Wawacan Carios Munanda
Wawacan Carios Munanda; Wawacan Carios Munada (WCM) nyaéta hiji naskah anu eusina ngeunaan ayana rajapati di Residen Nagel di Bandung nu dilakukeun ku urang Cina ngaranan Munanda anu mana manéhna geus ngagem Islam (mualap).[1] Ieu naskah mangrupa pieunteungeun mangrupi ayana ajén anu tiasa ngarojong kana tumuwuhna kapamingpinan sareng jiwa kasatriaan, jiwa sareng ragana.[1]
Dumasar kana pituduh Drewes (1985:420) Algemeen Rijksarchief Den Hag, Nagara Walanda. Aya hiji naskah (Carl Wilhelm August Nagel) ngeunaan kajadian rajapati sarta kasangtukang nujadi korbana.[2] Ieu dokumén mibanda nomer arsip 3092 b 499 di bagéan ministeri van Kolonien, dina ieu dokumén tayalian dituliskeun "Gebeurtenis van de moord van Assistent Resident Bandoeng C. W.A. Nagel om 27 December 1845" (Rajapati Asisten Residen Bandung C.W.A Nagel kaping 27 Désémber 1845).[2] Eusi dina ieu naskah ogé mangrupa sakumpulan carita anu aya patula patalina jeung daérah Timbanganten, hiji daérah anu aya saméméh Bandung perenahna aya di kacamatan Tarogong Kabupatén Garut.[2]
Carita singkét
éditKacaritakeun aya mualap Cina ngarana Munanda, cicingna di pasar Bandung, dagang leuleutikan baé rupaning totopong marurah. Dina hiji mangsa éta Munanda boga hutang lélang, geus liwat témpona mayar tacan bisa mayar.[3] Tuluy disaur ku Tuan Asistén, disabab jeung dicarékan.[3] Kusabab bangsa Cina téa, manéhna ngalawan ka Tuan Asistén, ninggang tuanna gedé napsu, atuh éta Munanda ditinggang ku korsi nepika rubuh.[3]
Jaksa ngadéngé béja Munanda ditinggang korsi nepi ka rubuh, tuluy éta jaksa indit ka imah Munanda.[3] Ari caturna kieu : "Lamun manéh bisa Munanda, coba éta Asistén jeung Regent paéhan baé, mengké déwék anu nulungan manéh".[3]
Walon Munanda : "Lamun kitu sumangga pisan, mangké subuh-subuh kuring rék nyieun kahuruan di pasar Ciguriang sakuloneun kabupatén".[3] Gancangna waktu subuh der aya kahuruan, mimiti ti imah randa.[3] Tuan Asisten jeung Kangjeng Dalem pada sarumping kana éta kahuruan, saheulaanan datang saurang upas bari nyorén pedang.[3] Barang manéhna nyingkirkeun Munanda, manéhna ditéwek ku kerisna keuna kana leungeun upas.[3] Tuan Asisten maju rék nulungan, tapi Munanda newek (tusuk) ka Tuan Asistén, keuna kana hariguna tuluy rubuh.[3]
Naskah Primér
éditKiwari naskan ieu ditunda di Universitas Leiden (Oostershe Handschriften Afdeeling Universiteits-Bibliotheek Leiden) dai nagri Walanda.[3] Nomer naskahna 1612 jeung Cod. Or. 6482. Hartina ieu naskah mimitina digolongkeun kana naskah Malayu (1612), ka dieunakeun dirobah ka golongan naskah ti Wétan (Oostersche) jadi nomerna 6482.[3] Ieu naskah kandelna 177 kaca, dina unggal lambarna aya tulisan dina tempat 32x18 cm.[3]
Eusi Naskah
éditTulisanna maké hurup latén, éjahan nu dipaké masih kénéh numutkeun éjahan abad ka-20. Kayaning u ditulie oe, j ditulis dj, y ditulis j, jeung sajabana. Tulisan dina ieu naskah maké basa Sunda anu ngalarapkeun undak usuk basa luyu jeung kaayaan.[3]
Dicutat tina
édit- ↑ a b Edi S, Ekadjati; Aam Masduki (1993). Wawacan Carios Munanda. Jakarta: Departemen Pendidikan dan Kebudayaan. p. 2.
- ↑ a b c Ruhaliah, -; - (2018). Wawacan: Sebuah Genre Sastra Sunda. Jakarta: Dunia Pustaka Jaya. p. 91. ISBN 9789794194966.
- ↑ a b c d e f g h i j k l m n Edi, Suhardi Ekajati; Masyarakat Pernaskahan Nusantara (Indonesia), Yayasan Obor Indonesia (2000). Direktori naskah Nusantara. Jakarta: Yayasan Obor Indonesia. p. 557. ISBN 9789794613344.
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |