Ngarot nyaéto salasiji upacara adat Sunda enjang mapag usum garapan sawa nu dilaksanakun ke masarakat di Désa Léléa, Kabupatén Indramayu, Provinsi Jawa Kulon. Upacara iyu biasana dilaksanakun pas kur ndak usum ujan nyaéto antara bulan Oktober sampé ka Désémber.[1]

Pésta budaya Ngarot ngemimitian usum melak

Céka étimologi, kecap ngarot asala tina arot anu diwaca ngirung (ng-) nu boga arti nginung kamberan ento aus dui. Ngan dina arti séjéna, ngarot to siji kegiatan pésta anak angon seencan ngegarap sawa.[2]

Tradisi iyu memiti aya taun 1686 ke Kuwu Léléa kesiji anu arana Canggara Wirena.[3] Canggara Wirena ngaturkun kesuwun ka Kekolot Désa Léléa nyaéto Ki Kapol anu gis ngewakapkun sawa anu rubaka 2,6 éktar enjang digarap ku bujang jung cuéné.[4] Tina bikunun iyu diarepkun para bujang bisa diajar ngegarap sawa nu matak di Désa Léléa uwu anu kekurangan jung ésé ngakan. Bujang bakal munang pengalaman macul, melak paré, ngeburangan jukut anu ngeganggu jadina paré maké arit jung panén paré. Sementara cuénéna diajar kuma'a nganturkun akanan ka sawa seenggisa gawé jung melak sekema'a kemampuan.[3] Asil panén ti garapan bujang iyu bakal digunakun ngakan rujung-rujung dina upacara ngarot. Seenggisa éto, Ki Kapol mikunun sawa biyu ka Ki Dawi anu selanjuta dijadikun carik Kuwu enjang digarap sampé ka ayuna ke para bujang.[4]

Tujuan édit

 
Seurang cuéné dina tradisi ngarot.

Tradisi Ngarot dilaksanakun sebagé ungkapan rasa sukur ka Gusti sebaba gis méré kesempetan dina usum melak paré di sawa. Tujuan utama ngarot nyaéto ngajak dlema ngora enjang mélu jung gawé rujung-rujung dina ngemajukun petanén, kususa dina hal molah paré di sawa. Selain éto, diarepkun ogé para bujang bisa gaul secara sé'at ke cara kenalan, ngejaga sikap jung prilaku, kaayang nu sesuai jung tuntunan agama jung adat budaya Sunda.[5] Kadang, tradisi masarakat agraris iyu ogé dijadikun enjang néangan jodo antar kasinoman di Désa Léléa.[3]

Kelengkapan édit

Kesiapan perlengkapan gis dilakukun seencan poé upacara, terutama enjang nata tempat upacara di balé ke pamong désa, nyiapkun ba'an-ba'an enjang nyiun kéjo konéng jung sesajén nu dilakukun ke éwé pamong désa, nyiun rangkéyan kembang kenanga jung melati enjang dipaké ke para cuéné. Subuh-subuh seencan upacara dimemitian, éwé pamong désa masak kéjo konéng enjang disugukun kur acara di balé désa dimulai. Sedengkun, bujang-cuéné dangdan maké perlengkapan upacara di imana masing-masing.[6]

Bujang-cuéné édit

 
Pakéyan Cuéné dina Tradisi Ngarot.

Maké baju kebaya, sewet (kain panjang), seléndang, sabuk jung sendal atawa selop. Dirias bungutna sing gulis jung menarik. Maké per'iasan setenong, seperti bros, gelang, kalung, cingcin, jepit kaén, untaian peniti, jung giwang. Maké iasan buuk dikembangan tina kertas jagong, melati, jung rangkéyan kenanga. Aya keding janur anu dirangkéy persegi tolu disebut cunduk, dipaké cuéné anu gis tunangan kamberan tu diganggu ke bujang. Sedengkun, pakéan bujang ma komboran atawa pakéan tanén anu ngewengku celana komprang jung atasan sarwa idung jung maké iket.[6]

Umum édit

  • iasan enjang dékorasi balé désa jung ténda.
  • alat-alat kelompok kesenian nu tampil dina upacara.
  • bende atawa gong lutik enjang penanda acara dimemitian.
  • sesaji.
  • kelengkepan tani ngerupa bini paré, pedangan, pupuk, cai, pacul, jung pepelakan penolak bala (daun cau raja wulung, daun anjuang, keraras, aur konéng, daun ceringin).[6]

Prosés acara édit

  • Sepoé seencana dilakukun persiapan ritual, nata sesajén jung doa seencan tradisi ngarot dimemitian di ro'angan kusus nu disediakun di balé désa Léléa.
  • Persiapan ngerias pengantén ngarot, bujang jung cuéné anu rada lila, di ima pengantén masing-masing.
  • Pengantén laki jung éwé asup ka buruan ima kuwu nu dijadikun tempat ngumpul utusan ti sebebra'a daéra sekitar.
  • Penerimaan jung persiapan pawéy rujung-rujung kabé pengantén, sekabé aparat désa jung penggerak PKK desa jung diibur ku musik Tanjidor.
  • Pawéy kuriling sepanjang jalan désa seencan asup ka aréna balé désa.
  • Rombongan asup ro'angan balé désa enjang méluan sekabé rangkéyan upacara adat.
  • Prosés upacara adat anu uraiana jiga kiyu.[7]
    • Pidato kuwu anu isina nasé'at kekolot Désa Léléa jung pembukaan ngarot secara resmi secara simbolis ku cara nakol gong jung ngecrétkun cai ka ulu para pengantén wéwé. Nasé'at éto to Mikirun budak engkéna kuma'a (mikirkeun budak engkéna kumaha), Senajan boga arta kudu tetep usa'a (cacakan boga harta kudu tetep usaha), Kur ngora ula poya-poya (keur ngora ulah roroyalan), Kamberan kolota ula sengsara (sangkan kolotna moal sangsara), Dlema laki kerja éwéna usa'a (salakina digawé pamajikanna usaha), Néangan pekaya rukun runtut (néangan pakaya rukun runtut), Aturan agama kudu diturut (aturan agama kudu diturut), Slamet dunia jung akérata (salamet dunya jeung akhératna).
    • Ngewacakun sejarah tradisi Ngarot secara singkat.
    • Pidato sambutan ti Kuwu Léléa.
    • Mikunun bini paré ke kuwu désa ka jajaka bujang. Bikunun bini paré maksuda amber bini paré gura dipelak ke para bujang sampé aya asil panén anu réa payah.
    • Bikunun kendi anu isina cai bodas ke éwé kuwu ka éwé /cuéné. Maksuda prosési iyu to amber bini paré nu ndak dipelak ula kurang cai rujung kamberan cai na jero kendi jadi obat enjang nyuburkun tanuh nu engkéna ngasilkun panén anu réa payah.
    • Bikun terima alat-alat petanén, kawas pacul jung parang ke Raksa Bumi (nu ngurus sawa jung tanuh désa) ka lalaki atawa bujang.
    • Bikunun gemuk ke tokoh masarakat ka Lalaki atawa bujang. Pupuk éto digunakun kur ngegarap sawa enjang nyuburkun pepelakan paré.
    • Bikunun daun kelaras, daun anjuang, buku aur konéng, jung daun cau kelutuk wuluh ke Lebé (petugas nu ngurus kawinan) ka bujang. Maksud ngebikun daun-daun éto to amber daun-daun éto gura ditancepkun di tenga-tenga sawa kamberan paréna tu bunang ama jung réa-réa penyakit nu ngegangu.
  • Acara iburan penampilan tari topeng, ronggeng ketug jung tanjidor di alaman balé desa.[8]

Référénsi édit

  1. "Upacara Ngarot-Dinas Pariwisata dan Kebudayaan Provinsi Jawa Barat". www.disparbud.jabarprov.go.id. Diarsipkan dari versi asli tanggal 2020-08-05. Diakses tanggal 2020-09-19.  Archived 2020-08-05 di Wayback Machine
  2. Danadibrata, R. Alla (2006). Kamus basa Sunda (dalam Sundanese). Wedalan Panitia Penerbitan Kamus Basa Sunda, gawe bareng PT Kiblat Buku Utama, jeung Universitas Padjadjaran. pp. 34 dan 462. ISBN 978-979-3631-93-6. 
  3. a b c Publishing, TEMPO; al, Rita Nariswari et. Atraksi Budaya Nusantara. Tempo Publishing. 
  4. a b "Begini Sejarah Tradisi Ngarot di Lelea Indramayu, Hanya Perawan dan Perjaka yang Boleh Ikut". Tribun Jabar (dalam id-ID). Diakses tanggal 2020-09-19. 
  5. "Ngarot, Penyambutan Musim Tanam Desa Lelea". tirto.id (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2020-09-19. 
  6. a b c Tresnasih, Lasmiati (Maret 2016). "FUNGSI NGAROT UNTUK MASYARAKAT LELEA". Patanjala 8 (1): 37-52. https://www.researchgate.net/publication/323791284_FUNGSI_NGAROT_UNTUK_MASYARAKAT_LELEA. 
  7. "PENERAPAN NILAI-NILAI KEARIFAN LOKAL TRADISI NGAROT DALAM PEMBELAJARAN SOSIOLOGI". webcache.googleusercontent.com. Diakses tanggal 2020-09-19. 
  8. "Reaktualisasi Budaya Ngarot dalam Seni Pertunjukan Tradisional di Desa Lelea Kabupaten Indramayu". webcache.googleusercontent.com. Diakses tanggal 2020-09-19. 

Tutumbu keluar édit