Kabupatén Sumedang

kabupatèn di Indonésia

Kabupatén Sumedang (aksara Sunda: ᮊᮘᮥᮕᮒᮦᮔ᮪ ᮞᮥᮙᮨᮓᮀ) mangrupa salah sahiji kabupatén nu aya di Propinsi Jawa Kulon, Indonésia. Sacara géografis aya di 6°40' - 7°83' Lintang Kidul jeung 107°44' Bujur Wétan. Lebah kalér wawatesan jeung Kabupatén Indramayu ogé jeung Kabupatén Subang, di beulah wétan jeung Kabupatén Majalengka, sarta di beulah kidul jeung Kabupatén Garut ogé Bandung. Jarak ti puseur dayeuh Propinsi ±45 km. Kota Sumedangna sorangan, nu mangrupa puseur kabupatén, ngawengku kacamatan Sumedang Utara jeung Sumedang Selatan.

Kabupatén Sumedang

Lambang Kabupatén Sumedang
{{{foto}}}

{{{caption}}}

Peta lokasi Kabupatén Sumedang
Motto Sumedang Tandang (Tertib, Aman, Nyaman, Dinamis, Anggun)
Propinsi Jawa Barat
Ibukota Sumedang
Lega Wilayah 1.522,21 km²
Kordinat 6°51'35" LS; 107°55'15" BT
Pangeusi
 · Jumlah
 · Kapadetan
 
1.112.153 (2007)
2.130 jiwa/km²
Administratif
 · Kacamatan
 · Désa/kal
 
26
262 désa, 7 kalurahan
Dasar hukum Undang-Undang Nomor 14 Tahun 1950
Tanggal 22 April 1578
Bupati Ir. H. Eka Setiawan, Dipl., S.E., M.M
{{{kapala daerah1}}} {{{nami kapala daerah1}}}
Kode aréa 0261, 022 (wilayah Jatinangor, Tanjungsari, Cimanggung, jeung Sukasari )
DAU Rp. 1.036.263.413.000,00

Ramatloka: http://www.sumedang.go.id

Administratif

édit

Kabupatén Sumedang legana 1.522,21 km², jumlah pangeusina kira-kira 1.043.000 jiwa nu dibagi kana 26 wilayah kacamatan, 262 désa sarta 7 kalurahan. Kabupatén Sumedang mangrupa daérah agraris nu lolobana pangeusina patani.

Topografi

édit

lolobana wilayah Sumedang mangrupa pagunungan, kajaba sabagian leutik wilayah beulah kalér anu mangrupa dataran handap. Gunung Tampomas (1.684 m), aya di lebah kalér kota Sumedang.

Bagian kulon kidul wewengkon Kabupatén Sumedang mangrupa wewengkon pamekaran Kota Bandung. IPDN (Institut Pemerintahan Dalam Negeri), saméméhna ngaranna STPDN (Sekolah Tinggi Pemerintahan Dalam Negeri), aya di Kacamatan Jatinangor.

Transportasi

édit

Dayeuh ieu ngawengku kacamatan Sumedang diliwatan ku jalur utama Bandung-Cirebon.

Sajarah

édit

Dina mangsa munggarannana, Kabupatén Sumedang mangrupa hiji karajaan di sahandapeun kakawasaan Raja Galuh nu diadegkeun ku Prabu pikeun Ulun Adji Bodas dumasar kana paréntah Prabu Suryadewata saméméh Karaton Galuh dipindahkan ka Pajajaran, Bogor. Luyu jeung parobahan jaman sarta kapamingpinan, ngaran Sumedang ngalaman sawatara parobahan. Anu kahiji nyaéta Karajaan Témbong Agung (Témbong hartina katempo sarta Agung hartina luhur) dipingpin ku Prabu Guru Adji Bodas dina abad ka-12. Saterusna dina mangsa jaman Prabu Tadjimalela, diganti jadi Himbar Buana, anu hartosna nyaangan alam, sarta saterusna diganti deui jadi Sumedang Larang (Sumedang asalna ti Insun Medal/Insun Medangan anu hartina kuring dilahirkan, sarta larang hartina hiji hal anu euweuh tandinganana).

Sumedang Larang ngalaman mangsa jaya dina waktu dipingpin ku Pangéran Angka Wijaya sarta Prabu Geusan Ulun kira-kira taun 1578, sarta dipikawanoh legana nepi ka pelosok Jawa Kulon jeung wewengkon kakawasaan ngawengku wewengkon kidul nepi ka Samudera Hindia, wewengkon kalér nepi ka Laut Jawa, wewengkon kulon nepi ka walungan Cisadane, sarta wewengkon wétan nepi ka walungan Cipamali.

Sumedang miboga ciri has minangka dayeuh kuna has di Pulo Jawa, nyaéta aya alun-alun minangka puseur anu dikuriling ku Masjid Agung, pangbuian, sarta kantor pamaréntahan. Di tengah alun-alun aya wangunan anu ngaranna lingga, tugu paringetan anu diwangun dina taun1922. Lingga ieu dijieun ku Pangeran Siching ti Nagri Walanda sarta dipersembahkeun ka Pangéran Aria Suriaatmadja pikeun jasa-jasana dina ngamekarkeun Kabupatén Sumedang. Lingga diresmikeun tanggal 22 Juli 1922 ku Gubernur Jenderal Mr. D. Folk. Nepi ka ayeuna Lingga dijadikeun lambang wewengkon Kabupatén Sumedang sarta tanggal 22 April dipieling minangka poé jadi Kabupatén Sumedang.[1]

Oleh-oleh Has

édit

Pangulinan

édit

Loba pangulinan nu bisa di tembongkeun ka turis lokal nu aya di Sumedang, di antarana :

  1. Kampung Toga
  2. Cipanas Conggéang
  3. Margawindu
  4. Museum Prabu Geusan Ulun

Rujukan

édit
  1. Tilu paragraf pamungkas ngeunaan sajarah Sumedang dicokot ti loka ramat resmi Pamaréntah Wewengkon Kabupatén Sumedang: http://www.sumedang.go.id Archived 2007-02-24 di Wayback Machine