Noer Alie (gumelar di Bekasi, Jawa Kulon, Hindia Walanda, 15 Juli 1914 – tilar dunya di Bekasi, Jawa Kulon, Indonésia, 29 Januari 1992 dina umur 77 taun[1]) nyaéta salasaurang ulama anu dileler pahlawan nasional ku Keppres Nomor 085/TK/2006, Tanggal 3 Nopémber 2006.[rujukan?] Noer Alie masantrén di sabudeureun Bekasi jeung Kléndér, Jakarta Wétan.[1] Taun 1934, anjeunna indit munggah haji diteruskeun ku neuleuman élmu agama di Mekah salila 6 taun.[1] Nalika di Mekah, anjeunna ngadegkeun himpunan pelajar Batawi.[rujukan?] Mulang ti Mekah, Noer Alie ngadegkeun madrasah.[1] Nalika Rapat Ikada digelar 19 Séptémber 1945, Noer Alie ogé aya di tempat.[rujukan?] Nopémber 1945, Noer Alie ngawangun Laskar Rahayat pikeun berjuang mertahankeun kamerdékaan.[1]

Noer Alie
GumelarNoer Alie
Walanda 15 Juli 1914
Bekasi, Jawa Kulon, Hindia Walanda
Tilar dunya29 Januari 1992 (yuswa 77)
Indonésia Bekasi, Jawa Kulon, Indonésia
KabangsaanIndonésia Indonésia
PagawéanUlama, Pulitikus

Perjuangan

édit

Laskar Rahayat anu geus diwangun ku anjeunna dilatih méntal jeung dasar-dasar kamiliteran ku Tentara Kaamanan Rahayat (TKR) Bekasi jeung Jatinegara.[1] Noer Alie dipundut pikeun ngalakonan lalawanan sacara ngagerilya.[1] Anjeunna diparéntahkeun pikeun ngagerilya di Jawa Kulon tanpa mamawa ngaran TNI .[1] Walanda nyangkana éta téh dilakukeun ku pasukan TNI komando Komandan Lukas Kustaryo anu émang ngagerilya di dinya.[2] di dinya K.H. Noer Ali meunang jujuluk "Singa Karawang-Bekasi".[2] Nalika lalawanan senjata eureun, dina taun 1949 K.H. Noer Alie milih bajuang di lapangan sipil.[1] Anjeunna dipundut mantuan Muhammad Natsir minangka anggota delegasi Républik Indonésia Sarikat di Indonésia dina konferensi Indonésia–Walanda.[1] Dina tanggal 17 Januari 1950 Panitia Amanat Rahayat ngahimpun kurang leuwih 25.000 rahayat Bekasi jeung Cikarang di Alun–Alun Bekasi.[2] K.H. Noer Alie bareng jeung Lukas Kustaryo nungtut pikeun ngarobah ngaran kabupatén Jatinegara jadi Kabupatén Bekasi.[2]

K.H. Noer Alie ogé jadi komandan batalyon Hisbullah Bekasi.[2] Ku wawanénna anu pohara, K.H. Noer Ali dipaparin jujuluk Si Belut Bodas jeung Singa Karawang-Bekasi katara dina Patempuran Sasak Kapuk.[rujukan?] Anjeunna ogé ngajalankeun perang psikologis ku masangkeun ratusan bandéra beureum bodas tina kertas di sapanjang Bekasi-Karawang.[2] Walanda tambah ambek ku sabab saméméhna geus mindeng meunang serangan ti pasukan TNI anu dipingpin Mayor Lukas Kastaryo.[2]

K.H. Noer Alie ogé ahli pulitisi anu hadé.[2] Anjeunna pernah kapilih jadi Puhu Komite Nasional Indonésia Daérah Cabang Babelan.[2] Dina tanggal 19 April 1950, anjeunna ngajabat Puhu Masyumi Cabang Jatinegara, ngaran Bekasi waktu harita. Anjeunna ogé kacatet minangka salaseurang panaratas bijilna Kabupatén Bekasi.[2] Dina widang sosial jeung atikan, K.H. Noer Alie ngawangun hiji organisasi ngaranna Pangwangunan Pangraksa jeung Pitulung Islam anu saterusna diganti jadi Yayasan Attaqwa.[2]

Karawang – Bekasi

édit

Loba jalma nu mikawanoh puisi Karawang- Bekasi karyana Chairil Anwar.[rujukan?] Tapi lolobana mah teu apaleun kajadian anu ngalantarankeun Chairil Anwar nyipta éta puisi anu ngalégénda.[1] Margalantaran utama dijieunna puisi éta nyaéta kajadian patempuran dina tanggal 29 Nopémber 1945, antara pasukan K.H. Noer Alie jeung Sekutu (Inggris).[1] Nepi ka kiwari, ngaran K.H. Noer Alie émang can pati dipikawanoh ku sakumna masarakat Indonésia.[1]

Rujukan

édit
  1. a b c d e f g h i j k l m Jasa Terpadu Telematika. 2015 K. H. Noer Alie. Diaksés 18 April 2015.
  2. a b c d e f g h i j k Pahlawan Indonesia. 2015 Biografi Pahlawan Nasional K. H. Noer Alie. Diaksés 18 April 2015.