Érloji mangrupa jam anu nuduhkeun waktu anu dipaké dina leungeun.[1].

Érloji

Sajarah jeung Kamekaran Érloji

édit

Kecap jam atawa (érloji) geus dipaké dina abad ka-14 sakitar 700 taun, anu asalna tina basa latén nyaéta clocca.[2] Numutkeun sajarah, sundial atawa jam panon poé mangrupa jam anu kahot dina perabadan manusa.[2] Jam ieu dijieun ku salah saurang ahli Astronomi muslim anu ngaranan Ibnu al-Shatir sakitar 3.500 taun saméméh Maséhi.[2] Jam ieu nembongkeun waktu dumasar perenahna panaon poé.[2] Ibnu al-Shatir ngabagi waktu dina sapoé 12 jam, dina musim tiris waktuna samporét sedengkeun musim panas waktuna leuwih lila.[2] Sakitar 5.000-6.000 taun katukang, urang Mesir ngukur waktu jeung nyieun kalénder maké obelisk.[2] Dina taun 1400 SM urang Mesir geus mimiti maké jam cai anu ngarana Clepsydra.[2]

Jam cai paling canggih mimiti kapanggihna di jaman kajayaan Islam anu dijieun ku Al-Jaziri dina taun 1136-1206 anu bentukna gajah anu bisa ngahasilkeun sora di unggal jam.[2] Jam astronomi anu panggedéna anu dijieuna di Al-Jazari disebut Castle Clock, anu dianggap jadi jam analog komputer anu munggaran.[2] Di Islam, Al-Jazari lain salah sahiji jalma anu nyiptakeun jam.[2] Ayana jam pasir sakitar 1400 SM.[2] Mimitina masarakat Eropa wanoh kana jam sakitar taun 1300.[2] Masarakat Inggris mimiti nyieun erloji dina taun 1580.[2] Sedengkeun sakitar taun 1525 Peter Henlein, tukang konci ti Nurnberg, Jerman ngawanohkeun jam imah anu diameterna 10-12,5 cm jeung kandelna 7,5 cm.[2] Ahir abad ka-16, lonceng mimiti dijieun lempeng jeung di awal abad ka-17 mesina mimiti dibéré bengkus tina kuningan, kalayan tutup kaca jeung jarum paranti nunjukkeun menit.[2] Jam digital atawa éléktrik mimitina dijieun ku perusahaan The Hamilton Watch Co of Lancaster, Pennsylvania sakitar taun 1950.[2] Sanggeus kitu mimiti ayana sababraha mérek jeung modél arloji.[2]

Lalajo pinter

édit

Tracker kabugaran mangrupikeun alat anu penting pikeun jalma anu biasa ngawas kaséhatan, khususna pikeun atlit. Dina modél gelang kabugaran modéren, aya fungsi:[3]

  • pangukuran laju jantung;
  • cacah jarak ngumbara;
  • kalori dibakar
  • analisa kualitas saré anjeun sareng seueur deui.

Sumber Rujukan

édit
  1. [Danadibrata,R.A.(2006).Kamus Basa Sunda.Bandung: Kiblat Buku Utama.
  2. a b c d e f g h i j k l m n o p q Sejarah Penemuan Jam Tangan Archived 2012-01-19 di Wayback Machine(Dicutat tanggal 9 Oktober 2011)
  3. "Gelang kabugaran: naon éta jeung kunaon diperyogikeunna.".  Archived 2020-02-21 di Wayback Machine