Buka ménu utama

Koko Koswara, ngaranna dipikawanoh minangka Mang Koko, gumelar di Kacamatan Indihiang, Tasikmalaya, 10 April 1917.[1] Bapana Ibrahim alias Sumarta, anu aya teureuh ti Sultan Banten (Sultan Hasanuddin).[1] Anjeunna dipaparin 8 putra, di antarana Tatang Benyamin Koswara (pupuhu Yayasan Cangkurileung) jeung Ida Rosida (tukang nembang kahot jeung kungsi jadi pamaén sinétron "Inohong di Bojongrangkong").[1] Atikan anjeunna dimimitian ti HIS (1932) nepi ka MULO Pasundan (1935). Mang Koko kagolong jalma anu ta'at tur patuh kana ajaran agama (Islam).[1]

Koko Koswara
Mang Koko
Gumelar10 April 1917
Indihiang, Tasikmalaya, Jawa Barat
Maot4 Oktober 1985 (yuswa 68)
Bandung, Jawa Kulon
KabangsaanBandéra Indonésia Indonésia
Nami panggilanMang Koko
ÉtnisSunda
AtikanMULO Pasundan
PagawéanSeniman, budayawan, pangajar dan wartawan
Taun aktip1937-1985
Kawanoh salaku/lantaranSeni karawitan Sunda
Dipangaruhan kuRaden Machjar Angga Koesoemadinata
Méré pangaruh kaUdjo Ngalagena
AgamaIslam
AnugrahPiagam Wijayakusumah ti Dépdikbud (1971)

Karirna dimimitian ti taun 1937 dina zaman pra-kamerdikaan.[1] Satuluyna digawé di Balé Pamulang Pasundan, Paguyuban Pasundan, De Javasche Bank; Harian Cahaya (Cahaya Simbun), Harian Suara Merdeka, Jawatan Penerangan Propinsi Jabar, guru anu saterusna jadi Diréktur Konsérvatori Karawitan Bandung (1961-1973); Dosén Luar Biasa di ASTI (Akademi Seni Tari Indonésia), Bandung, nepi ka tilar dunya tanggal 4 Oktober 1985.[1]

Bakat seni jeung karya-karyanaÉdit

Bakat senina turun ti ramana anu kacatet salaku juru ilo Ciawian jeung Cianjuran.[1] Anjeunna diajar ti seniman-seniman ahli karawitan Sunda anu geus kawentar, ogé neuleuman hasil karya widang karawitan ti Raden Machjar Angga Koesoemadinata (ahli musik).[1]

Mang Koko dipikawanoh minangka panaratas dina ngadegkeun mangrupa-rupa pakumpulan kasenian, di antarana: Jenaka Sunda "Kaca Indihiang" (1946), "Taman Murangkalih" (1948), "Taman Cangkurileung" (1950), "Taman Setiaputra" (1950), "Kliningan Ganda Mekar" (1950), "Gamelan Mundinglaya" (1951), jeung "Taman Bincarung" (1958).[1]

Ogé anjeunna anu ngadegkeun sakaligus jadi pupuhu munggaran ti "Yayasan Cangkurileung" puseur, anu cabang-cabangna sumebar di lingkungan sakola-sakola sakuliah Jawa Kulon.[1] Anjeunna ogé anu ngadegkeun tur pupuhu Yayasan Badan Penyelenggara "Akademi Seni Karawitan Indonesia" (ASKI), Bandung (1971). Kungsi anjeunna medalkeun majalah kasenian "Swara Cangkurileung" (1970-1983).[1]

Karya cipta kawih-kawihna dikempelkeun dina buku-buku, boh anu kungsi dipedalkeun atawa anu masih mangrupa naskah-naskah, di antarana: "Resep Mamaos" (Ganaco, 1948), "Cangkurileung" (3 jilid/MB, 1952), "Ganda Mekar" (Taraté, 1970), "Bincarung" (Taraté, 1970), "Pangajaran Kacapi" (Balébat, 1973), "Seni Swara Sunda/Pupuh 17" (Mitra Buana, 1984), "Sekar Mayang" (Mitra Buana, 1984), "Layeutan Swara" (YCP, 1984), "Bentang Sulintang/Lagu-lagu Perjuangan"; jrd.[1]

Karya-karyana sanés ukur dina widang kawih, nanging ogé dina widang seni drama sareng gending karesmen. Dina lebah dieu kacatet, upamana baé: "Gondang Pangwangunan", "Bapa Satar", "Aduh Asih", "Samudra", "Gondang Samagaha", "Berekat Katitih Mahal", "Sekar Catur", "Sempal Guyon", "Saha?", "Ngatrok", "Kareta Api", "Istri Tampikan", "Si Kabayan", "Si Kabayan jeung Raja Jimbul", "Aki-Nini Balangantrang", "Pangeran Jayakarta", "Nyai Dasimah".[1]

Pangajén ka Mang KokoÉdit

Mang Koko ginuluran loba pangajén, boh anu asalna ti pamaréntah, lembaga atawa organisasi masarakat (LSM), upamana baé: Piagam Wijayakusumah (1971), minangka pangajén pangluhurna ti pamaréntah puseur (id:Departemen Pendidikan dan Kebudayaan) dina kategori "Sebagai Pembaharu dalam Bidang Seni Karawitan".[1]

RujukanÉdit

  1. a b c d e f g h i j k l m n Urang Sunda. Miéling Mang Koko