Buka ménu utama

Badan Penasihatan Pembinaan dan Pelestarian Perkawinan

Badan Penaséhatan Pembinaan dan Pelestarian Perkawinan (ayeuna) disingget BP4 mangrupa Organisasi parkumpulan anu sifatna sosial kaagamaan  mitra Kamenterian Agama jeung instansi laina dina raraga ningkatkeun kwalitas perkawinan umat Islam di Indonésia pikeun ngabimbing, ngabina jeung ngarumat kulawarga muslimin di  Indonésia. BP4 ngadeg resmi dina tanggal 3 Januari 1961 di Jakarta, Indonesia dumasar SK Menteri Agama RI No.85 taun 1961 anu netepkeun pangurus  BP4. Kiwari BP4 Pusat dipingpin ku Katua Umum BP4 Pusat périodeu 2014 - 2019 Drs. H. Wahyu Widiana, M.A, jeung Sekretaris Umum Muh. Adib Machrus,[1] nu dikukuhkeun ku Menteri Agama Lukman Hakim Saifuddin dina tanggal 13 Oktober 2014 di Kementerian Agama Républik Indonésia Lapangan Banténg Jakarta Pusat.

Mimiti taun 1978 BP4 Pusat  kantorna di Masjid Nagara Istiqlal Ruang 66 nétélakeun yén BP4 ka amanatan ngamalkeun Surat 66 at-Tahrim ayat 6 jeung salah sahiji ti 6 hak antara sesama muslim, nyaéta lamun aya nu ménta naséhat béré naséhat. BP4 Pusat hususna tepi ka kiwari ngalayanan Konsultasi Perkawinan jeung Panaséhatan Hukum.[2]

SajarahÉdit

BP-4 di mimitian di Jawa Kulon. BP4 ngadeg minangka ku lantaran prihatin kana kwalitas perkawinan umat Islam di Indonésia. Istilah BP4 mimiti ti Bandung provinsi Jawa Barat poé Ahad, tanggal 3 Oktober 1954 ku inisiatif Arhata (Abdur Rauf Hamidy), almarhum Kapala Jawatan Urusan Agama Provinsi Jawa Kulon mangsa harita. Poé jeung tanggal kasebut diayakeun musyawaroh atawa pagempungan kira-kira 100 urang wawakil ti instansi pamaréntah, tokoh masyarakat, 'ulama, para pimpinan organisasi sosial Islam jeung nasional. Tempat di rohangan Sidang DPRD kota Bandung ti tabuh 09:00 - 13:00 WIB. Arhata minangka pingpinan sidang medalkeun konsép ngadegkeun organisasi BP-4 (Badan Penaséhat Perkawinan jeung Pamustungan Pipirakan) alasan-alasana, 60 - 80% pipirakan di banding nikah jeung rujuk, ogé loba kawin di handap umur.

Satuluyna sapuk ngadegkeun organisasi BP-4, Pak Arhata minangka Katua ngarangkep formatur susunan pangurus miwah panyampurna Anggaran Dasar jeung Anggaran Rumah Tangga (AD/ ART). Tanggal 17 Séptémbér 1956, Menteri Agama K.H. Muhammad Ilyas (pikeun ngabédakeun jeung tokoh séjén, nyaéta K.H. Ilyas Ruhiat, Rois 'Aam PBNU périodeu 1992 - 1999) narima jeung nyambut Délégasi BP-4 Jawa Barat nyaéta: Arhata, Ny. Dunah Pardjaman, jeung Ny. Theresiah Kamarga neupikeun hasil Konpérénsi BP-4 Jabar ka I nu dilaksanakeun 28 - 31 Agustus 1956 di Bandung, Gupernur Jawa Barat, Raden Mohamad Sanusi Hardjadinata ngungkulan jeung ogé H. S. M. Nasaruddin Latif ngawakilan Menteri Agama.

P-5 di Jakarta. Tanggal 7 Maret 1956 di Jakarta kacatet ngadeg P-5 (Panitia Penasihat Perkawinan dan Penyelesaian Perceraian). P-5 di diadegkeun SPP (Seksi Penasihat Perkawinan) tanggal 4 April 1954 gagasan H.S.M. Nasaruddin Latif (almarhum) Kapala Kantor Urusan Agama di Jakarta Raya kalayan réstu Sekjen Kementerian Agama R.M. Kafrawi. Ketua P-5 mimiti, Ny.S.R. Poedjotomo.

BKRT di Yogyakarta. Tanggal 7 Maret 1958 di Yogyakarta dirintis ngadeg BKRT (Badan Kesejahteraan Rumah Tangga) ku tokohna Ibu AR. Baswedan, K.H. Ahmad Badawi (harita Kapala Bagéan Ibadah Sosial KUA Daérah Istiméwa Yogyakarta), K.H. Farid Ma'ruf (Kapala KUA Daérah Istiméwa Yogyakarta) satuluyna jadi Katua Umum mimiti BKRT.

BP4 sifatna nasional. Bulan Januari 1960 patimuan Pangurus BP4 Tingkat I sa-Jawa mufakat yén organisasi-organisasi BP4 nu sifatna lokal jadi BP4 nu sifatna nasional. Hasil Konpérénsi Dinas Departémén Agama ka VII tanggal 25 - 30 Januari 1961 di Cipayung Jakarta diembarakeun BP4 Pusat (nu sifatna nasional). Dina Anggaran Dasar ditetepkeun organisasi ieu pusatna di Jakarta, tujuana: (1) Ngangkat nilai perkawinan. (2) Nyegah pipirakan nu sawenang-wenang. (3) Ngawujudkeun rumah tangga nu bagja saluyu tuntunan Islam. Dina 17 Oktober 1961 usul susunan Pangurus BP4 Pusat No.1/BP4/61, kaluar Surat Keputusan Menteri Agama No.85 taun 1961 netepkeun BP4 minangka hiji-hijinaa badan nu usaha widang panaséhatan perkawinan jeung ngurangan pipirakan patula patali jeung nikah, talak jeung rujuk. Tanggal 8 Juli 1961, yusul SK Menteri Agama, hasil musyawaroh antara Kapala Jawatan Urusan Agama Pangurus BP4 Jawa Barat jeung P-5 Jakarta Raya ditetepkeun susunan Pangurus BP4 Pusat nu kahiji, Ketuana nu kahiji, H. Siswosoedarmo dilantik ku Menteri Agama K.H.Wahib Wahab tanggal 20 Oktober 1961.

Dinamika Fungsi & Peran BP4Édit

BP4 ngalaman dinamika dina sajarah tapi tetep konsistén ngawal kulawarga Indonésia babarengan organisasi kaagamaan séjén merjuangkeun lahirna dugi ka medalna UU No.1 taun 1974 Patali jeung Perkawinan (UUP) nu diarep-arep bisa ningkatkeun kualitas laki rabi bangsa Indonésia khususna kaum muslim nu jadi mayoritas di ieu nagri.

Ti mimiti ngadeg BP4 meunang dukungan ti birokrasi khususna Kamentrian (harita ngarana Departemén) Agama. Jabatan Katua Umum, Sekretaris jeung bendahara nurutkeun AD (Anggaran Dasar)/ ART BP4 dijabat sacara ex officio kunu ngajabat struktural di widang Urusan Agama Islam Departemén Agama di sakabéh struktur, ti Pusat ku Diréktur Urais, di provinsi ku Kabid Urais, di Kabupatén ku Kasi Urais jeung di kacamatan ku kapala KUA.

Konsékwénsi UU Perkawinan Pikeun BP4Édit

Saméméh UUP, Pangadilan Agama (PA) jeung BP4 nyaéta supaya salaki jeung pamajikan nu arék pipirakan di Pangadilan Agama kudu konsultasi heula ka BP4 pikeun didameykeun. Mun BP4 teu hasil nganaséhatan kakara dibéré rekomendasi ka Pangadilan Agama. Tapi ku ayana UUP Pasal 39 ayat (1) nu unina: “Pipirakan ngan hungkul bisa diayakeun di hareupeun sidang pangadilan nu boga wewenang sanggeus pangadilan usaha jeung teu hasil ngadaméykeun dua beulah pihak.”

ku kituna lantaran wewenang pipirakan ngan hungkul wewenang Pangadilan Agama, ngaran BP4 dirobah akronimna saluyu SK Menag No.30 taun 1970 jadi : “Badan Penaséhat Perkawinan, Perselisihan dan Percéréyan. Dina UU Peradilan Agama No.7 taun 1989 parobahan kana UU No.14 taun 1970 kalayan Asas Paradilan nu gampang, murah jeung gancang. Jadi Salaki jeung pamajikan nu rék pipirakan ka Pangadilan Agama teu kudu konsultasi heula ka BP4.

UU No.20/ 1997/ PNBP (Pendapatan Negara Bukan Pajak) can kungsi kalaksanakeun di zaman Réformasi ngaluarkeun palaturan Pamaréntah No.73/1999 Cara ngagunakeun PNBP nu eusina dana nu aya di PNBP hungkul digunakeun kunu narima, nyaéta Departemén Agama liwat dana NTR. Nu akibatna fatal, BP4 ti pusat nepi ka daérah teu langsung narima bantuan ti Departemén Agama jeung teu bisa ngajalankeun programna. Kondisi ieu cukup lila ti taun 1998 – 2008.

Dina Munas BP4 ka XIV taun 2009 di Jakarta, paradigma anyar minangka solusi BP4 nu disebut semi resmi di Depag. Lembaga pamaréntah lain, swadaya masyarakat ogé lain. Sumber dana ti pamaréntah kahalang UU PNBP No.20/1997 (Panarimaan Nagara Bukan Pajak). Néangan dana ka masyarakat hésé lantaran BP4 dianggap bagéan Departemén/ Kementerian Agama. Dina Munas XIV ieu BP4 dijadikeun mandiri ku ngarobah AD/ ART.

Sifat jeung jinis organisasiÉdit

Sifat organisasi BP4 dirumuskeun : “BP4 nyaéta organisasi mandiri, profésional nu sifatna sosial kaagamaan minangka mitra Kamenterian Agama dina ngawujudkeun kulawarga sakinah mawaddah warahmah (Pasal 3 AD/ ART BP4).”[3]

Jinis organisasi BP4 nyaéta kumpulan (Pasal 1, Pasal 2 jeung Pasal 5 Statblad 1870 No.64 nu terahir dirobah ku Staatsblad 1904 No. 271 Kumpulan boga Badan Hukum, pasal 1653 dugi Pasal 1665 Kitab Undang-undang Hukum Perdata, jeung palaturan perundang-undangan anu ngatur kumpulan) jeung Akteu Ngadegna Parkumpulan BP4 No.08 tanggal 22 Maret 2010 ku Notaris Saifuddin Arief, S.H.,M.H (sanggeus Munas XIV BP4 taun 2009) sarta Pasal 11 (ayat 1) UU No.17 Taun 2013 Perkara Ormas .[4].[5]

Visi jeung MisiÉdit

  • Visi BP4 nyaéta kawujudna kulawarga sakinah mawaddah warahmah.
  • Misi BP4 nyaéta:
    1. Ningkatkeun kwalitas konsultasi perkawinan, médiasi jeung advokasi;
    2. Ningkatkeun palayanan pikeun kulawarga nu boga masalah konséling, médiasi jeung advokasi.
    3. Nguatkeun kapasitas kalembagaan jeung SDM dina raraga ngoptimalkeun program dina ngahontal tujuan.

Daftar Katua BP4Édit

Nama Périodeu Jabatan
H. Siswosoedarmo Katua (1961–1970)
K.H. Moch. Ali Masjhar Katua Umum (1970–1973)
K.H. Djazuli Wangsasaputra Katua (1973–1976)
R.H.M. Djazuli Wangsasaputra Katua (1976–1979)
Diréktur Urais, Muchtar Natsir Ex Officio Kétua Umum (1979–1986)
Drs. H. Munir SA Katua (1986–1989)
Diréktur Urais, H. Mochtar Zarkasy, S.H. Ex Officio Katua Umum (1989–1995)
Prof.Dr. H. Ahmad Sutarmadi Katua Umum (1995–2001)
Drs. H. Imam Masykoer Alie Katua Umum 2001–2004
Diréktur Urais. Drs. H. Mudzakir, M.M. Katua Umum 2004–2009
Drs. H.Taufiq, S.H., M.H Ketua Umum 2009–2014
Drs. H. Mubarok, M.Si. Pelaksana tugas 2013–2014
Drs.H.Wahyu Widiana, M.A Katua Umum 2014–2019

Susunan Pangurus BP4 PusatÉdit

Périodeu 2014 - 2019Édit

PambinaÉdit

  • Katua Mahkamah Agung RI
  • Menteri Agama RI
  • Menteri Dalam Negeri RI
  • Menteri Pemberdayaan Perempuan, dan Perlindungan Anak RI

Déwan PertimbanganÉdit

  • Katua Kamar Peradilan Agama Mahkamah Agung RI
  • Sekretaris Jénderal Kementerian Agama RI
  • Dirjén Bimas Islam Kementerian Agama RI
  • Dirjén Badan Peradilan Agama Mahkamah Agung RI
  • Kepala Badan Kependudukan dan Keluarga béréncana Nasional
  • Direktur Urusan Urusan Agama Islam dan Pembinaan Syariah
  • Katua Umum Majelis Ulama Indonésia
  • Katua Umum Pengurus Besar Nahdlatul Ulama
  • Katua Umum Pimpinan Pusat Muhammadiyah
  • Katua Umum Pimpinan Pusat Muslimat NU
  • Katua Umum Pimpinan Pusat Aisyiyah
  • Prof.Dr.H. Achmad Mubarok, M.A.
  • Prof.Dr.H. Ahmad Sutarmadi
  • Prof.Dr.Hj. Nabila Lubis
  • Drs. H. Taufiq, SH., MH.

Tim AhliÉdit

  • Drs. H. Mubarok, M.Si.
  • Dra. Hj. Zubaidah Muchtar
  • H. Bahrul Hayat, Ph. D
  • Dr. Wahiduddin Adam
  • Prof. Dr. Hj. Réni Akbar Hawadi
  • Prof. Dr. Hj. Aliyah Hamka, M.M.
  • Prof. Dr. Hj. Zaitunah Subhan, MA.
  • Dr. Zaim Uchrowi
  • Drs. H. M. Goodwill Zubir

Pengurus HarianÉdit

  • Drs. H. Wahyu Widiana, M.A. (Katua Umum)
  • Drs. H. Tulus Sastrowijoyo (Wakil Katua Umum)
  • Prof. Dr. Hj. Nurhayati Djamas, M.A (Ketua)
  • Dr. H. Aceng Rachmat, M.Pd.(Ketua)
  • Dr. H. A.M. Romly, M.Hum. (Ketua)
  • Dra. Hj. Fadilah Ahmad, MM.(Ketua)
  • Drs. H. Najib Anwar, M.H. (Sekretaris Umum)
  • Dra. Hj. Nilmayétty, M.M. (Wakil Sekretaris)
  • Akmal Salim Ruhana, S.Ag. (Wakil Sekretaris)
  • Dra. Hj. D. Cholidah Hanum,M.Pd.I. (Bendahara Umum)
  • Dra. Hj. Kiki Tazkiyah (Wakil Bendahara)
  • Hj. Atiek Ratnawati (Wakil Bendahara)

Katua BidangÉdit

  • Katua Bidang Konsling, Mediasi, Advokasi dan Penasihatan Perkawinan dan Keluarga: Dr. H. Soefyanto, S.H, M.H.,M.M.
  • Katua Bidang Pendidikan, Pelatihan dan Kursus: H. Muhammad Adib Machrus, S.Ag.
  • Katua Bidang Kemitraan, Kerjasama dan Wirausaha: K.H. Nuril Huda
  • Katua Bidang Humas, Publikasi dan Dokuméntasi Muhammad Fuad Nasar, M.Sc

SekretariatÉdit

  • Drs. Rahmat Supéna
  • Solihin Muh. Yusuf, S. Ag[6]

RujukanÉdit

Pranala luarÉdit