Thomas Alva Edison (gumelar di Milan, Ohio, Amérika Sarikat, 11 Pébruari 1847 – maot 18 Oktober 1931 dina umur 84 taun) nyaéta élmuwan katut wirausahawan anu mekarkeun rupa-rupa pakakas penting.[1][2]. Edison nyaéta saurang inohong kasohor nu mimiti manggihan lampu bohlam (lampu pijar) tina hasil panalungtikanna.[3] Teu saeutik pamanggih Thomas Alva Edison nu masihkénéh bisa dimangpaatkeun nepi ka kiwari, kayaning telegraf, fonograf, kinetoskop, alat itung, jeung réa-réa deui nu jumlahna nepika 1093 pamanggih.[3] Edison, resep kana ngayakeun panalungtikan-panalungtikan ilmiah.[4] Edison mangrupa élmuwan anu kawilang produktip dina jamanna, kacutat geus 1.093 patén dicekel ku manéhna, najan henteu sakabéhna mangrupa patén asli (mekarkeun patén saacanna)[1][2]. Lalaki anu lahir di Milan, Ohio 11 Pébruari 1847 ieu meunangkeun patén hampir ti sakuliah Dunya, kaasup Amerika Sarikat, Inggris, Perancis jeung Jerman[1][2].

Thomas Edison
"Jenius adalah satu persen inspirasi, sembilan puluh sembilan persen perspirasi."
– Thomas Alva Edison, Harper's Monthly (September 1932)
GumelarThomas Alva Edison
11 Pébruari 1847
Milan, Ohio, A.S.
Tilar dunya18 Oktober 1931 (yuswa 84)
West Orange, New Jersey, A.S.
KabangsaanAmerika Serikat
AtikanKeluar dari sekolah
PagawéanPenemu, pebisnis
AgamaDeis
PasanganMary Stilwell (m. 1871–84)
Mina Miller (m. 1886–1931)
AnakMarion Estelle Edison (1873–1965)
Thomas Alva Edison Jr. (1876–1935)
William Leslie Edison (1878–1937)
Madeleine Edison (1888–1979)
Charles Edison (1890–1969)
Theodore Miller Edison (1898–1992)
KolotnaSamuel Ogden Edison, Jr. (1804–1896)
Nancy Matthews Elliott (1810–1871)
KulawargaLewis Miller (mertua)
Tanda tangan
(en) A Day with Thomas Edison (1922)
Thomas Edison

Edison ngajukeun patén pertamana ngeunaan alat pikeun ngarekam soralistrik dina 28 Oktober 1868, Edison naratas karirna salaku éélmuwan di Newark, New Jersey kalayan panimuan stockticker jeung perangkat telegraphic[1]. Edison dilandi The WIzard of Menlo Park (penyihir ti Taman menlo) alatan alat anu dijieunna, nyaéta gramofon (1877) anu pungsina pikeun ngarekam jeung ngahasilkeun gelombang sora[1]. Salian ti éta, Edison ogé loba méré kontribusi dina widang militer Amerika Sarikat, sababaraha panalungtikanna nyaéta alat detéksi kapal udara, alat detési kapal selam, ngeureunkeun torpédo maké jaring, kamuflaseu kapal, jst[2]. Edison maot tanggal 18 Oktober 1931 dina umur 84 taun, poé di mana bola lampu modéren dijieun[1][2].

Edison téh anak bungsu ti tujuh sadulur, bapana Samuel Ogden Edison Jr jeung Nancy Matthews Elliott indungna.[5]

Sakola

édit

Mangsa keur sakola Edison henteu kaasup murid calakan di kelasna, malahan mah sakolana ngan tilu bulan bedo henteu dituluykeun.[6] Harita umur tujuh taun Edison téh dikaluarkeun ti sakolana, ku lantaran ceuk guruna manéhna belet dina prakna diajar di sakola.[6] Tapi nu jadi indungna henteu peungas harepan, manéhna ngatik Edison ku sorangan di imahna.[6] Ray-rayan Edison téh mimiti resep kana diajar sarta rajin macaan buku utamana buku-buku ilmiah, kituna téh bari jeung sok prak dipraktékeun ku manéhna naon anu geus dibaca saméméhna.[6]

Pagawéan

édit

Nincak umurna sabelas taun, Edison téh kapakasa hirup bari jeung dagang koran, bungbuahan sarta permén ka jero gerbong karéta.[6] Nya harita téh manéhna meunang kasempetan hadé jadi operator telegraf, kituna téh bari pipindahan ti hiji kota ka kota séjén.[6] Kungsi manéhna nepi ka jadi kepala operator mesin telegraf di New York.[6] Tina ladang éta digawé Edison nya bisa nunda sautak saeutik duit, kumanéhna dipaké pikeun ngabiayaan rupa-rupa percobaan hasil tina panalungtikan.[6]

Taun 1864, Edison pindah ka Menlo Park, New Jersey, di dieu manéhna ngadegkeun hiji laboratorium nu lumayan gedé, dibantuan ku batur-baturna nu maksudna pikeun ngayakeun rupa-rupa panalungtikan.[6] Hasilan dina taun 1870, Edison geus hasil nyieun hiji mesin telegraf nu leuwih alus.[6] Taun 1877 manéhna ogé hasil nyieu hiji alat nu disebut gramafon, malahan nepi ka kiwari masih keneg dipaké pikeun industri rekaman.[6]

Edison ogé hasil nyieun hiji alat nu disebut proyektor, loba pisan parobahan nu ngaronjat ku jasa pamikiranna, sebut waé mesin ketik, mesin kopi, mesin dikté, batrei, jeung réa-réa deui.[6]

Dicutat tina

édit
  1. a b c d e f Biografi Thomas Alfa Edison Archived 2012-04-21 di Wayback Machine (diaksés tanggal 3 Désémber 2011)
  2. a b c d e ngeunaan Thomas Alfa Edison (diaksés tanggal 4 Désémber 2011)
  3. a b Ahmad, Sutardi (2008). Ingin Cpt Sukses? Formula Thomas Alfa Ed. Jakarta: Elex Media Komputindo. ISBN 9789792724332. 
  4. Anggraeni, Niney (2008). Thomas Alva Edison. Jakarta: Elex Media Komputindo. ISBN 9789792774382. 
  5. Andri Utomo. "Biografi Tokoh Dunia: Thomas Alva Edison, penemu dan Pengusaha". Kompas. https://internasional.kompas.com/read/2018/10/18/21255241/biografi-tokoh-dunia-thomas-alva-edison-penemu-dan-pengusaha?page=all.. Diakses pada April-27-2019 
  6. a b c d e f g h i j k l Zazuli, Mohamad (2008). 60 Tokoh Dunia Sepanjang Masa. Jakarta: Penerbit Narasi. ISBN 9789791681469. 

Baca Ogé

édit
  • Albion, Michele Wehrwein. (2008). The Florida Life of Thomas Edison. Gainesville: University Press of Florida. ISBN 978-0-8130-3259-7. 
  • Adams, Glen J. (2004). The Search for Thomas Edison's Boyhood Home. ISBN 978-1-4116-1361-4. 
  • Angel, Ernst (1926). Edison. Sein Leben und Erfinden. Berlin: Ernst Angel Verlag. 
  • Baldwin, Neil (2001). Edison: Inventing the Century. University of Chicago Press. ISBN 978-0-226-03571-0. 
  • Clark, Ronald William (1977). Edison: The man who made the future. London: Macdonald & Jane's: Macdonald and Jane's. ISBN 978-0-354-04093-8. 
  • Conot, Robert (1979). A Streak of Luck. New York: Seaview Books. ISBN 978-0-87223-521-2. 
  • Davis, L. J. (1998). Fleet Fire: Thomas Edison and the Pioneers of the Electric Revolution. New York: Doubleday. ISBN 978-0-385-47927-1. 
  • Essig, Mark (2004). Edison and the Electric Chair. Stroud: Sutton. ISBN 978-0-7509-3680-4. 
  • Essig, Mark (2003). Edison & the Electric Chair: A Story of Light and Death. New York: Walker & Company. ISBN 978-0-8027-1406-0. 
  • Jonnes, Jill (2003). Empires of Light: Edison, Tesla, Westinghouse, and the Race to Electrify the World. New York: Random House. ISBN 978-0-375-50739-7. 
  • Josephson, Matthew (1959). Edison. McGraw Hill. ISBN 978-0-07-033046-7. 
  • Pretzer, William S. (ed). (1989). Working at Inventing: Thomas A. Edison and the Menlo Park Experience. Dearborn, Michigan: Henry Ford Museum & Greenfield Village. ISBN 978-0-933728-33-2. 
  • Stross, Randall E. (2007). The Wizard of Menlo Park: How Thomas Alva Edison Invented the Modern World. Crown. ISBN 1-400-04762-5. 

Tutumbu Kaluar

édit
 
Wikiquote logo
Wikicutatan mibanda cutatan-cutatan nu patali jeung artikel ieu dina kaca
[[:su:q:{{{1}}}|{{{1}}}]]