Daéng Soetigna
Page Modul:Infobox/styles.css has no content.
Daéng Soetigna | |
---|---|
Gumelar | 13 Mei 1908 Garut, Hindia-Walanda |
Tilar dunya | 8 April 1984 (yuswa 75) Bandung, Indonesia |
Kabangsaan | Indonesia |
Pagawéan | Pamusik, pamaén angklung |
Dipikawanoh salaku/lantaran | Ngaciptakeun angklung diatonis |
Daéng Sutigna, dipikawanoh Éclé atawa Étjlé (gumelar di Garut, 13 Méi 1908 – maot di Bandung, 8 April 1984 dina umur 75 taun), nyaéta salah sahiji guru nu leuwih kasohor salaku panyipta angklung diatonis. Karya anjeunna nu bisa ngadobrak tradisi, nyieun waditra tradisional Indonésia jeung tiasa maenkeun musik-musik Internasional. Anjeunna ogé aktip dina pintonan orkes angkulung di sagala wewengkon di Indonesia.[1]
Pendidikan jeung karier
éditIndung jeung bapana Daéng Soetigna mangrupa bangsawan Sunda. Anjeunna baruntung tiasa ngalaman pangajaran jaman Walanda nu saat éta masih kawates pisan keur pribumi. Anjeunna kungsi diajar di Sakola HIS Garut (1915-1921) sarta Sakola Raja (Kweekschool) Bandung (taun 1922–1928). Saatos tamat ti HIK, Daéng Soetigna janteun guru di Schakelschool Cianjur (1928), HIS Kuningan (1931), Pupuhu Sakolah Rakyat (1942), sarta SMP Kuningan. Taun 1948, Daéng pindah ka Bandung janteun pupuhu sekolah SD sareng ditempatkeun kana Jawatan Kabudayaan Provinsi Jawa Barat. Taun 1950, diangkat janten Panilik Sakola dina bagian kursus-kursus dina Kementerian Pendidikan jeung Kabudayaan Jakarta.[1]
Keur leutik Daéng resep mainkeun angklung, nalika ngajar di Kuningan, manéhna diajar sekeseler angklung, kaasup pembutanna, ti jalma nu namina Djaya. Nalika Daéng diajar di Kweekschool diajar musik barat, nyobian ngajieun angklung diatonis jeung ngajarkeun ka murid-muridna. Anjeunna nganggap angklung diatonis leuwih komunikatif pikeun diajarkeun ka budak leutik. Mung angklung tradisional mangrupa angklung rénténg nu dimainkeun ku nyalira, angklung nu dijieun dimainkeun ku sasarengan, unggal jalma ngabunyikeun ngan hiji nada, Dina taun 1950-an manéhna nyebarluaskeun angklung dina kalangan masarakat ku kituna dina taun 1950 angklung janten kasohor. Dina pertunjukan Konferensi Asia-Afrika dina taun 1955, angklung Daéng janten salah sahiji nomor acara. Nalika éta angklung diatonis mineung ditampilkeun dina acara-acara resmi, sapertos dina acara World Fair di New York dina taun 1964, Daéng mingpin kasenian éta di Pavilyun Indonesia, kaasup Angklung, salila 8 bulan. Salajengna di Perancis jeung Belanda ngayakeun ogé kasenian angklung. Dina taun 1960 anjeuna janten Direktur Konservatori Karawitan (KOKAR) Bandung dugi ka taun 1964. Taun 1967 kasenian angklung teras diayakeun di nagara-nagara nu sanesna sapertos Malaysia. Anu dilakukeun ku Daéng ieu diturutan ku murid-muridna, sapertos Anjar (Andjar) Sumyana, Agam Ngadimin, Hidayat W, Sanu'i (Sanoe'i), Opan Sopandi, Yahya Érawan, Udjo Ngalagena, jsb.[2]
Panghargaan
éditPanghargaan nu ditarima ku Daéng di antawisna:[1]
- Piagam Panghargaan di Widang Kasenian khususnna jeung Kabudayaan ti Gubernur Jawa Barat, Brigjed Mashudi (28 Februari 1968).
- Piagam Panghargaan pikeun ngadorong kamekaran kasenian angklung di ibukota ti Gubernur DKI Jakarta, Ali Sadikin (10 September 1968).
- Tanda Kahormatan Satya Lencana Kabudayaan ti Presiden Republik Indonesia, Jend. Soeharto (15 Oktober 1968).
- Piagam Panghargaan dina pabinaan jeung pangembangan seni daerah, khususna seni angklung, ti Gubernur Jawa Barat, H.A. Kunaefi (17 Agustus 1979).
Saatos ngantunkeun, Daéng masih narima panghargaan, di antawisna:[1]
- Piagam Panghargaan, salaku seniman angklung nu geus berkarya ngaharumkeun Jawa Barat di tingkat Nasional, ti Gubernur Jawa Barat, Danny Setiawan (21 Juli 2005).
- Piagam Panghargaan dan Metronome Award 2006, salaku pengembang musik tradisional angklung, ti Pusat Persatuan Artis Penyanyi, Pencipta Lagu, dan Penata Musik Rekaman Indonesia (21 Juli 2005).
- Panghargaan Nasional Hak Kekayaan Intelektual 2013, nu atos nyiptakeun angklung, ti Menteri Hukum dan Hak Asasi Republik Indonesia, Amir Syamsudin (26 April 2013).
Rujukan
édit- ↑ a b c d Sumarsono, Tatang; Pirous, Erna Ganarsih (2009). Membela Kehormatan Angklung: Sebuah Biografi dan Bunga Rampai Daeng Soetigna. Yayasan Serambi Pirous.
- ↑ Rosidi, Ajip, 1938-; Pustaka Jaya (Firm) (2000). Ensiklopedi Sunda : alam, manusia, dan budaya, termasuk budaya Cirebon dan Betawi (Cet. 1 ed.). [Jakarta]: Pustaka Jaya. ISBN 9794192597. OCLC 45463431.