Gandrum
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Divisi:
Kelas:
Ordo:
Kulawarga:
Génus:
Sorghum

Spesies

Aya kana 30 spésiés, tempo di handap

Gandrum; sorgum; (Sorghum spp.) nyaéta hiji tutuwuhan anu asalna tina kulawargga Poaceae.[1] Ieu tutuwuhan sarwa guna tiasa dianggo mangrupa sumber pangan, parab ingon sareng bahan baku industri. Salaku bahan pangan, gandrum aya dina nomer ka-5 saatos gandum, jagong, paré, tur hanjeli.[1] Gandrum mangrupikeun makanan pokok penting di Asia kidul kitu deui di Afrika sub-sahara.[1]

Ngaran séjén édit

Ngaran daérahna,kayaning : jaba bĕndil, jaba bĕngkok (Bat.); jagung roté, jawaras, gandum, gĕndum (Mly.); jaguĕng garai, gandun (Mink.); jagung cĕtrik, gandrum, gandrung, goel (Sd.); cantél, gandum, jagung cantél, j. inda, j. pari, oncér (Jw.); jhaghung bhulir, oncér (Md.); batara tojéng (Mak.); bata (Bug.); sĕla (Flores); dela (Solor); péla’ dae’, péla hik (Rote); téraé hawu (Sawu); wataru hamu (Sumba); jeung réa-réa deui.[2]

Kandungan kimia jeung kagunaan édit

Gandrum ogé ngandung serat:fiber teu larut cai atanapi serat kasar sareng serat pangan, masing-masing ageungna 6,5% - 7,9% tur 1,1% - 1,23%. Kandungan protein ogé saimbang sareng jagong gedéna 10,11% sedangkeun jagongmah 11,02%.

Kitu ogé sareng kandungan pati gedéna 80,42% sedengkeun kandungan dina jagong 79,95%. Hanjakalna, tipung gandrum kurang dipikaresep alatan henteu mibanda gluten sapertos anu aya dina tipung tarigu. Masyarakat Indonésia geus karung mikaresep kana tipung tarigu, alatan kandung gluten anu loba, gluten ieu anu ngawangun adonan emih jeung roti jadi élastis.

Sok padahal Loba teuing ngonsumsi bahan pangan anu ngandung gluten ogé henteu alus pikeun kaséhatan, alatan bisa ngabalukarkeun celiac desease. Malahan ieu mangrupi salah sahiji jalan kaluar tina ayana alternatif tipung anu leuwih sehat pikeun dikonsumsi tayalian tipung gandrum.[3]

Sagigireun kitu gandrum dipikanyaho mibanda mangpaat anu leuwih hadé tibatan tipung tarigu alatan gluten free sarta mibanda angka glikemik index anu saeutik tangtuna milu ngarojong trend gerakan konsumén gluten free diet saperti di nagara-nagara maju.[3]

Budidaya gandrum édit

Gandrum kagolongkeun tutuwuhan anu gampil dibudidayakeun kituna waragad anu dikaluarkeun pikeun ngurusna kaitung murah katut bisa dipelak tumpangsari jeung tutuwuhan séjén, kayaning: paré huma, kadelé, kacang taneuh atawa bako, tangtuna ogé bisa dipelak sacara monokultur. Dina sakali melak, gandrum bisa dipanén leuwih ti sakali ku kituna gandrum kasebut tutuwuhan anu mibanda produktivitas alus. Daérah budidayana gandrum lega pisan, gandrum bisa hidup ti mimiti daérah landeuh nepika daérah tonggoh kalayan iklim tropis-garing nepika iklim baseuh.[4]

Di Indonesia, daérah anu melak gandrum kawilang loba. Kiwari, daérah anu ngahasilkeun gandrum mimiti ti Jawa Tengah (Pati, Demak, Wonogiri, Grobogan), Yogyakarta (Gunung Kidul, Kulon Progo), Jawa Timur (Lamongan, Bojonegoro, Tuban, Probolinggo), nepika sawaréh daérah di Nusa Tenggara Barat jeung Nusa Tenggara Timur.[5] Sorgum kaasup tutuwuhan prioritas kadua pikeun petani di Nusa Tenggara Timur saenggeus tangkal jagong, alatan sagigireun gandrum bisa dipelakk dina lahan-lahan anu teupati subur, saperti halodo leuwih panjang, irigasi kurang, tutuwuhan sorgum ogé bisa dimangpaatkeun salaku parab ingon-ingon. [6].

Spésiés édit

Tutumbu ka luar édit

 
Wikimedia Commons logo
Wikimedia Commons mibanda média séjénna ngeunaan

Referensi édit

  1. a b c Arif, Ahmad; Kepustakaan Populer Gramedia (2020). Sorgum: Benih Leluhur untuk Masa Depan. Jakarta: Kepustakaan Populer Gramedia. p. 8. ISBN 9786024813710. 
  2. Heyne, K. 1987. Tumbuhan Berguna Indonesia I: 192-6. Badan Litbang Kehutanan, Departemen Kehutanan. Jakarta. (versi berbahasa Belanda -1922- I: 138-42)
  3. a b Prihandana, Rama; Niaga Swadaya (2008). Energi hijau: pilihan bijak menuju negeri mandiri energi. Jakarta: Niaga Swadaya. p. 117. ISBN 9789790020672. 
  4. Biba, M. Arsyad (2015). "Prospek pengembangan sorgum untuk ketahanan pangan dan energi". Iptek Tanaman Pangan 6 (2). 
  5. Sirappa, M.P. (2003). "Prospek Pengembangan Sorgum di Indonesia sebagai Komoditas Alternatif untuk Pangan, Pakan, dan Industri". Jurnal Litbang Pertanian 22 (4): 133-140. 
  6. Subagio, Herman dan Muh Aqil (2013). "Pengembangan Produksi Sorgum di Indonesia.". Seminar Nasional Inovasi Teknologi Pertanian: 199-214. 

Citakan:Bahan pangan Citakan:Tanaman-stub