Pasir nyaéta hiji tempat anu kaayaanna leuwih luhur ti sabudeureunna tapi leuwih handap tur leutik ti batan gunung.[1] Pasir luhurna kurang ti 600 méter, taneuh pasir henteu rumpil atawa ngagawir, pasir wangunna henteu pati lega.[2] Dina basa Indonesia pasir disebut bukit; basa Inggris (hill).[2][3]

Pasir-pasir anu aya, disawang ti Tasikmalaya Regency

Pedaran

édit

Sanajan wanguna kawas gunung, pasir béda jeung gunung sanajan henteu pati écés wates-watesna, hiji tempat disebut pasir upama luhurna henteu leuwih ti gunung sarta tanjakanna henteu netek kawas gunung.[2] Di Inggris ahli géografi mertélakeun cenah anu disebut pasir téh upama mibanda luhur henteu leuwih ti 304,8 méter tina beungeut cai laut.[3] Aya ogé anu nyebutkeun hiji tempat digolongkeun ana pasir upama mibanda luhur sahandapeun 600 méter.[4] Di Skotlandia malahan nyebut kana gunung téh pasir, buktina dina gunung-gunung anu aya di éta wewengkon loba anu mibanda ngaran dimimitian ku sebutan pasir atawa hill (Cuillin Hills Jeung Torridon Hills), urang Amerika malahan henteu mibanda wates anu leuwih écés ngeunaan bédana pasir jeung gunung.[5] Dina basa Malayu, pasir téh hartina sarua jeung gunung, contona nyebutkeun gunung anu ngajajar di Pulo Sumatra disebut Bukit barisan.[6] Umumna, pikeun industri, pasir anu dijual kudu gaduh sabaraha dokumén sapertos MSDS atawa Material Safety data Sheets sareng COA atawa Certificate of Analysis.

Ciri mandiri

édit

Taneuh pasir kagolongkeun kana taneuh kelas 6 jeung 7 anu mibanda ciri mandiri:

  • Taneuhna déngdék (30% - 40%), gampang urug mangsa datang hujan
  • Taneuh suburna kawilang déét ku lantaran mindeng urug
  • Kurang subur, ilahar dipaké melak tangkal kai (cengkéh, jati, karét, jeung sajabana)
  • Kudu dijieun séséngkéd upama dipelakan palawija.[7]

Ngamangpaatkeun taneuh pasir

édit

Taneuh pasir ilaharna dimangpatkeun pikeun melak palawija atawa paré huma, tapi henteu saeutik anu dipelak tangkal séjénna.[8] Di Garut taneuh pasir dimangpaatkeun pikeun melak tangkal séréh wangi (Cymbopogon nardus) lantaran ieu tangkal kudu katojo ku cahaya panon poé langsung (ulah kahieuman), ari di Manado mah pasir-pasir téh loba dipelakan tangkal cengkéh.[9] [10]

Dicutat tina

édit
  1. Jonathan Rigg (1862). "Pasir". Di -. A Dictionary of the Sunda Language of Java. Batavia: Lange & Co. p. 355. 
  2. a b c Yudhistira Ghalia Indonesia (2002). "Pasir". Di Yanti herlanti, Tutut M Lestari, Donny H.F, Fatmi Septi Sari, S.Si. Llmu Pengetahuan Alam Ipa Kelas 3 Sekolah Dasar. Yogyakarta: Yudhistira. p. 66. ISBN 979-746-736-8. 
  3. a b Hill at the Great Soviet Encyclopedia.
  4. "Rolling Hills". www.eso.org. Diakses tanggal 12 December 2016. 
  5. "What is the Difference Between a Mountain and a Hill?". www.wisegeek.com. Diakses tanggal 3 Feb 2013. 
  6. (id)Bukit Barisan, Tulang Belakang Sumatera. kompas, Akses:29-04-2012.
  7. Rukmana, Ir. Rahmat (1999). Teknik Pengelolaan Lahan Berbukit Dan Kritis. Jakarta: Kanisius. 
  8. -, Evawarni (2009). Hubungan Antar Suku Bangsa di Kota Pangkalpinang. Jakarta: Direktorat Jenderal Kebudayaan. ISBN 978-979-1281-28-7. 
  9. D. Sastrapradja, Setijati (2012). Perjalanan Panjang Tanaman Indonesia. Jakarta: Yayasan Pustaka Obor Indonesia. ISBN 978-979-461-830-1. 
  10. Kardinan, M.Sc. APU, Ir. Agus (2005). Tanaman Penghasil Minyak Atsiri. Jakarta: AgroMedia,. ISBN 979-3702-43-5. 
 




 
Wikimedia Commons logo
Wikimedia Commons mibanda média séjénna ngeunaan