Muara
Muara atawa muhara nyaéta hiji tempat patepungna cai walungan jeung cai laut,[1] muara bisa mibanda harti ogé hiji tempat di mana ngocorna cai susukan paamprok reujeung susukan séjén anu leuwih gedé, bisa ogé amprok jeung balong atawa situ.[2][3][4]
Pedaran
éditBasa Inggrisna muara téh Estuaries (estuary)[5] ekosistem muara mibanda mangpaat anu pohara lobana utamana taneuhna anu subur loba ngandung nutrisi[5], Daérah muara biasana loba kapanggih leutak, embel (rawa)[4], lempung jeung keusik anu kabawa palid ti girang tuluy namper di muara jadi (sedimen)[4] , sasatoan anu hirup dimuara saperti rupa-rupa cacing, haremis, keuyeup,[5] rupa-rupa lauk gedé lauk leutik[6], sidat,[7] kuya[8], malahan disawaréh muara dicicingan ku sato galak saperti buaya muara.[9]
Rupa-rupa muara
éditDitempo tina ngocorna cai, muara dibédakeun kana dua rupa taya lian muara asli (limnetik) jeung muara limnokren.[8] Muara asli maksudna tempat anu ngalegok sisi basisir tur salawasna kakeueum ku cai anu nyaéta leberan cai tisusukan, muara limroken maksudna tempat anu ngalegok ayana disisi basisir tur paamprok jeung cai laut , cai anu ngeueum éta legokan bisa cai limnetik atawa cai anu ngaburial / ciburial anu aya handapeun éta legokan.[8]
Tatangkalan muara
éditTatangkalan anu hirup di muara kudu bisa nyaloyogkeun hirupna/beradaptasi utamana mangsa cai naék anu ngabalukarkeun tangkana kakeueum ku cai laut [6] Komunitas tutuwuhan anu hirup dimuara saperti jujukutan, ganggeng, jeung fitoplankton.[6] Muara nyaéta daérah pindahna/transisi cai susukan anu ngocor ti darat kalaut,[8] , di wewengkon tropis anu mibanda usum hujan anu panjang tur hawa anu jemlék muara dikuriling ku leuweung babakoan[8], tangkal nipah/dahon, pandan, sagu, jeung tatangkalan rawa anu séjénna.[10]
Sasatoan muara
éditDina habitat tatangkalan anu aya di muara kapanggih jutaan sasatoan/Organisme anu hirup gumantung kana ayana ieu muara.[6] komponén biotikna sacara garis badagna bisa digolongkeun kana:
nyaéta organisme anu hirupna tina kamampuana pikuen ngarobah bahan organik jadi anorganik (bisa nyieun kadaharan sorangan) organisme sarupa kieu aya dua rupa :
- Fotoautotrop : organisme anu mibanda kamampuan ngarobah énérgi cahaya pikeun ngarobah bahan anorganik jadi bahan organik.[rujukan?] Contona tatangkalan anu mibanda daun hejo.[6]
- Kemoautotrop : organisme anu bisa ngamangpaatkeun Energi tina ayana réaksi kimia pikeun nyadiakeun kadaharana tina bahan organik.[6]
Organisme ieu kacukupan organismena tina organisme anu sejen, contona : sasatoan, supa, jeung baktéri non autotrop.[rujukan?] Muara nyaéta tempat anu loba nyayagikeun kabutuha hirup organisme saperti teritip (Krustasea, Cirripedia), haremis jeung tutut (Bivalvia jeung Gastropoda) anu hirup handapeun beungeut cai, aya anu hirup jero leutak seperti cacing, ogé prédator badag : Baronang, Kerapu, Kapiting, Cucut, jeung Salmon.[6]
Pengurai atau dekomposer taya lian organisme menguraikan/ngaliyurkeun bahan organik anu asalna tina organisme paéh.[rujukan?] Pengurai disebut ogé konsumén makro (sapotrof) ku lantaran kahakananna mibanda ukuranan leuwih gedé. Kaasup kana Organisme anu kieu saperti kapiting, rupa-rupa haremis, baktéri, cacing laut, jeung supa.[6]
Dicutat tina
édit- ↑ "Muara". Diakses tanggal 2017-05-2.
- ↑ "Ngaran Patempatan dina Basa Sunda".
- ↑ "Muara".
- ↑ a b c "Geografi: Membuka Cakrawala Dunia". books.google.co.id. Diakses tanggal 2017-05-2.
- ↑ a b c "Ekosistem Muara". translate.com=2017-05-5.[tumbu nonaktif]
- ↑ a b c d e f g h i j k "Ekosistem muara". http://biologinatural.blogspot.co.id. Diakses tanggal 2017-05-5.
- ↑ "Sidat". books.google.co.id. Diakses tanggal 2017-05-2.
- ↑ a b c d e "Ekologi". books.google.co.id. Diakses tanggal 2017-05-2.
- ↑ "Air Sungai, Danau dan Laut". books.google.co.id. Diakses tanggal 2017-05-2.
- ↑ "Manajemen Hutan". books.google.co.id. Diakses tanggal 2017-05-2.
Baca Ogé
édit
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |