Bayongbong
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
(unranked):
(unranked):
(unranked):
Ordo:
Kulawarga:
Subfamili:
Tribus:
Génus:
Phragmites
Spésiés:
P. karka
Ngaran binomial
Phragmites karka
Sinonim
  • Arundo karka Retz.[2] (basionym)
  • Phragmites vallatorius (Pluk. ex L.) Veldkamp (invalid)

sinonim anu séjénna[3]

Bayongbong disebut ogé gayonggong, kasongkét (Phragmites karka) nyaéta jukut jangkung[4] tina kulawarga Poaceae[5]. Hirupna nahun, mindeng kapanggih mangrupa dapuran di sisi susukan, sisi situ, jeung tempat séjéna di mana taneuhna beyé jeung cukup cai, ieu jukut nyebar di wilayah tropika. Bayongbong mibanda ngaran jeung sebutan béda-béda di unggal wewengkon, saperti: di Jawa disebut prumpung, plumpung, glagah asu ; di Madura disebutna parongpong; di Bali parungpung ; di Minahasa atowong, gumulongo; di Maluku tatepal, tatupele, tuyu, kasim, biet, céo-céo, lolo dowongi [6]..

Pedaran

édit

Tangkalna mangrupa dapuran anu diwangun ku sabaraha tangkal dina sadapur, tangkalna ajeg kaluhur, leuir nepika 10 méter. Hirupna nahun, Daunna kawas pita, panjang kurang leuwih 30–80 cm jeung lebar 12–40 mm méncos ka tungtung. mibanda bulu-bulu anu lemes tur karasa heusrak mangsa dirampa. Kembangna curiwis ngumpul dina gagang kembang panjangna kurang leuwih 30–50 cm × 10–20 cm, gagang kembang buleud kaluar tina tungtung tangkal anu geus déwasa (spikelet) panjangna 9–12 mm .[7]

Mangpaat

édit

Tangkal jeung daun bayongbong hususna di daérah Jawa loba dimangpaatkeun, daunna meunang ngararad tina tangkalna tuluy diéntépkeun dipaké nyieun hateup saung, tangkalna dimangpaat keun bahan nyieun kandang manuk, karajinan, pager, turus kacang, suluh jeung sajabana.[8][9]

Di India tengah geus ngayakeun panalungtikan ngeunaan ngamangpaatkeun tangkal bayongbong pikeun ngurangan polusi lingkungan ku jalan melak tangkal bayongbong dina hiji palataran ukurana kurang leuwih 42 méter pasagi anu mana éta tempat mangrupa pamiceunan kokotor ti salah sahiji kampung, hasilna geus dilaporkeun ti saprak dipelakan ku tangkal bayongbong geus ngabalukarkeun ngorotan/nurunkeun amonium-N, nitrat-N jeung organik-N ngurangan masing-masing 59%, 40%, 21% jeung 86%, dumasar kana panalungtikan leuwih jero orotna kandungan amonia ku lantaran ogé volatilization atawa ngagaringan ku lantaran panas tina keusik anu aya dina éta tempat utamana mangsa usum halodo nepikeun ka (56-62० C) [10]

Mangpaat séjéna bayongbong utamana daun ngora dipaké parab ingon-ingon kayaning Sapi, domba, embé, jeung réa-réa deui, ogé bisa dipelak pikeun panutup taneuh sangkan henteu orot lantaran hujan atawa nyingkahan sangkan henteu rempag (longsor)[11]

Tempat hirup

édit

Ampir di sapanjang sisi susukan Memberamo tangkal bayongbong loba kapangih, utamana beulah kidulna susukan anu ngalir ka kaler engkena nepi ka muara di laut Arafura, leuweung diieu wewengkon mindeng pisan kakeueum ku alatan caah anu antukna leuweung mibanda rawa-rawa anu mangrupa tempat anu dipikaresep ku tangkal bayongbong, ku lantaran ieu loba pisan kapanggih dapuran tangkal bayongbong[12][13]

Tutumbu Kaluar

édit

Tempo Ogé

édit
  1. Manjah
  2. Kakasangan
  3. Jagong
  4. kaso

Dicutat tina

édit
  1. Steudel, E.G. von. 1841. Nomenclator Botanicus. Editio secunda Pars 2: 324. Stuttgartiae et Tubingae :Typis et sumptibus J. G. Cottae 1840-1841.
  2. Retzius, A.J. 1791. Observationes botanicae :sex fasciculis comprehensae. Fasc. iv. 21. Lipsiae [Leipzig] :Siegfried Lebrecht Crusium (1779-1791).
  3. The Plant List: Phragmites karka (Retz.) Trin. ex Steud.
  4. Kasongket dina kamus Sunda
  5. Spesies bayongbong
  6. Heyne, K. 1987. Tumbuhan Berguna Indonesia I: 305. Badan Litbang Kehutanan, Departemen Kehutanan. Jakarta. (versi berbahasa Belanda -1922- I: 246-7)
  7. Flora of Pakistan: Phragmites karka
  8. Mangpaat bayongbong pikeun suluh
  9. Mangpaat tangkal bayongbong
  10. Dimangpaatkeun pikeun panyaring kokotor
  11. Bayongbong parab ingon-ingon
  12. Hirup dirawa-rawa jeung sisi susukan di Memberamo
  13. FAO: Phragmites karka (Retz.) Steud. Archived 2016-04-12 di Wayback Machine