Amir Hamzah
Tengku Amir Hamzah Pangéran Indrapura atawa nu leuwih kasohor ku ngaran Amir Hamzah nyaéta salah sahiji sastrawan Indonésia (gumelar di Tanjung Pura, Langkat Sumatera Utara, 28 Pébruari 1911 – tilar dunya di Kuala Begumit, 20 Maret 1946 dina umur 35 taun).[1]
Amir Hamzah | |
---|---|
Gumelar | 28 Pébruari 1911 Tanjung Pura, Langkat, Sumatera Kalér, Hindia Belanda |
Tilar dunya | 20 Maret 1946 (yuswa 35) Kwala Begumit, Langkat, Sumatera Kalér |
Pagawéan | Sastrawan |
Kabangsaan | Indonésia |
Kawarganagaraan | Indonésia |
Karya nu katelah | Boeah Rindoe (1937) Njanji Soenji (1941) |
Pasangan | Tengkoe Poeteri Kamiliah |
Mitra | Tengkoe Tahoera |
Mimiti ancrub kana dunya atikan ti umur 5 taun kalawan sakolana di Langkatsche School di Tanjung Pura taun 1916.[1] Sanggeus tamat ti Langkatsche School laju nuluykeun atikanana di MULO Médan.[1] Sataun ti dinya pindah ka Batavia (Jakarta), nuluykeun sakola di Christelijk MULO Menjangan.[1] Tamat ti éta sakola dina taun 1927.[1] Tuluy saup ka AMS (Aglemenee Middelbare School) di Solo Jawa Tengah Jurusan Sastra Timur.[1]
Sanggeus namatkeun atikanana di Solo, Amir Hamzah mimiti neuleuman pangaresepna kana dunya sastra.[1] Ti saprak harita Amir mimiti nulis sawatara sajakna nu munggaran.[1] Éta sajak-sajakna dikumpulkeun dina antologi Buah Rindu.[1] Karya-karyana diterbitkeun dina rubrik sastra Panji Pustaka na Sutan Takdir Alisyahbana, majalah Timboel, Pudjangga Baroe, Pandji Poestaka, jeung sajabana.[1] Jumlah karya Amir Hamzah aya 50 sajak asli, 77 sajak tarjamahan, 18 prosa liris, 1 prosa liris tarjamahan, 13 prosa, jeung 1 prosa tarjamahan.[1]
Amir Hamzah balik deui ka Jakarta pikeun nuluykeun atikanana di Sekolah Hakim Tinggi awal taun 1934.[1] Bareng jeung babaturan saentraganana di Perguruan Rakyat saperti Soemanang, Soegiarti, Sutan Takdir Alisyahbana, Armijn Pane, jeung lain-lainna, Amir Hamzah nyieun hiji terbitan majalah Poedjangga Baroe.[1]
Amir Hamzah balik deui Ka Tanjungpura sanggeus lulus jadi Sarjana Muda Hukum.[2] Diangkat jadi Kepala Luhak Langkat Hilir kalawan gelar panghormat Tengku Pangeran Indraputera.[2]
Nalika Jepang ngawasa Indonésia, Amir kapilih jadi anggota Balai Bahasa Indonésia di Médan nu nyiptakeun istilah-istilah modéren.[2] Sanggeus Indonésia merdeka, Amir diangkat ku pamaréntah RI jadi Asisten Résidén daérah Langkat.[2]
Referensi
édit
Artikel ngeunaan biografi inohong Indonésia ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |