Kunyit
Malai/ranggeuyan kunyit ngora
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
(unranked):
(unranked):
(unranked):
Ordo:
Kulawarga:
Subfamili:
Génus:
Spésiés:
S. italica
Ngaran binomial
Setaria italica
Sinonim
  • Panicum italicum L., 1753[2] (basionym)
  • Panicum viride subsp. italicum (L.) Asch. & Graebn.
  • Panicum viride var. italicum (L.) Backer
  • Chaetochloa italica (L.) Scribn.

sinonim selengkapnya, lihat pada The Plant List.[3]

Kunyit; jawawut; Setaria italic nyaéta hiji tutuwuhan anu asalna tina kulawargga Poaceae.[4] Mangrupa serealia sikina lalembut/ (milet) baheula jadi kadaharan utama /makanan pokok masyarakat Asia Timur ogé Asia Tenggara saméméh budidaya paré dipiwanoh.

Tutuwuhan ieu tayalian anu munggaran dibudidayakan di antara sarupaning milet jeung kiwari jadi milet anu pang legana dipelak di sakuliah dunya, ogé anu pangpentingna di Asia wétan.

Ngaran séjén=

édit

Kunyit mibanda ngaran anu béda-béda di unggal daérah, saperti, jawa (Plb.); jaba ikur (Bat.); jaba uré (Toba); jĕlui (Riau); sĕkui (Mly.); sĕkuai, sakui, sakuih (Min.); randau (Lamp.); jawae (Day.)Citakan:Specify; jawawut, kunyit, sekul (Sd.); jawawut, juwawut, oték (Jw.); jhâbâ , jhâghung jhâbâ, jhâbalék (Md.); jawa sĕmi, jawawut (Bl.); botai, boté, wotei, batung, wetung, gětung (rupa-rupa dialék di Sulut)Citakan:Specify; batang, bětěng, wětěng, bané, bailo, wailo (Sulsel)Citakan:Specify; botoh, sain (Timor); hotong, atong, hetene, hetenu (Ambon); hétan (Wetar); wetan (Solor); botan (Kai, Tanimbar); bétén, fétén (Buru); bobootĕné, botĕmé (Hal.); futu (Ternate & Tidore).[5].

Ciri mandiri

édit
 
Malai/ranggeuyan kunyit, ti kebon Tabir Barat, Merangin, Jambi

Kunyit tutuwuhan sausum kawas jukut, jangkungna bisa nepi ka 150(–175) cm. tangkalna ajeg, sakapeung aya nu nyagak. Daun tunggal, bijil selang seling, wujudna garis atawa pita, 15–30(–50) cm × 0,5–2,5(–4) cm, mencos di tungtung, tulang daun tengahnya ngajendul; kalayan panjang palapahna 10–15(–25) cm, aya anu gundul aya anu buluan, létahna (ligula) pendék, berjumbai.[6]

Malaina rapet sok disebut ranggeuyan, "buluan", jeung panjang bisa nepika 30 cm, ku kituna urang Inggris nyebutna ieu tangkal "milet ekor rubah" (foxtail millet). Bulirna leutik, gedéna ngan 3mm diaméterna, malahan aya anu leuwih leutik. Kelir bulir rupa-rupa, mimiti ti hideung, wungu, beureum, nepika semu coklat.

Mangfaat

édit

Di negri Cina nembongkeun paling henteu kunyit geus dibudidayakeun dina kurang leuwih 5.000 tahun saméméh Masehi[6]. Mangsa harita, kunyit hiji-hijina sisikian anu dibudidayakeun. Ti Cina, ieu tu tuwuhan tuluy menyebar ka kulon, nepika Éropa dina kurang leuwih milénium ka tilu[6] saméméh Masehi. Urang Romawi geus mikawanoh tur ngabudidayakeun, anu matak ieu tutuwuhan ogé dipiwanoh "milet Italia".

Rumphius nulis hotton atawa botton ieu ngahaja dipelak di Bali, Makassar, jeung Buru, ngan heunteu pati loba. Hasilna diasakan kalayan dicampurkeun cipati kalapa nepika jadi bubur.[7].

Aya dua golongan kunyit varietas biologis. Anu kahiji kunyit anu bisa dikonsumsi jalma, S. italica var. italica, jeung anu ka dua tayalian anu bisa dijadikeun parab manuk, S. italica var. moharica.

Sagigireun sikina, kunyit ogé ngahasilkeun héjoan pikeun parab ingon-ingon. Kunyit bisa diproduksi nepika 15-20 ton héjoan dina sahéktar sarta 3,5 ton jarami dina sahéktar.[8]

Dicutat tina

édit
  1. Palisot de Beauvois, Ambroise-Marie-Francois-Josep. 1812. Essai d'une Nouvelle Agrostographie; ou Nouveaux Genres des Graminées; Avec Figures Représentant les Caractéres de tous le Genres: 51, 170, 178. Imprimerie de Fain. Paris :Chez l'Auteur [Dec 1812].
  2. Linné, C. von & L. Salvius. 1753. Species plantarum :exhibentes plantas rite cognitas, ad genera relatas, cum differentiis specificis, nominibus... Tomus I: 56. Holmiae :Impensis Laurentii Salvii.
  3. The Plant List: Setaria italica (L.) P.Beauv.
  4. KBBI: jawawut
  5. Heyne, K. 1987. Tumbuhan Berguna Indonesia I: 256-8 (sebagai Panicum viride Linn. ß italica Linn.). Badan Litbang Kehutanan, Departemen Kehutanan. Jakarta. (versi berbahasa Belanda -1922- I: 207-8, sebagai Setaria viridis P.Beauv. ß italica Asch. & Graebn.)
  6. a b c Brink, M., 2006. Setaria italica (L.) P.Beauv. Archived 2014-07-14 di Wayback Machine In: Brink, M. & G. Belay (Eds). Plant Resources of Tropical Africa (PROTA) 1: Cereals and pulses/Céréales et légumes secs. [CD-Rom]. PROTA, Wageningen, Netherlands.
  7. Rumpf, G.E. 1747. Herbarium Amboinense: plurimas conplectens arbores, frutices, ... Pars V: 202, Tab. 75 Fig. 2 (sebagai Panicum Indicum). Amstelaedami:apud Franciscum Changuion, Hermannum Uttwerf. MDCCXLVII.
  8. FAO: Setaria italica (L.) Beauv. Archived 2015-02-09 di Wayback Machine

Tutumbu ka luar

édit
 
Wikimedia Commons logo
Wikimedia Commons mibanda média séjénna ngeunaan