Basa Betawi Parung
Basa Betawi Parung mangrupakeun dialék ti basa Betawi. Dialék ieu kaasup kana cabang basa Betawi Pinggiran. Basa Betawi Parung loba kasaruaan kecap jeung cara nuturkeun ti basa Sunda Bogor.[1] Malah basa Betawi Parung kacatet dina karya tulis, "Bukan Jakarta. Tapi Parung, Madam. Orang Parung tidak persis Betawi, tapi seperti campuran antara Betawi dan Sunda, karena memang Parung terletak di tengah-tengah." (Fira Basuki (2004) dina novel Rojak halaman 44).[2]
Betawi Parung | ||
---|---|---|
Basa Betawi Parung | ||
Dipaké di | Indonesia Indonésia | |
Wewengkon | ||
Jumlah panyatur | ||
Rungkun basa | Austronésia | |
Aksara | Alfabét Latin | |
Status resmi | ||
Basa resmi di | ||
Diatur ku | Badan Pengembangan dan Pembinaan Bahasa | |
Kode-kode basa | ||
ISO 639-1 | – | |
ISO 639-2 | – | |
ISO 639-3 | – |
Kekecapan
éditKekecapan dina basa Betawi Parung dipangaruhan pisan ku basa Sunda Bogor lantaran ayana padeukeut tempat panuturan, dihandap ieu conto kekecapan basa Betawi Parung;
Basa Betawi Parung | Basa Indonésia | Basa Sunda Bogor |
---|---|---|
bagén | biarkan | anteupan |
kaga/ora/moal/embung | tidak | moal/embung |
madang/mindo | makan | dahar |
ngéndong | menginap | ngéndong |
ngobak/ngojay | berenang | ngojay |
gua | saya | aing/urang |
lu | kamu | sia/manéh |
bapét/medit | pelit | korét/pedit |
déwékan | sendirian | sorangan |
bangor/badung | nakal | bangor |
ngarét | terlambat | telat |
awak | badan | awak |
pentér | siang | sonten |
ontong/ulah | jangan | tong/ulah |
puguh | tentu | puguh |
molor | tidur | saré |
nyangcang | mengikat | bengkeut |
congor | mulut | congor |
jasa/pisan | banget | jasa/pisan |
kepincét | memencet | kapencét |
mérad | pergi | indur/mangkat |
ajer | senyum | seuri |
képét | tahi | podol |
kudu | harus | kudu |
ngempéd | bersandar | nyarandé |
ngagul | sombong | songong |
ngangon | mengembala | ngangon |
nyeri | sakit | nyeri |
kapiran | percuma | kapiran |
menjilanan/jember | menjijikan | geleuh |
lanang | laki-laki | lalaki/ujang |
wadon | perempuan | awéwé/enéng |
menggerib | maghrib | magrib |
wara-wiri | mondar-mandir | bolak-balik |
kepapagan | berpapasan | kapanggih |
tai babal | nangka muda | nangka ngora |
kebo | kerbau | kebo |
cebong | berudu | cebong |
embé/bandot | kambing | embé |
ula | ular | oray |
ongkoh | santai | rereuh |
ngacay | ngiler | ngacay |
ngorok | mendengkur | ngorok |
gedig/takol | pukul | takol |
ilok | masa | ilok |
belet/bloon | bodoh | polongo |
bangkot | tua | kolot |
cucurakan | makan bersama | cucurakan |
mendek/nyumput | bersembunyi | nyumput |
gawéan | pekerjaan | pagawéan |
nyekel | memegang | cekel |
angot | kambuh | angot |
kukuban | berselimut | |
péngkor/péncot | pincang | |
mengkel | matang | |
bendo | golok | bedog |
lénjéh | ganjen | |
beleguran | meriam bambu | lodong |
ngibrit | lari kencang | |
lémbo | lemas/lambat | |
entong | anak laki-laki | ujang/entong |
enéng | anak perempuan | enéng |
andénya | habisnya | |
mérad | pergi | indit/mangkat |
ngedumel | cemberut | |
géték/érétan | rakit | géték |
lipen/gincu | lipstik | lipen |
gableg | punya | boga |
ngetug | berjalan kaki | |
wayahnya | waktunya | wayahna |
ngucur | mengalir | ngocor |
Wewengkon panuturan
éditBasa Parung Betawi dipaké di wewengkon Kabupatén Bogor beulah kalér, umumna di wewengkon Parung jeung sabudeureunana. Di Kacamatan Parung, bahasa Betawi Parung dituturkeun ku mayoritas pendudukna kajaba dibeberapa desa anu dibatesan langsung ku Kacamatan Kemang jeung Kacamatan Ciseeng. Di Kacamatan Ciseeng, basa Betawi Parung umumna dituturkan di wilayah Désa Ciseeng jeung Désa Parigi Mekar sedengkeun di desa-desa sejen mayoritas pendudukna nyarita basa Sunda. Di Kacamatan Gunungsindur, basa Betawi Parung téh dipaké di sakumna désa, iwal di Désa Gunungsindur jeung Désa Jampang nu mayoritas pendudukna nyarita basa Sunda. Sedengkeun di Kacamatan Kemang, Basa Betawi Parung umumna ngan ukur diucapkeun di sababaraha désa nu wates jeung Kacamatan Parung sedengkeun désa lainna lolobana nyarita basa Sunda[3]
Rujukan
éditPranala luar
édit
Artikel ngeunaan basa ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |