Mantra nyaéta salah sahiji karya sastra wangun puisi heubeul nu dianggap miboga kakuatan gaib kalawan henteu bisa dipaké sagawayah [1]. Kecap mantra asalna tina basa Sansekerta nu hartina jampé-jampé; kekedalan nu ngandung kakuatan gaib jeung dipercaya ku jalma baheula[1].

Papasingan Mantra

édit

Ditilik tina eusina, mantra dibagi jadi genep rupa nyaéta jangjawokan, asihan, jampé, ajian, singlar, jeung rajah [1].

Jangjawokan

édit

Jangjawokan dipapatkeun upama rék milampah hiji pagawéan, anu dipalar téh sangkan kahontal pamaksudan kalayan hasilna nyugemakeun tur anu ngalampahkeunana aya dina karahayuan [2] . Upamana rék turun, leumpang, diuk, nangtung, midang, nganjang, masamoan, keupat, seuri, neuleu, nyiuk béas, ngisikan, dahar, nginum, nyeupah, jeung sajabana [2].

Jangjawokan Dipupur

édit

Pupur aing pupur panyambur
Panyambur panyangling rupa
Nyalin rupa ti déwata
Nyalin sari ti widadari
Nya tarang lancar mentrangan
Nya halis katumbirian
Nya irung kuwung-kuwungan
Dideuleu ti hareup sieup
Disawang ti tukang lenjang
Ditilik ti gigir lenggik
Mangka welas mangsa asih ka nu dipupur
Diténjo ku saider buana kabéh [1][2] .

Asihan

édit

Asihan atawa pélét dipapatkeun keur ngawasa sukma nu lian sangkan bogoheun jeung anu mapatkeun éta asihan téh punjul kakasépan atawa kageulisanana nepi ka saréréa padaasih, padanyaah, padaresep, upamana awéwé ku lalaki atawa lalaki ku awéwé, ku atasan, atawa ku dunungan [2].

Asihan si Burung Pundung

édit

Asihan kuring si burung pundung
maung pundung datang amum
badak galak datang depa
oray laki datang numpi
burung pundung burung cidra ku karunya
malik welas malik asih ka awaking [1][2].

Ajian

édit

Ajian dipapatkeun keur ngadatangkeun kakuatan, kabedasan, meunang karahayuan jiwa, raga jeung pakaya, gedé kawani, ludeungan, henteu keuna ku rupa-rupa balai, jeung wisaya, bedas, awét ngora [2].

Ajian Kabedasan

édit

Dampal suku ngabatu datar
Bitis ngabatu wilis
Nyurup ka badanna
Nyurup ka sungsumna
Getih sabadan
bédas ngala ka aki [1][2].

Singlar

édit

Singlar dipapatkeun keur nyinglar atawa nyingkahkeun hal-hal anu teu dipikahayang, saperti kasakit, siluman, jurig, kuntilanak, lelembut, jeung mahluk lianna anu sakirana sok ngagangu ka manusa [2].

Singlar ka Musuh

édit

Curulung cai ti manggung
Barabat ti awang-awang
Cai tiis tanpa bisi
Mun deuk nyatru ka si itu
Mun deuk hala ka si éta
Anaking palias teuing [1][2].

Jampé

édit

Jampé biasana dipapatkeun keur ngubaran atawa ngaleungitkeun kasakit, kanyeri, kacilakaan. [2]. Upamana baé kabeureuyan, dicoco kala, katerap kasakit puru rawit, jéngkoleun, jsb [2].

Jampe Ngarah Calakan

édit

Bismillah
Otak éncér lir paser jamparing
Panon seukeut lir panon heulang
Haté ngagebray caang lir srangéngé
Biwir matuh saciduh metu saucap nyata
Bray paningal pinuh ninditu ka awaking [2]

Rajah

édit

Rajah biasana dipapatkeun keur kasalametan, henteu kakeunaan ku hal-hal anu teu dipikahayang.[1][2] Baheula mah rajah sok dipaké paranti ngambah tempat nu sanget, rék muka pihumaeun, nyieun babakan, rék nyicingan hiji tempat, rék migawé kai pibahaneun, nalukkeun siluman, nulak gawé anu jail, paranti ngaruat, paranti caah atawa hujan, paranti pamunah impian goréng, dijauhkeun tina gangguan rupa-rupa dedemit jeung siluman.[2]

Rajah Citra Kasunyian

édit

Hong citra kasunyian
Hong citra kasundulan
Jleg bumi
Jleg manusa
Jleg sétan
Manusa wisésa
Sétan sampurna
Sampurna kersaning Alloh
Asahadu Alla Illaha Ilalloh
Waashadu Anna Muhammadar Rasululloh [1][2]

Rujukan

édit
  1. a b c d e f g h i Tim Dosen Pendidikan Bahasa Daerah. 2008. Bahasa dan Sastra Sunda. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah (id)
  2. a b c d e f g h i j k l m n o Tatang Sumarsono spk. 2014. Pamekar Diajar Basa Sunda. Bandung: Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat