Kiai Haji Zaénal Mustofa mangrupa tokoh pahlawan ti Tasikmalaya anu keur leutikna ngarana Hudaémi anu nénéhanna Umri. (Kampung Bageur, Desa Cimerah, Kecamatan Singaparna, Kabupaten Tasikmalaya, 1899 Tanjung Priuk, Jakarta, 1944). Ajengan pimpinan Pasantrén Suka manah, Singaparna, Kabupatén TASIKMALAYA anu ngalawan Jepang. Digedékeun dilingkungan kulawarga patani anu saayana jeung diajar agama Islam ti bapana, kiai Nawapi. Saeggeus tamat Sakola Désa, Hudaémi ngalanjutkeun pendidikan di lima pasantrén di daérah Priangan, nyaéta di Pasantrén Gunung Pari, Pasantrén Sukaraja, Garut, Pasantrén Sukamiskin, Bandung, Pasantrén Cilenga, Singaparna jeung Pasantrén Jamanis. Tuluy ngalaksanakeun ibadah haji jeung ganti ngaran jadi Kiai Haji Zaénal Mustofa. Di lemburna, manénha ngadirikeun Pasantrén Suka manah nu dipimpin ku manéhna salila 17 taun (1927-1944). Dina méré pangajaran, manéhna ngagunakeun basa Sunda dina basa panganteurna. Salian éta santrina kudu diajar basa Walanda jeung Malayu. Mangkana, Pasantrén Suka manah téréh kasohor ka mana-mana. Santrina teu ngan saukur ti Singaparna jeung sabudeureunana, tapi aya ogé anu ti Ciamis, Cirebon, Sumedang, Bogor, Jakarta, malahan aya ogé anu ti Sumatera. Ti taun 1927, K.H.Z. Mustofa aktif di pergerakan kemerdekaan. Taun 1933 manéhna jadi anggota NU. Manéhna sering dakwah di daérah Priangan Timur, anu sok méré kritik seukeut kana pulitik kolonial Walanda. Akibatna manéhna sok meunang peringatan ti pamaréntah, malah jeung sababaraha kiai anu ngilu ka manéhna ditéwak dua kali. Mimiti, tanggal 17 Nopémber 1841, dibérok di Tasikmalaya, tuluy dipindahkeun ka pangbérokan Sukamiskin (Bandung). Kadua, bulan pébuari 1942, dibérok di Ciamis. Tentara Jepang nabébaskeun manéhna ti pangbérokan. Tapi, sanajan pamaréntaha Jepang ngarangkul golongan ulama, manéhna teu hayang ngagabung ka MIAI (Majelis Islam Ala Indonesia). Anu pangditentangna téh kawajiban séikéréh (ngahormat Tenno Heika ku ruku ka arah Tokyo), kawajiban rahayat pikeun nyerahkeun paré ka pamaréntah sarta kalakuan Jepang ka awé-awé pribumi. Hal-hal ieu anu nyebabkeun perlawanan fisik K.H.Z. Mustofa jeung santri-santrina ka sababaraha pembesar jeung tentara Jepang anu datang ka Pasantrén Suka manah pikeun nindak pimpinan pasantrén éta. Peristiwa éta kajadian tanggal 25 pébuari 1944. K.H.Z. Mustofa jeung sababaraha kiai anu ngilu ka manéhna ditéwak. Nu ahirna maranéhna dipaéhan ku Jepang di wilayah Tanjung Priuk atawa Cilincing, Jakarta. [1]

Daftar Rujukan

édit
  1. Rosidi, Ajip, 1938-; Pustaka Jaya (Firm) (2000). Ensiklopedi Sunda : alam, manusia, dan budaya, termasuk budaya Cirebon dan Betawi (Cet. 1 ed.). [Jakarta]: Pustaka Jaya. ISBN 979-419-259-7. OCLC 45463431.