Careuh galing
Careuh galing | |
---|---|
Status konservasi | |
Klasifikasi ilmiah | |
Karajaan: | |
Filum: | |
Kelas: | |
Ordo: | |
Kulawarga: | |
Subfamili: | |
Génus: | Paguma Gray, 1831
|
Spésiés: | P. larvata
|
Ngaran binomial | |
Paguma larvata (C. E. H. Smith, 1827)
| |
Careuh galing; Larvata Paguma; Musang Sawit Bertopéng, nyaéta hiji genus sato anu kagolongkeun kana careuh.[1] Kapanggih hirup di Népal, Kalimantan jeung Singapura.[1] Diseut Larvata atanapi Masked, alatan ayana corétan bodas handap tarang jeung irungna.[1] Sarta buleudan bodas sabudeureun panon, kukituna ieu careuh katempo kawas maké teregos atawa topeng. Di Cina ieu careuh disebutna Yu-min-mao, Éta mangrupikeun careuh anu tanginas tétérékélan kana tangkal.[1] Spésiés séjénna nyaéta PAGUMA BODAS jeung PAGUMA WOOLLY.
Taksonomi
éditTaksonomi Spésiésna ngan dina genus kalawan mibanda 13 subspésiés digambarkeun, salah sahijina (P. L. leucocephala) anu aya di Kalimantan (Corbet & Hill 1992).[2]
Kapanggih hirup di Pakistan Kalér jeung Kashmir nepi ka Indocina jeung Semenanjung Malaya, aya ogé di Cina kidul jeung wétan, Kapuloan Andaman, Taiwan, Hainan, Sumatra katut Kalimantan.[2]
Status populasi jeung kapadetan di Bornéo. (1985) Ngalaporkeun yén ieu spésiés lolobana aya di Kalimantan kalér, kalawan anu kacatet di pangkidulna ti G. Liang Kubung di Kalimantan Kulon jeung hulu Walungan Mahakan di Kalimantan Wétan.
Kitu deui hiji spésimén ti Walungan Barito (van Strien 2001), yén Kalimantan kidul mangrupa bagian tina amparan (rentang:. Ogé catetan ti kidul Walungan Mahakan (G. Frederiksson di litt mun Meijaard), sarta Mahakam Lakes (Gönner 1997); meureun ogé di sakuliah Kalimantan Kulon (Blundell 1996; Jeanes & Meijaard 2000; Simons 1987).[2]
Habitat
éditHabitatna diwewengkon dataran handap jeung leuweung gunung handap, boh dina tempat primér jeung sekundér (Azlan 2003; Yasuma & Andau 2000); sakapeung asup ka pikebonan pikeun nyiar dahareun (Yasuma & Andau 2000).[2]
Kahirupan Sapopoé
éditCareuh galing kagolongkeun kana sato nokturnal; mimiti bijil ti sayang panyuputan antara tabuh 19.30 jeung 22.30 (Rabinowitz 1991), sayangna dina palebah pasir tapi mun seug teuaya bisa wae nyayang (istirahat) dina taneuh, di wewengkon kalawan 80-90% katutupan taneuh (Rabinowitz 1991).
Mikaresep kana tempat anu deukeut ka susukan, sayangna nyieun sorangan tacan kungsi kapanggih ngeusian sayang urut sato séjén.[2]
Ingkah ti sayangna/imah rata-rata = 0,93 km² (Rabinowitz 1991); anu bikangna malah nepika leuwih 3,7 km² (Rabinowitz 1991); variabelna gumantung kana kasampak henteuna dahareun (Joshi et al. 1995; Rabinowitz 1991).
Sacara umum, jauhna lunta ti sayang, gumantung kana kanaékan linier beurat jeung ukuran individu (Rabinowitz 1991); sanajan rentang imah sakabéh némbongkeun tumpang tindihna “considerable”, jarak ti sayang dina waktu bulanan leuwih diwatesan sarta henteu tumpang tindih (Rabinowitz 1991); bukti némbongkeun yén careuh galing bisa jadi concentrating gerakan maranéhanana sabudeureun wewengkon tempat nyiar dahareun (Rabinowitz 1991); gerakan dina poean 620 m (Rabinowitz 1991); rata-rata radius kagiatan bulanan 484 m (Rabinowitz 1991).[2]
Kadaharan
éditÉkologi Matéri kadaharanna sato ieu diwangun ku 60-90% tina diet (Heydon & Bullo 1996), lolobana rodénsia kalayan bukti gegeremet, inséktivora, oray, kadal, manuk jeung jukut. Ogé ngakan buah. Transek pikeun spésiés tangkal fruiting nunjukkeun yén spésiés tangkal fou kapanggih paling sering katempo dina tai luwak (60%) ngan 22% tina tangkal th kapanggih dina transek (Rabinowitz 1991).
Subspésiés
éditSpésiés séjén careuh galing; Masked Palem diantarana:
Paguma larvata grayi (Bennett, 1835)
éditPaguma larvata tytleri (Tytleri, 1864)
édit- Éndemik ka India, Pulo Andaman Kidul.
Paguma larvata wrroughtoni Schwarz, 1913
édit- Éndemik ka Asia Kidul
- India-Himachal Pradesh, Jammu sareng Kashmir, sareng Uttarakhand
- Pakistan-Punjab
Paguma larvata neglecta Pocock, 1934
éditDicutat tina
édit- ↑ a b c d Craig, Hugh (1897). The Animal Kingdom: Based Upon the Writings of the Eminent Naturalists, Audubon, Wallace, Brehm, Wood and Others, Volume 1Craig. Perpustakaan Umum New York: Johnson & Bailey. p. 323. ISBN - Check
|isbn=
value (bantuan). Disungsi6 Méi 2024 - ↑ a b c d e f Douglas Sheil, Robert Nasi, David Augeri, Barry Rosenbaum, Djoko Iskandar, Titiek Setyawati, Martjan Lammertink, Ike Rachmatika, Anna Wong, Tonny Soehartono, Scott Stanley, Timothy O’Brien, E. Meijaard (2025). Life After Logging: Reconciling Wildlife Conservation and Production Forestry in Indonesian BorneoDouglas Sheil, Robert Nasi, David Augeri, Barry Rosenbaum, Djoko Iskandar, Titiek Setyawati, Martjan Lammertink, Ike Rachmatika, Anna Wong, Tonny Soehartono, Scott Stanley, Timothy O’Brien. Indonésia: CIFOR. p. 260. ISBN 9789793361567. Disungsi11 Juli 2023
- ↑ Srinivasulu, Bhargavi Srinivasulu, Chelmala (2012). South Asian Mammals: Their Diversity, Distribution, and StatusSrinivasulu, Bhargavi Srinivasulu. Indonésia: Springer Science & Business Media. p. 343. ISBN 9781461434498. Disungsi5 Mei 2024
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |