Aspartam[1]
Model-2D-aspartam
Model bola dan stik aspartam
Ngaran kimia N-(L-α-Aspartyl)-L-phenylalanine,
1-methyl ester
Ngaran Séjéna NutraSweet
Canderel
Equal
Rumus Kimia C14H18N2O5
Beurat Molekul 294.301 g/mol
CAS number [22839-47-0]
Titik Le'eh 246-247 °C
Titik ngaggolak Leyur (terurai)
SMILES [NH3+] [C@@H](CC([O-])=O)C(N[C@@H]
(CC1=CC=CC=C1)C(OC)=O)=O
Disclaimer and references

Aspartam (APM; æspərteɪm atawa əspɑrteɪm ) nyaéta pangamis non-sakarida gaganti gula. Ilaharna dipaké dina olahan kadaharan atawa inuman. Di Uni Éropa, dipiwanoh E951. Aspartam mangrupa metil ester tina asam aspartat /fenilalanin dipeptida. pangheulana dijual ka balaréa maké ngaran NutraSweet. Aspartam mimiti disintétik dina taun 1965, jeung dipatén dina taun 1992.

Aspartam ogé geus ramé jadi obrolan jalma réa utamana ngeunaan bahaya atawa henteuna upama dikonsumsi manusa, nepika kiwari jadi bahan pacéngkadan/kontroversi politik jeung médis, Amérika Serikat jeung DPR-na kungsi ngayakeun riung mungpulang anu maksud jeung tujuana taya lian pikeun nyawalakeun ieu béja utamana mangrupa hoax dina internet [2][3][4] ti saprak US Food and Drug Administration (FDA) nyatujuan ieu aspartam dimangpaatkeun pikeun campuran kadaharan ogé inuman dina taun 1981.[5]:2 The European Food Safety Authority concluded in its 2013 re-evaluation that aspartame and its bréakdown products are safe for human consumption at current levels of exposure,[6]:. 2 Éropa ngayakeun deui sawala jeung bagéan kaamanan kadaharan-na, hasilna taun 2013 diayakeun deui panalungtikan ngeunaan ieu aspartam di mana ditétélakeun aspartam ieu aman pikeun dikonsumsi manusa ngan dina wates anu geus ditangtukeun waé.[7] hal ieu dumasar kana pituduh médis ogé ku lantaran, ieu aspartam dilimpudan ku fenilalanin, jadi singsaha waé anu ngarandapan fenilketonuria anu sipatna turunan/tikudrat wayahna kudu ngajauhan/henteu ngadahar aspartam.

Kimia édit

Aspartam téh nyaéta métil éster' tina dipeptida asam amino asalna ti alam asam L-aspartat jeung L-fenilalanin. dina kaayaan asam kuat atawa basa, aspartam bisa ngahasilkeun métanol ku jalan hidrolisis. Bisa waé ngahasilkeun asam amino bébas. Dina kaayaan anu luar biasa. .[8]

Sintétik aspartam geus didaptarkeun patén.[9] pikeun ngasintétik aspartam pikeun urusan komérsial aya dua cara. Dina sintétik kimia, dua golongan karboksil tina asam aspartat dihijikeun jadi anhidrida, jeung gugus amino dilimpudan ku sanyawa anu baris ngahalangan réaksi katutuluyan dina ieu golongan. Fenilalanin termetilasi jeung dikombinasikan ku anhidrida aspartat dilimpudan-N; satulyna golongan anu ngahalangan asam aspartat di hidrolisis asam. kakurangan dina ieu cara nyaéta ngahasilkeun hiji produk sampingan anu mibanda rasa pait, dijieun dina waktu kumpulan karboksil robah jadi asam aspartat anu engkéna jadi fenilalanin. Hiji prosés ngagunakeun énzim tina Bacillus thermoproteolyticus pikeun nga-katalisis kondensasi asam amino kimiawi dirobah anu bakal ngahasilkeun produk sampingan henteu mibanda rasa pait . Aya deui cara samodél kieu tapi can dilakukeun dina skala komersial, menggunakan asam aspartat dimodifikasi, ngan hanjakal beubeunannganna saeutik. Métode untuk langsung mroduksi aspartil-fenilalanin ku cara enzimatik, dituturkeun ku metilasi kimia, ogé geus dicobaan, tapi teu ditaékkeun pikeun produksi industri.

