Artikel ieu keur dikeureuyeuh, ditarjamahkeun tina basa Inggris.
Bantuanna didagoan pikeun narjamahkeun.

Wawacan Babad Walangsungsang nyaéta hiji naskah sajarah anu nungtun kana katangtuan agama jeung ahlak pikeun anu macana. [1][2]

Tayalian ngaguar lalampahan Pangeran Walangsungsang dina maluruh agama suci Nabi, ngaliwatan loba guru lain-Muslim, anu antukna panggih jeung Syékh Datuk Kahfi di gunung amparan jati anu ngaguar ajaran anu museur kana moderasi agama. [1]

Dina ieu wawacan mibanda rupa-rupa aspék hirup kumbuh, pulitik, ékonomi, agama, budaya jeung sastra. [1]

Perenahna

édit

Naskah ieu ayeuna disimpen di Perpustakaan Nasional Republik Indonesia (PNRI) di Jakarta. Lobana kaca 53, kaasup 1 kaca ngeunaan Bib. Id: 0010-37166660 sarta barang. Id: 0709124016, 1 kaca ngeunaan koléksi No. 136 sarta 1 kaca inpormasi yén naskah ditulis deui tina aksara Arab ku Radén Muhammad Burhan di Kaum Bandung (Burhan 1915:iii–iv, 228). [3]

Ieu béja ditepikeun ku anjeunna nalika réngsé nulis (transliterasi dan terjemahan) Wawacan Babad Walangsungsang. [3]

Ayeuna, ieu koléksi disimpen ku nomer ID 632830, Bibliographical ID (BiBID) 0010-37166660 sareng Sandi Digital [Digital Password] (SD) 136 nomor panggil di Perpustakaan Nasional Republik Indonesia (PNRI). [3]

Ieu naskah Wawacan Babad Walangsungsang masih disimpen kalawan hadé, jilid sarta eusina atra masih kénéh bisa dibaca.


Eusi kurang lengkep

édit

Anu jadi kahandeueul tayalian, eusi naskah Wawacan babad Walangsungsang dina basa Sunda henteu lengkep kawas Aksara Cariyos Walangsungsang anu nganggo aksara Pegon atawa hurup dina basa Jawa Cirebon. [4]

Carita eureun nepi ka:

Kahajangna hajang ka sawaregi
éta tékad noe bingoeng pisan
Samadoeloh katjarijos
kalangkoeng brangta woejoeng
kana oenggal basisir mampir
nja éta njieun tapak
tanda wali poendjoel
toeloej emut ka guruna

Sedengkeun Aksara Cariyos Walangsungsang anu ditulis maké Aksara Pegon ( Aksara Arab pikeun nulis Basa Jawa ), Bahasa Jawa Cirebon. Dipungkas ku carita di handap :

Medal pangeran sing Pulau Hening. Tegane
sampun perapta ing Diyeng/wus tapa lali
tapane corak-carek tangane nulisi bumi.
Sampun/dadi ringgit wus simpen ing endong.
Lading musna katon/wong tapa lali,
murub mancur cahya wening,
Pangeran Tuban ngebakti'. (Ma'mun sabalad-balad. 2018 )

Upama dibandingkeun jeung kalengkepan untuyan carita dua naskah, ampir satengah tina eusi Wawacan Sunda Babad Walangsungsang masih peryogi panalungtikan salajengna. [4]

Sajarah

édit

Ieu naskah ditiron/ditulis deui dina taun 1915 di Bandung ku Rd. Muhammad Burhan mimiti poé rebo, 7 Syawal 1333 H./18 Agustus 1915 réngsé poé Juma'ah, 6 Dzul-Qa'dah 1333 H./17 Séptember 1915. Ieu Naskah, dipercaya kuat, asalna ditulis dina basa Jawa (Cirebon). Tujuan ditarjamahkeun kana basa Sunda, numutkeun anu narjamahkeun, sangkan jalma réa meunang inpormasi ngeunaan rupa-rupa aspék kahirupan masarakat mangsa nu geus katukang. [4]

Dina ieu naskah dicaritakeun, Rarasantang tayalian raina anu istri marengan lalampahan Walangsungsang. [2]


Eusi naskah

édit

Dihandap ieu guaran singket ngeunaan eusi naskah Wawacan Babad Walangsungsang:

Diancikan ngimpi

édit

Saméméh Walangsungsang ninggalkeun Kedaton, dina saré manéhna ngimpi papanggih jeung Kangjeng Nabi Muhammad saw. Dina impianana, Walangsungsang meunang naséhat sangkan diajar agama suci ajaran agama Nabi ti saurang guru anu keur tapa di Gunung Amparan ngaranna Syekh Djati anu asalna ti Mekah. [2] Anjeuna ngoréjat hudang bakat ku reuwas, tuluy manéhna ceurik. Tapi éta impian téh datang dina unggal saré. Nepi ka hiji poé, Walangsungsang ngawanikeun manéh ngedalkeun impianna ka nujadi bapana, tayalian Sri Baduga Maharaja (raja). [2]

Sasaur ka ramana

édit

Pareng harita téh keur ngarumpul para abdi dalem karajaan di Paséban (aula istana utama), katut para menteri jeung adipati. Bari ceurik, anjeunna nyium suku Sri Baduga. Derekdek waé nepikeun naon anu jadi impianana salila ieu. Walanggungsang ogé ngajak nu jadi rama sangkan diajar sarta nganut agama mulya ieu dumasar kana pesen impianna. [2]

Angkat ti kadaton

édit

Ngadéngé paménta anakna, Sri Baduga Maharaja pudigdig waé ambek. Teu kalis ku kitu, Walangsungsang ngajak deui nu jadi ramana ka dua kalina, katilu kalina jeung satuluyna. [2] Éta pangajak ngajadikeun Sri Baduga beuki rongkah ngambekna. Atuh antukna, Sri Baduga kedal ucap mengusir ieu Walangsungsang supaya indit ti Kedaton. Sanggeus Walangsungsang pamitan, Sri Baduga amanat ka sakabeh Adipati Arga cenah singsaha waé anu nempo pon kitudeui méré tempat ngiuhan mangsa peuting baris meunang dengda malahan nepika dipaténina. Karajaan baris nyita sakabéh harta banda jeung kulawarga. [2] Sabada narima pesen, Adipati Arga amitan bari henteu poho ngabéjakeun ieu paréntah raja ka sakabeh pagawéan. [2]

Rahayat handeueul

édit

Sakabéh rahayat karajaan Sunda Pajajaran ngarasa manghandeueulkeun kana putusan Rajana, alatan Walangsungsang téh hiji-hijina anu baris narima tahta karajaan engkéna.

Kakocap di luar Kadaton, Walangsungsang lumampah teu puguh anu dijugjug. Nyorang leuweung, gunung, lebak jeung susukan. Dilimpudan ku rasa ka panasaran anu gedé, anjeuna tuluy lumampah ka palebah kalér.

Nyi Rarasantang Nuturkeun Indit

édit

Nyi Rarasantang anu ditinggalkeun di Kedaton terus ceurik mikiran lanceukna (Walangsungsang)anu geus indit. Hiji mangsa, manéhna ngelenep kabur ti Kedaton kaluar ngaliwat panto gerbang tukang nalika nu ngasuh keur saré tibra. [2] Ku inditna Rarasantang, teu wudu Sri Baduga jeung istrinya, Nyi Sari, ngarasa sedih kacida. Antukna Sri Baduga brek waé gering. Anjeunna henteu terang di mana ayana putri bungsuna. Sri Baduga antukna maréntahkeun Adipati Arga pikeun néangan Nyi Rarasantang nepi ka kapanggih.[2]

