Mara
Mahang damar, Macaranga triloba
tumbuh liar di Kampus IPB Darmaga, Bogor
Status konservasi
Not evaluated (IUCN 3.1)
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Divisi:
Kelas:
Ordo:
Kulawarga:
Génus:
Spésiés:
Macaranga triloba
Ngaran binomial
Macaranga triloba
Sinonim
  • Ricinus trilobus Thunb.[2] (basionym)
  • Pachystemon trilobus (Thunb.) Reinw. ex Blume
  • Macaranga quadricornis Ridl.
  • Macaranga cornuta Müll.Arg.
  • Tanarius trilobus (Thunb.) Kuntze

Sinonim selengkapnya: The Plant List[3]


Mara ngaran ilmiahna nyaéta Macaranga tanarius (L.) Mull. Arg. [4][5][6]Ngaran séjénna dina bahasa Indonesia sareng Ambon nyaéta hanuwa.[4][5][6] Ari bahasa Jawana nyaéta tutup ancur.[4][5][6] Hirup ngarungkun loba kapanggih di leuweung sekunder.[7] Kaina hipu, kelirna bodas méh teubisa dimangpaatkeu pikeun parabot sumawona bahan bangunan. Daun jeung buahna ngahasilkeun tanin; kawas geutah, baheula dimangpaatken pikeun ubar tradisional.[7]

Ngaran daérah édit

Tangkal mara mibanda ngaran daérah, saperti:, sapé (Mink.); mara, mara beureum, mara bodas, mara leutik (Sd.); tutup ancur, tutup ijo, tutup sruwa (Jw.).[8]

 
Kembang Jaluna
 
Kembang Bikangna
 
Ranggeuyan buahna


Tempat Sumebar édit

Tatangkalan ieu sumebar di Andaman jeung Nicobar, sareng ti Indochina ka Cina, Taiwan, pulau Ryukyu, Thailand, sakuliah wewengkon Malaysia, ka Australia kaler jeung Melanesia.[4][5][6]

Macaranga triloba nyebar lega ti mimiti Semenanjung Malaya (kaasup di jerona wilayah Thailand), Sumatra (kaasup Bangka), Jawa, nepi ka Filipina (Palawan, Sulu); ngan henteu kapanggih di pulo Kalimantan.[9]

Kai kesed ieu kagolongkeun kana tutuwuhan pionir anu ngeusian leuweung sekunder; tangkal tumuwuhna mimiti ti landeuh nepika tonggoh kurang leuwih 1.400 m dpl. Mara hirup dina rupa-rupa kaayaan habitat, kaasup dina leuweung dipterokarpa taneuh garing, sisi-sisi leuweung rawa, jeung ogé mangrupa salah sahiji tina saeutik mara anu bisa hirup dina leuweung anu usum-usum mindeng kahalodoan .[9]


M. triloba kagolong kana mara anu bisa simbiosis (mutualisme) jeung sireum; dina ieu kaayaan sireum-sireum tina marga Crematogaster subg. Decacrema.[7] tutuwuhan ieu nyadiakeun lolongkrang di jero régangna, disebut domatia, anu bisa dipaké nyumput ku sireum .[7] sagigireun ti éta, M. triloba ogé ngahasilkeun hiji substansi anu mibanda nutrisi (dipikawanoh : food body) pikeun kahakanan sireum; ilaharna diproduksi dina sisi daun salumpit/penumpu anu melengkung.[7] Ie ogé ngadatangkeun kauntungan pikeun tangkal mara dina nyingkahkeun hama jeung herbivor alatan ayana sireum-sireum anu ngagembrong, dina waktuna baris milu nyerang ka singsaha waé anu ngaganggu kana tangkal anu dicicinganna.[7][10]

Kagunaan édit

Pikeun framing lampu, molding, kasus packing, outriggers pikeun canoes.[4] [5][6]Ogé dipaké ubar tradisional, babakan dipaké pikeun disentri jeung daun pikeun pewarna.[4][5][6]

Mara ngahasilkeun kai anu hampang BJ 0,45; dina kakuatan bisa digolongkeun kana kelas III sarta dina awét dipaké kelas V.[11] Kai mara henteu loba dimangpaatekun; paling-paling dipaké suluh jeung turus pepelakan,[8] [11]

Mara ngahasilkeun geutah gom (kawas resin) anu cepel ieu bisa dimangpaatekun pikeun nyieun lém, sarta tanin.[8][11] Heyne dumasar catetan nu aya baheula di Bogor,cai godogan daun jeung buah mara beureum ieu dipaké pikeun ngubaran murus; meureun alatan lobana zat penyamak anu dipibanda.[8] Panalungtikan sababaraha taun katukang dipikanyaho yén daun mara mibanda kimia anu dipercaya bisa nyingkahan kanker.[12]