Sajarah édit

Aspartam mimiti kapanggih dina taun 1965 ku ahli kimia nyaéta James M. Schlatter, ieu pamanggih henteu ngahaja ku lantaran dina waktu harita Schlatter téh keur digawé dihiji pausahaan “GD Searle & Company”. Schlatter nyieun sintétis aspartam anu mangrupa léngkah munggaran pikeun ngahasilkeun tetrapeptide tina gastrin hormon, satadina panalungtikan Schlatter ieu maksudna pikeun nyieun ubar “anti-ulkus”. Dina mangsa Schlatter rék muka kertas catetan, teu ngahaja ngalétak heula ramona, karasa aya rasa amis dina ramona anu saméméhna kakeunaan ku aspartam tadi [7][10][11][12]

Dina taun 1975, dirojong ku rasa panasaran jeung ayana béja-béja geus nerekab ka mana mana antukna ‘’US FDA 25’’ ngumpulkeun ahli-ahli pikeun nalungtik ieu aspartam, pamustunganna ieu para ahli balaka ngalaporkeun yén ayana "kakurangan anu kacida serieus sajeroeun prakna ngalaksanakeun prakték Searle". FDA usaha pikeun ngaresmikeun 15 panalungtikan pikeun manggihan béja jeung bukti anu bisa ngadukung. Dina taun 1979, Puseur kaamanan kadaharan jeung gizi (CFSAN) méré kacindekan, yén aspartam aman pikeun dipaké, ieu dumasar kana panalungtikan anu geus dilakukeun.

Dina taun 1980, FDA ngayakeun hiji kumpulan (PBOI) anu diwangun ku para inohong jeung panaséhat independen anu diwawadianan pikeun nalungtik ngeunaan aspartam, cénah bisa ngalantarankeun kanker otak. Sakali deui PBOI méré kacindekan yén aspartam ieu henteu ngabalukarkeun ayana karuksakan dina otak, ngan jadi hiji kaayaan ngeunaan kangker anu dirandapan ku beurit dina mangsa keur dilaksanakeun uji coba di laboratorium éta tacan aya kancindekan deui.[5]:94–96[13]:. 94-96

Numutkeun bukti hasil panalungtikan élmuwan Jepang kalawan sakabéh anggota PBOI tacan aya anu mibanda ieu hasil panalungtikan, ogé dumasar kana béja jeung pépéling para ahli geus kapanggihna hiji kasalahan dina mangsa ngalaksanakeun analisis statistik anu ngabalukarkeun PBOI jadi mangmang, tapi ieu ogé heneuweuh anu nyaluyuan, komisaris FDA Hayes nyaluyuan aspartam pikeun dimangpaatkeun dina barang-barang anu garing. Dina taun 1983, FDA satuluyna nyatujuan aspartam dipaké pikeun campuran inuman anu ngandung karbonasi, ogé dimangpaatkeun dina inuman anu séjéna, ieu geus ditetepkeun dina taun 1993. Dina taun 1996, FDA ngaleungitkeun sakabéh katangtuan anu ngawates wangenan pamakéan aspartam, hartina aspartam meunang dipaké dina sakumna kadaharan jeung inuman.

Sababaraha nagara di Uni Éropa nyatujuan aspartam pikeun dimangpaatkeun dina taun 1980-an, disusul ku nagara séjénna di Éropa dina taun 1994. Dina taun 2002 ditétélakeun deui ku Komisi Eropa Komite Ilmiah Makanan Ulasan studi keselamatan berikutnya nyaluyuan kana pamangpaatan ieu aspartam. Dina taun 2006 Otoritas Kaamanan Kadaharan Éropa ogé nyalujuan pamangpaatan aspartam tapi dina jumlah anu geus ditangtukeun luyu jeung hasil panalungtikanna.[14]

Balukarna kana kaséhatan édit

Pikeun ngabuktikeun ieu aspartam aman pikeun dikonsumsi, saméméhna geus dilaksanakeun panalungtikan kacida jérona (ekstensif) ti saprak aspartam mimiti kapanggih malah nepikeun ka dicobaan heula ka sasatoan, ogé panalungtikan klinis jeung epidemiologis, jeung pangawasan postmarketing .[15] Aspartam mangrupa salah sahiji bahan kadaharan anu pangbeuratna dina undakan ujian saméméh dibéwarakeun bisa dipaké. Pamaréntah dina masalah ieu nitah hiji lembaga independen pikeun ngalakukeun panalungtikan anu saterusna dibewarakeun kabalaréa. Nepi kakiwari geus dijejerkeun yén aspartam moal nanaon lamun di konsumsi dina wates anu geus ditangtukeun .[7][16][17] aya kana 100 badan hukum di unggal nagara anu nétélakeun aspartam geus dianggap aman pikeun dikonsumsi ku manusa [18] ditegeskeun ogé ku otoritas kaamana kadaharan eropa ( EFSA ) [19] jeung badan kasehatan kanada .[20]

Tinggali Oge édit

Tutumbu Kaluar édit


 



Dicutat Tina édit

  1. Merck Index, 11th Edition, 861.
  2. Aspartame on Snopes.com
  3. ACSH Debunks Internet Health Hoax Archived 2013-05-09 di Wayback Machine
  4. A Web of Deceit Archived 2009-01-29 di Wayback Machine
  5. a b "U.S. GAO – HRD-87-46 Food and Drug Administration: Food Additive Approval Process Followed for Aspartame, 18 June 1987". Diakses tanggal 5 September 2008.  Archived 30 Méi 2020 di Wayback Machine
  6. "Scientific Opinion on the re-evaluation of aspartame (E 951) as a food additive". EFSA Journal 11 (12): 263. 10 December 2013. doi:10.2903/j.efsa.2013.3496. http://www.efsa.europa.eu/en/efsajournal/pub/3496.htm. 
  7. a b c Magnuson BA; Burdock GA; Doull J et al. (2007). "Aspartame: a safety evaluation based on current use levels, regulations, and toxicological and epidemiological studies". Critical Reviews in Toxicology 37 (8): 629–727. doi:10.1080/10408440701516184. PMID 17828671. 
  8. David J. Ager, David P. Pantaleone, Scott A. Henderson, Alan R. Katritzky, Indra Prakash, D. Eric Walters (1998). "Commercial, Synthetic Non-nutritive Sweeteners". Angewandte Chemie International Edition 37 (13–24): 1802–1817. doi:10.1002/(SICI)1521-3773(19980803)37:13/14<1802::AID-ANIE1802>3.0.CO;2-9. 
  9. Yagasaki, Makoto; Hashimoto, Shin-ichi (November 2008). "Synthesis and application of dipeptides; current status and perspectives". Applied Microbiology and Biotechnology 81 (1): 13–22. doi:10.1007/s00253-008-1590-3. PMID 18795289. 
  10. Mazur, Robert H. (1974). "Aspartic acid-based sweetners". Di Inglett, George E. Symposium: sweeteners. Westport, CT: AVI Publishing. pp. 159–163. ISBN 0-87055-153-1. LCCN 73-94092. 
  11. Lewis, Ricki (2001). Discovery: windows on the life sciences. Oxford: Blackwell Science. p. 4. ISBN 0-632-04452-7. 
  12. Mazur, R.H. (1984). Discovery of aspartame. In Aspartame: Physiology and Biochemistry (L. D. Stegink and L. J. Filer Jr., Eds.). Marcel Dekker, New York, pp. 3–9.
  13. Testimony of Dr. Adrian Gross, Former FDA Investigator to the U.S. Senate Committee on Labor and Human Resources, 3 November 1987. Hearing title: "NutraSweet Health and Safety Concerns." Document # Y 4.L 11/4:S.HR6.100, page 430–439.
  14. FDA Statement on Aspartame, 18 November 1996
  15. Mitchell, Helen (2006). Sweeteners and sugar alternatives in food technology. Oxford, UK: Wiley-Blackwell. p. 94. ISBN 1-4051-3434-8Citakan:Inconsistent citations 
  16. Food Standards Australia New Zealand: "Food Standards Australia New Zealand: Aspartame – what it is and why it's used in our food". Diarsipkan dari versi asli tanggal 16 December 2008. Diakses tanggal 9 December 2008. 
  17. Butchko, H; Stargel, WW; Comer, CP; Mayhew, DA; Benninger, C; Blackburn, GL; De Sonneville, LM; Geha, RS et al. (2002). "Aspartame: Review of Safety". Regulatory Toxicology and Pharmacology 35 (2 Pt 2): S1–93. doi:10.1006/rtph.2002.1542. PMID 12180494. 
  18. "Aspartame". UK FSA. 17 June 2008. Diarsipkan dari versi asli tanggal 7 October 2010. Diakses tanggal 23 September 2010. 
  19. "Aspartame". EFSA. Diakses tanggal 23 September 2010. 
  20. "Aspartame". Health Canada. Diarsipkan dari versi asli tanggal 22 September 2010. Diakses tanggal 23 September 2010.