Rakit nyaéta kandaraan anu bisa ngambang luhureun cai dijieun tina kantétan awi, kai atawa gebog cau anu dijéjérkeun rapih tuluy dibeungkeut sangkan pageuh, dipaké pikeun meuntas atawa ngangkut barang ogé jalma.[1] Rakit bisa maju ku jalan diwelah (didayung) aya ogé anu maké tali anu ngagateng paranti panyepengan sangkan rakit kabetot nepi ka peuntas.[2] Rakit ogé bisa nunjul kana pasangan, conto munding dua anu digedéngkeun disebut munding sarakit.[1]

Rakit anu dipaké meuntas ka candi cangkuang

Sajarah

édit

Rakit geus ti baheula dimangpaatkeun pikeun kandaraan di walungan-walungan gedé, malahan di wewengkon Sumatra rakit di luhurna dijieun imah geus dipikawanoh ti jaman karajaan Sriwijaya kénéh.[3] Ieu dibuktikeun ku carita di Tiongkok dina jaman dinasti Song (920-1279) kungsi ngajugjug ka hiji wewengkon anu mana rahayat éta tempat nyarieun imahna di luhureun rakit anu ngambang luhureun susukan.[3]

Malahan di hiji daérah aya suku (etnis) anu dingaranan suku akit, ieu dumasar kana sajarah jeung kasang tukang pangeusi éta tempat, cenah baheula maranéhna tukang rakit anu kapapancenan ku sultan pikeun nyayagikeun kai leuweung pikeun nedunan éta pamundut Raja.[4] ku lantaran waktuna samporét pikeun nyingget waktu jeung tanaga tuluy waé ngabagi pagawéan jadi tilu bagéan sangkan leuwih gancang tur bisa geuwat nyanggakeun kai ka Raja.[4]

Bagéan kahiji disebut akit biasa kapapancénan pikeun ngarakit kai luhureun walungan, bagéan kadua disebut akit ratas pancénna pikeun ngabaladah walungan anu baris diliwatan, bagéan ka tilu disebut akit hutan pancena pikeun nuar kai ti leuweung.[4] Nepika waktuna kai beunang nuar ti leuweung téh geuwat disanggakeun ka Raja anu harita ngarasa bungah tur muji kana kaparigelan ieu warga dina ngaréngsekeun pamundutna, ti wangkid harita ieu warga anu nyicingan éta tempat nelah suku akit (rakit) .[2][4]

Kagunaan

édit

Rakit mibanda rupa-rupa kagunaan dina hirup sapopoé ti baheula nepi ka kiwari, sahenteu na katembong rakit-rakit masih kénéh dimangpaatkeun pikeun rupa-rupa kabutuhan ti mimiti meuntaskeun jalma, barang, ngala keusik, tatanén, jeung sajabana.[4][5]

Kiwari rakit dimangpaatkeun pikeun rupa-rupa kabutuhan dina hirup kumbuh sapopoé, rakit ogé ngarandapan parobahan dina wangun jeung kagungan.[6] Salah sahijina rakit anu ngahaja dijieun pikeun ngagantungkeun pelak jukut laut.[6] Rakit anu ngapung di handapeuna dipasang tali panjang anu ditalikeun deui kana tali binih jukut sangkan ngarumbay ka handap.[6]

Di Palémbang mah rakit téh luhurna diwangun imah, anu katelahna rumah rakit.[7] Imah rakit dijieun tina kai atawa awi anu dejejerkeun tuluy ditalian pageuh pisan, luhureun éta rakit tuluy waé di jieun imah wanguna opat segi, unggal juru imah tipasang tihang anu nanceb ka dasar walungan sangkan kuat ogé rakit henteu kabawa palid sagigireun tihang pikeun ngamankeun imah rakit ditalikeun deui kana gawir anu deukeut imah maké tali tina hoé.[7]

Rakit ogé dimangpaatkeun pikeun budidaya kerang hijau (haremis laut).[8] Aya dua cara : maké rakit apung, jeung rakit tanceb.[8] Rakit tanceb nyaéta rakit anu dipaseuk kana dasar laut sangkan henteu pinda kabawa lambak laut, rakit anu ngambang handapna dipasang tali sina ngarambay ka dasar cai laut.[9] Disababaraha daérah utamana anu mibanda situ jeung waduk anu badag rakit dipaké pikeun ngingu lauk anu disebut jaring apung, rakit anu diwangun awi golondongan, jaring, drum, jeung kai.[8] Rakit ngambang luhureun cai sedengkeun handapna ngarumbay jaring anu teuleum ku lantaran maké pang beubeurat, di jero éta jaring dipelakan lauk, saperti lauk nila, emas, lélé, jeung sajabana.[8]

Rujukan

édit
  1. a b "KBBI daring". Kementerian Pendidikan dan Kebudayaan Republik Indonesia. 2016-1-1. Diakses tanggal 2017-5-31. 
  2. a b S. Haryanto Arkoboesono (1980). "Menyebrang danau dengan rakit". Di -. Penjelajahan di Bumi Situbaru. London: Balai Pustaka. pp. 52–53. 
  3. a b Bambang Budi Utomo (2016). "Ibukota Sriwijaya". Di Tintondp. Pengaruh kebudayaan India dalam Bentuk Arca di Sumatra. Jakarta: Yayasan Pustaka Obor Indonesia. pp. 25–58. ISBN 978-602-433-422-5 Check |isbn= value (bantuan). 
  4. a b c d e Julianus Limbeng,Muchtadin (2011). "Sejarah asal usuk orang Akit". Suku Akit di Pulau Rupat. Jakarta: Direktorat Jenderal Kebudayaan. pp. 33–34. 
  5. Parpal Poerwanto (2009). "Pangeran samber nyowo". Di Fulconis, R. Cerita Rakyat Dari Wonogiri. Wonogiri: Grasindo. pp. 10–17. 
  6. a b c Ir. Jamal Basmal, M.Sc. , Dr. Bagus Sediadi Bandol Utomo , Drs. Tazwir , Ir. Murdinah, M.S. , Drs. Thamrin Wikanta Endar Marraskuranto, M.Sc. Rinta Kusumawati, M.T. (2013). "Rumput laut coklat penghasil Algiat". Membuat Alginat dari Rumput Laut Sargassum. Jakarta: Penebar Swadaya Grup. pp. 9–15. ISBN 979-002-638-2. 
  7. a b Alimansyur, Moh; Ma'moen Abdullah,Djumiran,Zainal Makmur,Tabrani Sidin (1985), Arsitektur Tradisional daérah Sumatera Selatan, Direktorat Jenderal Kebudayaan 
  8. a b c d M. Ghufran H. Kodri K. (2013). "Rakit keramba". Di Tintondp. Budidaya Nila Unggul. Jakarta: AgroMedia Pustaka. pp. 80–92. ISBN 979-006-443-8. 
  9. Sudradjat, Achmad; - (TAUN DITERBITKEUN), Budidaya 26 Komoditas Laut Unggul Edisii Revisi, Perum Bukit Permai, ISBN 979-002-691-9 

Daptar pustaka

édit