: 釋迦誕身日) dina Korea,
- 佛誕 (Mandarin: Fódàn, Kantonis: Fātdàahn) di komunitas basa Cina,
- Phật Đản dina Vietnam,
- ས་ག་ཟླ་བ། Saga Dawa (sa ga zla ba) dina Tibet,
- វិសាខបូជា Visak Bochéa dina Khmer,
- วันวิสาขบูชา Visakah Puja (atawa Visakha Bucha) dina Thai,
- ကဆုန်လပြည့်ဗုဒ္ဓနေ့ (Kasone la-pyae Boda nei), arti sacerewelna "Purnama Kason", bulan kadua dina kalender tradisional Burma,
- ວິຊຂບູຊ Vixakha Bouxa dina Lao,
- වෙසක් පසළොස්වක පෝය Vesak (Wesak) di Sri Lanka jeung Malaysia.
Pangeling-ngeling Waisak
éditDi Indonesia
éditPengeling-ngeling Waisak di Indonésia nurut kana kaputusan WFB. Biasana dipusatkeun sacara nasional di komplek Candi Borobudur, Magelang, Jawa Tengah.
Runtuyan pangeling-ngeling Waisak nasional pokok acarana jiga kieu :[2]
- Dicokotna cai bérékat ti cinyusu nu aya di Jumprit Kabupatén Temanggung jeung diseungeutna obor maké seuneu abadi ti Mrapen Kabupatén Grobogan.
- Ritual "Pindapatta", hiji ritual nu eusina méré sedekah dahareun keur para biksu (bhiksu/bhikku) ku masyarakat (umat), maksudna nyaéta méré kasempetan pikeun masyarakat keur neunden hiji kabajikan.
- Tapa (Samadhi, Semedi) di waktu detik-detik puncak purnama. Bulan purnama ieu ditangtukeun maké elmu falak ku lantaran kitu, bisa waé purnama téh ayana dina waktu siang.
Salian ti tilu acara poko biasana dilakukeun ogé pradaksina, pawei jeung acara kesenian.