Kacaritakeun Adipati Arga indit ninggalkeun Kedaton Kerajaan Sunda Padjadjaran, sarta tungtungna anjog di pondok Tadjimalela. Anjeunna milih nganjrek di dinya sarta henteu balik deui ka Padjajaran. Kadieunakeun nagarana ogé diganti jadi Dawung Hawuk, anu kasohor salaku Dipati Medang Kamulyan. [2]

Kakocap, Rarasantang badarat ka jero leuweung, nyorang gunung, néang ka lebak jeung susukan geusan neangan nujadi rakana. [2]

Ngajugjug Gunung Amparan

édit

Teu Kacatur duka sabaraha lila di Karawang (ngaran hiji daérah ). Tah ti dieu pisan, ayana béda jujutan carita naskah Wawacan Babad Walangsungsang, jeung Cariyos Walangsungsang jeung naskah Cirebon séjénna, Aya nu nyebutkeun yén pangeureunan kahiji Walanggungsang téh di Gunung Merapi. Ieu disebutkeun cenah dina Cariyos Walangsungsang naskah: Tan ana kang uninga sampun/lepas lampahe ngidul ngétan puruge nelusup angadal angayam alas/lali dahar lali sare, lampahe jalak paningal sampun katon/antara Gunung Merapi "menyusup: kawas kadal jeung manuk leuweung, poho dahar jeung saré, leumpang kawas jalak nepi ka anjog ka Gunung Merapi" (Ma'mun dkk. 2018 :24). Sulendraningrat bogavkayakinanbyén Gunung Merapi dina sajarah Walangsungsang lain Gunung Merapi di Jawa Tengah, tapi Gunung Marapi di Rajadésa, Ciamis Wétan, Jawa Kulon (Sulendraningrat 1984 :6). Di Karawang, Walsungsang sindang di pondok Syéh Ora (Syekh Hasanudin bergelar syekh Quro') (Atja 1986 :31). Saenggeus Shek Ora tuanya ka Walangsungsang, anjeunna terang ngeunaan Walangsungsang, saurang pibakaleun awliya (pamingpin) nu bakal muka gerbang Islamisasi Tatar Sunda . Ngan , Syekh Ora teu daék jadi guru agama pikeun manéhna. Anjeuna nuduhkeun Walangsungsang ka wétan ka Gunung Amparan tempat Syeh Nurdjati cicing. Syekh Ora sorangan nyebutkeun yén Syekh Nurdjati téh guruna kuanjeun.


Dicutat tina

édit
  1. a b c Afroni, S.,; -. "Makna Ghuluw dalam Islam". Jurnal Ilmiah Agama Dan Sosial Budaya. 1-1 (6): 70-85. https://doi.org/10.15575/jw.v1i1.579. Diakses pada 2022-01-20. 
  2. a b c d e f g h i j k l Wawan Hernawan, Irma Riyani, Busro Busro (44308). [ https://doi.org/10.4102/hts.v77i4.6773 "Religious moderation in Naskah Wawacan Babad Walangsungsang: A Sundanese religious diversity wisdom"]. 44308. Diakses tanggal 44601. 
  3. a b c Marsila, P. "Transformasi Sastra Sunda Modern pada Abad ke-19 sampai 20 M". Historia Madania: Jurnal Ilmu Sejarah volume=3(1): 35-52. https://doi.org/10.15575/hm.v3i1.9394. 
  4. a b c Arifinsyah, A.; Arifinsyah, A., Andy, S. & Damanik, A. org/10.14421/esensia.v21i1.2199 "'Urgensi moderasi beragama dalam mencegah radikalisme di Indonesia". Jurnal Ilmu-Ilmu Ushuluddin 21-1 (1): 91. https://doi. org/10.14421/esensia.v21i1.2199. Diakses pada 2022-01-20.  Archived 2013-07-11 di Wayback Machine