Waru laut
Waru Laut | |
---|---|
Klasifikasi ilmiah | |
Karajaan: | |
(unranked): | Angiospermae
Ko
|
(unranked): | |
(unranked): | |
Ordo: | |
Kulawarga: | |
Génus: | |
Spésiés: | T. populnea
|
Ngaran binomial | |
Thespesia populnea | |
Sinonim | |
Sinonim selengkapnya: The Plant List [3] |
Waru laut atawa baru laut ; (Thespesia populnea), nyaéta hiji tutuwuhan anu asalna tina kulawargga kapas-kapasan (Malvaceae) . Loba kapanggih hirup di basisir-basisir tropis, tangkalna leutik bisa disebut rungkun, ieu tangkal pituin ti India.[4] [5]
Ngaran séjén
éditWaru laut dina basa Inggris disebut Portia Tree; baru laut (Simeulue), waru laut, waru lot (Jw., Sd.), baru lot, beru lot (Md.), Jeung sajabana .[6]
Ciri mandiri
éditTangkal leutik, jangkungna 2–10 m. Hirup di wewengkon basisir aya ogé di tukangeun leuweung babakoan (mangrove) anu henteu aya rawana. Daun cupatna panjang, buleud endog aya ogé kawas jantung sisi daun rata, 7–24 × 5–16 cm; kawas kulit; tulangna ngaramo, mibanda kelenjar kulit laleutik di palebah puhu tulang daun utama di sisi handap daun. Daun ngorana mibanda bulu coklat rapet.[7]
Kembang nunggal, bijil dina handapeun cupat daun, mimiti bijil jocong lila kalilaan jadi tungkul, cupatna panjang kalawan mibanda sisit. Daun kelopak daun tambahan aya 3, leutik pisan kalawan gancang lésot, panjang 12–14 mm. Mahkota wujudna kawas locéng, 6–7 cm, konéng ngora anu engkéna robah jadi beureum, kalayan aya titik (bercak) wungu dina puhuna. Geutah na konéng. Buah kotak aya anu gepéng aya ogé anu buleud endog, diaméter 2,5–4,5 cm, henteu muka atawa mukana lila. Sikina baruluan.[7]
Jinis anu sarupa
édit- Hibiscus tiliaceus L. Ogé dingaranan waru laut lantaran habitat alamina memang di basisir. Sakapeung H. tiliaceus kapanggih bareng Thespesia populnea. Hibiscus similis Bl. (waru gunung atawa waru gombong), anu leuwih remen dipelak, mibanda wujud tangkal, daun, kembang jeunh buah anu sarupa jeung H. tiliaceus, kalayan mung saeutik parbedaan. Kadua jinis Hibiscus dibédakeun tina T populnea alatan mibanda daun anu baruluan lemes, kalawan kelenjar minyak di sisi handap di puhu tulang daun. Wujud jeung kelir kembangna sarupa, pedah cupat putikna kabagi di tungtungna.[8]
Kagunaan
éditKaina (Kayu teras) kelirna coklat guguratan hideung, éndah katempona, hampang, tur teu pati teuas. Kaina alusna dimangpaatkeun pikeun bahan nyieun délman atawa padati dina mangsa baheula, gagang (pohpor) bedil, peti, jeung sajabana. Kai teras ieu bisa ogé dimangpaatkun pikeun ubar; kayaning ubar galingging, radang selaput dada (pleuritis), koléra, jeung mules alatan kolik. Tina kulit tangkal ogé diarah harambay pikeun bahan nyieun tali, meski jarang digunakan.[6]
Daun-dauna dimangpaatkeun pikeun campuran masakan pikeun nambahan rasa haseum. Buahna anu asak, dibebek/tutu tuluy diasakan maké minyak, dimangpaatkeun pikeun ngurangan kutu dina sirah.[6]
Di India kidul, kayu terasna dimangpaatkun pikeun nyieun alat musik anu disebut thavil. Dipikaresep alatan kelirna anu semu coklat, semu konéng aya ogé anu semu beureum, kai ieu ogé di Hawaii dimangpaatkun pikeun nyieun rupa-rupa karajinan. Kai teras waru laut mibanda BJ anu rupa-rupa ti mimiti 0,55 – 0,89[5].
Dicutat tina
édit- ↑ Corrêa de Serra, J.F.. 1807. "Vues Carpologiques". Annales du Museum d'Histoire Naturelle. Paris. Tome IX: 290; Pl. 25 fig. 1. Paris :chez Tourneisen fils, libr.
- ↑ Linne, C. von. 1753. Caroli Linnaei ... Species plantarum :exhibentes plantas rite cognitas, ad genera relatas, cum differentiis specificis, nominibus trivialibus, synonymis selectis, locis natalibus, secundum systema sexuale digestas... Tome 2: 694. Holmiae :Impensis Laurentii Salvii [1 May 1753]
- ↑ The Plant List: Thespesia populnea (L.) Sol. ex Corrêa Archived 2023-07-05 di Wayback Machine
- ↑ Nelson, Gil (1994). The Trees of Florida: a Reference and Field Guide. Pineapple Press Inc. p. 45. ISBN 9781561640553.
- ↑ a b Francis, John K. (2003-01-01). "Thespesia populnea (L.) Sol. ex Corrêa" (PDF). Tropical Tree Seed Manual. Reforestation, Nurseries & Genetics Resources. Diakses tanggal 2009-02-20.
- ↑ a b c Heyne, K. 1987. Tumbuhan Berguna Indonesia, jil. 3:1317. Terj. Yayasan Sarana Wana Jaya, Jakarta
- ↑ a b Steenis, CGGJ van. 1981. Flora, untuk sekolah di Indonesia. PT Pradnya Paramita, Jakarta. Hal. 288-289
- ↑ Steenis, CGGJ van. op. cit.. Hal. 287 dan 291
Tutumbu ka luar
éditMédia nu patali jeung Thespesia populnea di Wikimedia Commons
- "Milo". Canoe Plants of Ancient Hawaiʻi. Ka ʻImi Naʻauao O Hawaiʻi Nei.
- "Thespesia populnea (L.) Sol. Ex Corr.". Database of Indian Plants. Pandanus Project.
- Thespesia populnea at website: Australian native hibiscus and hibiscus-like species.