Tempo ogé édit

  • Smith, W. 1903. "Macaranga triloba: a new myrmecophilous plant". New Phytologist 2(4-5): 79-82, fig. 1-13.
  • Baker, J.A. 1934. "Notes on the biology of Macaranga spp." Garden's Bulletin, Straits Settlement vol. VIII(1): 63-8, pl. XI-XV.
  • Fiala, B., U. Maschwitz, & Y-P. Tha. 1991. "The association between Macaranga trees and ants in southeast Asia".[tumbu nonaktif] in E.R. Huxley & D.F. Cutler (Eds.) Ant-Plant Interactions: 263–70. Oxford:Oxford University Press.
  • Fiala, B., & U. Maschwitz. 1991. "Extrafloral nectaries in the genus Macaranga (Euphorbiaceae) in Malaysia: comparative studies of their possible significance as predispositions for myrmecophytism". Botanical Journal of The Linnean Society, vol. 44(4): 287-305. (DOI: 10.1111/j.1095-8312.1991.tb00621.x) (abstrak)
  • Fiala, B., & U. Maschwitz. 1992. "Food bodies and their significance for obligate ant-association in the tree genus Macaranga (Euphorbiaceae)". Botanical Journal of The Linnean Society, vol. 110(1): 61-75. (DOI. 10.1111/j.1095-8339.1992.tb00416.x) (abstrak)
  • Davies, SJ., SKY. Lum, R. Chan, & LK. Wang. 2001. "Evolution of myrmecophytism in Western Malesian Macaranga (Euphorbiaceae)". Evolution, 55(8): 1542-59. (DOI: 10.1111/j.0014-3820.2001.tb00674.x). (abstrak)
  • Prabawa, SB. 2002. "Some physical and mechanical properties of glue laminated mahang wood (Macaranga triloba)". (abstrak Archived 2016-11-08 di Wayback Machine pada AGRIS, FAO)

Dicutat tina édit

  1. Candolle, A. de. 1866. Prodromus Systematis Naturalis Regni Vegetabilis ... pars 15(2): 989. Parisii :Victoris Masson &f.
  2. Thunberg, CP. 1815. Dissertatio de Ricino: 6. Upsaliae :Excudebant Zeipel et Palmblad.
  3. The Plant List: Macaranga triloba (Thunb.) Müll.Arg. Archived 2023-08-04 di Wayback Machine
  4. a b c d e f Lemmens, R.H.M.J. and Bunyapraphatsara, N. (2003). Plant resources of south-east Asia. Backhuys, Leiden, the Netherlands.: Medicinal and poisonous plants 3. 
  5. a b c d e f Prawira, R.S.A. (1976). Daftar nama pohon-pohonan Jawa – Madura (I) Jawa Barat. bogor Indonesia: Bagian Botani Hutan Lembaga Penelitian Hutan. 
  6. a b c d e f Sosef, M.S.M., Hong, L.T. and Prawirohatmodjo, S (1998). Plant resources of south-east Asia. Backhuys, Leiden, the Netherlands.: Timber trees: Lesser-known timbers. 
  7. a b c d e f Heil, M., B. Fiala, KE. Linsenmair, G. Zotz, P. Menke, & U. Maschwitz. 1997. "Food body production in Macaranga triloba (Euphorbiaceae): a plant investment in anti-herbivore defence via symbiotic ant partners". Journal of Ecology 85: 847-61. (abstrak)
  8. a b c d Heyne, K. 1987. Tumbuhan Berguna Indonesia 2: 1166. Jakarta: Badan Litbang Kehutanan, Departemen Kehutanan.
  9. a b Whitmore, T.C. et al. (nd). "67. Macaranga". in: Malesian Euphorbiaceae Descriptions of Flora Malesiana (Prodromus).
  10. Heil, M., A. Hilpert, B. Fiala, R. bin Hashim, E. Strohm, G. Zotz, & KE. Linsenmair. 2002. "Nutrient allocation of Macaranga triloba ant plants to growth, photosynthesis and indirect defence". Functional Ecology 16: 475-83. (abstrak)
  11. a b c Sastrapradja, S., K. Kartawinata, U. Soetisna, Roemantyo, H. Wiriadinata, & S. Soekardjo. 1979. Kayu Indonesia. Seri LBN 14: 74-5. Bogor:Lembaga Biologi Nasional, LIPI.
  12. Jang, DS., M. Cuendet, AD. Pawlus, LB. Kardono, K. Kawanishi, NR. Farnsworth, HH. Fong, JM. Pezzuto, & AD. Kinghorn. 2004. "Potential cancer chemopreventive constituents of the leaves of Macaranga triloba". Phytochemistry, 65(3): 345-50 (Feb 2004). (abstrak)
 



 
Wikimedia Commons logo
Wikimedia Commons mibanda média séjénna ngeunaan