Sampeu

hui tangkal
(dialihkeun ti Dangdeur)
Sampeu
Pedaran sampeu Koehlers Medizinischepflanzen
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Divisi:
Kelas:
Ordo:
Kulawarga:
Subfamili:
Tribus:
Génus:
Spésiés:
M. esculenta
Ngaran binomial
Manihot esculenta
Crantz
Manihot esculenta

Sampeu atawa dangdeur (sok disebut ogé hui tangkal; basa Inggris: cassava) nyaéta tangkal ti kulawarga Euphorbiaceae.[1] Beutina dipikawanoh minangka kadaharan poko anu mibanda karbohidrat sarta daunna minangka sayuran.[2] Sampeu tumuwuh di daérah tropis jeung daérah subtropis.[3]

Gambaran

édit
 
Beuti sampeu siap dijual.

Sampeu mangrupa beuti atawa akar tangkal anu panjang jeung boga garis tengah rata-rata 2–3 cm sarta panjang 50–80 cm, gumantung kana jinis sampeu anu dipelak.[4] Daging beutina boga kelir bodas atawa semu konéng.[4] Beuti sampeu henteu bisa lila disimpen sanajan ditempatkeun dina lomari és.[4] Gambaran karuksakan ditandaan ku kaluarna warna biru kolot alatan kawangunna asam sianida anu boga sipat racun pikeun manusa.[4]

Beuti sampeu mangrupa sumber énergi anu beunghar ku karbohidrat tapi kacida kurang ngandung protéin.[4] Sumber protéin anu alus malahan aya dina daun sampeu alatan ngandung asam amino métionin.[4]

Sajarah sarta pangaruh ékonomi

édit

Jinis sampeu Manihot esculenta mimiti dipikawanoh di Amérika Kidul, saterusna dibudidayakeun dina mangsa pra-sejarah di Brasil sarta Paraguay.[5] Wangun-wangun modéren tina spésiés anu geus dibudidayakeun bisa kapanggih tumuwuh liar di Brasil kidul.[5]

Produksi sampeu dunya dikira-kira ngahontal 184 juta ton dina taun 2002.[5] lolobana produksi dihasilkeun di Afrika 99,1 juta ton sarta 33,2 juta ton di Amérika Latin sarta Kapuloan Karibia.[5]

Sampeu dipelak sacara komérsial di wewengkon Indonésia (waktu éta Hindia Walanda) dina kira-kira taun 1810 Payer, M. HBI weltweit. 5.3. Zur Geschichte Indonesiens. Édisi 1997-03-18. Diaksés 18 Méi 2007, sanggeus saméméhna diwanohkeun ku urang Portugis dina abad ka-16 (beunang mawa ti Brasil).[5]

Produksi

édit

Beuti akar sampeu réa ngandung glukosa sarta bisa didahar atah-atah.[6] Rasana rada amis, aya ogé anu pait gumantung kana kandungan racun glukosida anu bisa nyieun asam sianida.[6] Beuti anu rasana amis ngahasilkeun paling saeutik 20 mg HCN pér kilogram beuti akar anu seger kénéh, sarta 50 kali leuwih réa dina beuti anu rasana pait.[6] Dina jinis sampeu anu amis, prosés ngasakkeun pohara diperlukeun pikeun nurunkeun kadar racunna.[6] Tina beuti ieu bisa ogé dijieun tipung aci.[6]

Kaguna

édit

Sampeu dikokolakeun ku sagala rupa cara, sampeu réa dipaké dina sagala rupa macem asakan.[6] Dikulub pikeun ngagantikeun kentang, sarta palengkep asakan.[6] Tipung sampeu bisa dipaké pikeun ngaganti tipung gandum, alus pikeun panyandang alergi.[6]

Sampeu minangka kadaharan ingon-ingon

édit

Sampeu ilahar dipaké minangka kadaharan pikeun ingon-ingon di nagara-nagara kawas di Amérika Latin, Karibia, Tiongkok, Nigéria sarta Éropa.[7]

Tempo ogé

édit

Rujukan

édit

Bacaan Umum

édit
  1. FAO, June 2003 cassava market assessment Archived 2007-11-24 di Wayback Machine, 2003
  2. Cereda, M.P. and Mattos, M.C.Y. (1996). "Linamarin - The Toxic Compound of Cassava". Journal of Venomous Animals and Toxins (online) 2 (1), 6-12; ISSN 0104-7930 [1]

Rujukan

édit

Tumbu ka luar

édit