Upit Sarimanah (Purwakarta, 16 April 1928 - Cianjur, Péb. 1992) nyaéta sindén Sunda légendaris nu kapayunna janten guru dakwah.[1] Mimitina wasta Suryamah (Surjamah). Kusabab waktos alitna gering-geringan, ku ninina nu janten Indung Beurang, wastana digentos. Di umur 4 dugi ka 5 tahun tos apal mawakeun sababaraha lagu nu diajarkeun ninina. Taon 1935 ngalih ka Jakarta, sakola di HIS. Bapana nu kawitan Sakola Raja Bandung, ngawulang di Jakarta. Di Jakarta anjeunna diajar Kawih jeung lagu-lagu keroncong.

Lalampahan Karir édit

Taon 1941 sasarengan Barnas Somantri ngeusian acara lagu-lagu sunda di radio Nirom jeung parkumpulan senin "Sekar Pakuan" pimpinan R. Gaos. Meunang kasempetan uih ka Purwakarta nuturkeun suamina, tapi kusabab suamina ngagerilya di Sukabumi, anjeunna balik ka Jakarta. Gabung jeung parkumpulan kasenianna. Saterusna janten payindén tetep dina acara Kliningan di Studio RRI Jakarta pimpinan Tuténg Djohari. Ti saat éta namana janten terkenal. Anjeunna nyanyikeun ogé lagu-lagu keroncong di RRI nu dipimpin ku M. Sagi. Sasarengan Tuténg Djohari anjeunna ngeusi acara kiliningan dina panggung terbuka di Gedung Museum Pusat. Kusabab seueur penggemarna, frekuensi siaran acara-acara kesenian Sunda RRI nu disindénan ku Upit ditingkatkeun. Sajaba dina kiliningan, anjeunna janten sindén di siaran acara wayang golék. Dalang wayang golék nu paling sering nyarengan Upit nyaéta Barnas Somantri jeung Cakra Hudaya (Tjakra Hudaya). Upit ogé narima undangan keur acara kawinan atanapi sunatan. Upami Upit nyindén di daérah, sémahna salawasna janten luar biasa seueurna. Upit Sarimanah pernah ngiringan gending karesmén Lutung Kasarung nu disutradaraan R.T.A. Sunarya di lapangan IKADA (ayeuna lapangan Merdeka) (1952). Sarengan Rima Melati anjeunna maén dina filem Kasih tak Sampai ti Sarinandeé Pilem pimpinan Turino Junaédi (Djuanédi). Tawisan maén filem nu salajengna anjeunna tolak kusabab sanés cita-citana janten artis, tapi hoyong ngamajukeun seni Sunda. Taun 1960-an anjeunna gabung jeung réog BKAK sasarengan Mang Udi, Mang Dudung, jeung Mang GIman. Saterusna sasarengan M. Yasin ti Band Nada Kencana ti Bandung, anjeunna ngarintis lagu-lagu pop Sunda. Lagu "Bajing Luncat" ciptaan Kosaman Jaya nu dinyanyikeun dina band janten populer di sadaya nusantara. Upit ogé nyanyi dina orkes Simfoni RRI Jakarta pimpinan Iskandar sasarengan Sam Saimun, Alwi-Oslan, dan Bing Slamet. Nyanyi dina orkes kerontong "Tétap Segar" pimpinan R. Pringadi nyebabkeun anjeunna seueur nguriling ka kota-kota di luar Jawa Barat. Unggal pénampilanna salawasna janten ngabawakeun lagu-lagu Sunda. Taun 1964 dugi ka 1967 anjeunna jeung kulawargana linggih di Bandung kusabab bumina di Jakarta kagusur proyek Sarinah. Saatos nunaikeun ibadah haji dina taun 1973 sadaya atribut kaseniannana ditinggalkeun. Anjeunna janteun guru dakwah agama. Anjeunna nganggep tugas perjuangan dina kasenian Sundah téh to seueur panerusna, atanapi panyebar Islam dina kalangan istri mah masih kénéh diperyogikeun. Lagu-lagu nu janten kostim Upit Sarimanah; "Sakadang Kuya jeung Monyet", "Duh Indung", "Bajing Luncat", "Lembur Kuring", "Torotot Heong", "Kukupu", "Eundeuk-eundeukkan","Sedih Prihatin", jsb. Daya tarik Upit dina nyindén luar biasa leuwihan tiheula saukur sareng saeutik gérakan panangan jeung sényuman. Dina lagu "Sedih Prihatin" anjeunna cekap nampilkeun mimik raray nu sédih, tapi dina lagu "Tina Jandéla", anjeunna nyanyi sareng senyum jeung aleman saumpama ngaggambarkeun mojang nu keur mulai remaja. Lagu "Sakadang Kuya" cipatan R.T.A Sunarya téh kaasup lagu favoritna. Saatos janten guru dakwah, anjeunna ngadopsi budak jeung seueur masihan sumbangan keur pembangunan masjid jeung madrasah.[1]

Rujukan édit

  1. a b Rosidi, Ajip, 1938-; Pustaka Jaya (Firm) (2000). Ensiklopedi Sunda : alam, manusia, dan budaya, termasuk budaya Cirebon dan Betawi (Cet. 1 ed.). [Jakarta]: Pustaka Jaya. ISBN 979-419-259-7. OCLC 45463431.