Gamelan degung nyaéta gamelan has tradisional Jawa Barat hususna suku Sunda.[1][2] Kecap degung asalna tina akronim Deg ngadeg ka nu Agung (ngadeg = nangtung, agung = megah atawa pangagung). Lian ti éta asal kecap degung tina kecap ratu-ratu agung atawa tumenggung, sabab jaman harita ieu musik dipikaresep ku para pangagung (ménak atawa bangsawan), misalna Bupati Bandung R.A.A. Wiranatakusumah V anu sok mgadokuméntasikeun sababaraha lagu. Mimitina mah degung téh dipintonkeun dina wanda instrumental wungkul (karawitan gending), tapi kaayeunakeun mah, degung sok dipaké pamirig lagu. Dina kamus susunan H.J Oosting (1879) kecap degung téh tina kecap De Gong (basa Walanda) anu hartina penclon-penclon nu digantung.

gamelan degung

Bahan

édit

Gamelan degung anu alus dijieunna tina perunggu, anapon gamelan anu maké bahan wesi jeung kualitas anu leuwih basajan dimaksudkeun sangkan gamelas bisa leuwih kahontal ku masarakat, hususna pikeun pangajaran di Lembaga-lembaga atikan. Anapon perangkat tambahan saperti kendang, suling, jsté dijieun tina bahan anu béda deui.

Papasingan Waditra Dina Gamelan Degung

édit

Istilah Dina Waditra

édit
 
 
Bonang dina gamelan degung
 
Hiji sét gamelan degung, anu diwangun ku sababaraha waditra sapertos goong, jenglong, cemprés, panerus, jeung kendang.

Istilah waditra, hususna dina degung nyaéta istilah anu nyoko kana alat-alat anu digunakeun dina saperangkat gamelan (instrumén). Ilaharna wadtra-waditra dina gamelan degung ngawengku:

  1. Bonang, anu kabagi jadi 14 penclon dina ancakna. Ngadérét mulai ti nada mi nepi ka nada la gedé;
  2. Cemprés, anu ngawengku 14 wilah nada. Ngadérét ti nada mi leutik nepi ka la rendah;
  3. Panerus, bentuk jeung jumlah nadana sarua jeung saron, ngan ilaharna sok béda oktafna wungkul;
  4. Jengglong, anu kabagi jadi 6 wilah. Disimpen ku cara digantung atawa disimpen siga bonang dina gemelan pélog (disimpen di Luhur benang);
  5. Goong, Awalna mah ngan saukur maké gong gedé wungkul, tapi kaayeunakeun mah sok maké kempul saperti anu digunakeun gamelan pélog;
  6. Suling, dina gamelan degung, suling anu digunakeun nyaéta suling anu boga opat liang;
  7. Kendang, pungsina keur ngatur ritem, anu ngawengku hiji kendang gedé jeung dua kulantér
Sora ti bonang gamelan degung
Sora ti jenglong
Sora ti kendang degung
Sora ti péking
Sora ti saron cemprés

Gambar Alat Musik jeung Cara Nabeuh Waditra

édit

Cara Nabeuh Waditra

édit

Alat Musik Gamelan Degung

édit

Sejarah Gamelan Degung

édit

Pindah ka Bandung

édit
 
Gamelan degung di studio RRI Bandung

Baheula, gamelan degung ngan dipaké minangka instrumén wungkul, lantaran Bupati Cianjur R.A.A. Wiranatakusumah V ngalarang degung anu maké nyanyian (vokal) sabab bisa nyieun suasana anu kurang serius. Nalika R.A.A. Wiranatakusumah pindah ka Bandung, gamelan degung anu ngaranna pamagersari ieu katut nayagana ngilu pindah ka pendopo Bandung dipingpin ku Idi. Sabada pindah ka Bandung, gamelan degung loba dipaké dina acara hajatan sabab loba nu kairut ku sorana anu éndah. ti saprak harita Bupati nitah nyieun gamelan degung deui anu dingaranan Purbasasaka, dipingpin ku Oyo. Salian ti éta, gamelan degung sok dipaké pikeun musik gending karesmén dina pagelaran-pagelaran saperti Lutung Kasarung jeung Mundinglaya dikusumah. Taun 1954, degung mulai dipaké pikeun mirig kawih-kawih Sunda, utamana ku grup Parahyangan anu dipingpin ku E. Tjarmedi. E. Tjarmedi jeung Rahmat Sukmasaputra nyaéta salah sahiji anu méré ide ayana .

1970-1980

édit

Taun 1970-1980 beuki loba waé anu ngagarap gamelan degung, misalna Nano. S kalawan grupna Gentra Madya (1976), Lingkung Seni Dewi Pramanik anu dipingpin ku Euis Komariah, Degung Gapura kagungan Kustyara, jeung degung gaya Ujang Suryana (Pakutandang, CIparay) anu kasohor ku gaya maénkeun sulingna. Nano. S nyiptakeun lagu kalawan intro jeung aransemén sorangan, sababaraha karyana anu direkam dina bentuk kasét suksés di Pasaran, di antarana Panglayungan (1977), Puspita (1978), Naon Lepatna (1980), Tamperan Kaheman (1981), Anjeun (1984) jeung Kalangkang nu dikawihkeun ku Nining Meida jeung Barman Syahyana (1986) Béda jeung mangsa awal (taun 1950an) harita mah jurukawih degung lolobana ti kalangan jurukawih gamelan pélog saléndro (pasindén; ronggéng), jurukawih taun 1970-an lolobana ti kalangan mamaos tembang Sunda Cianjuran, boh lalaki boh wanoja. Juru kawih anu kasohor ti kalangan mamaos dianatarana: Euis Komariah, Ida Widawati, Teti Afienti, Mamah Dasimah, Barman Syahyana, Didin S. Bajuri, Yus Wiradiredja, Tati Saléh.

Kiwari

édit

Gamelan Degung kaayeunakeun mah sok dipaké pikeun mirig lagu non-klasik dina acara-acara ririaan (hajatan)Pikeun pola lagu atawa nabeuhna loba maké polanu diadaptasi tina kiliningan. Misal gending catrik, kulu-kulu, Cirebonan, Banjaran, Jipang lontang . Sedengkeun pikeun lagu-lagu klasik mah jarang pisan dibawakeun, aya kamungkinan ieu hal disababkeun alatan para pangrawit degung loba anu henteu apal lagu-lagu klasik . Salian ti éta musik degujng ogé biasa kapireng dina upacara adat Sunda, féstival jeung pintonan seni. Anu ironis nyaéta kurangna minat generasi ngora dina ngokolakeun katut ngamumulé ieu budaya, anu malah leuwih dimekarkeun ku pihak asing.

Salah sahiji Universitas nu geus lila boga gamelan degung nyaéta Universitas nu aya di Santa . Harita, nalika taun 1990-an aya rombongan pengajar ti Santa Cruz datang ka Bandung terus tepung jeung Wali kota Bandung, Ateng Wahyudi. Harita pa Ateng masihan saperangkat gamelan degung, saluyu jeung paménta maranéhna.

Rujukan

édit
  1. Hermawan Hadliansah, Dadang. BAHAN AJAR Musik Nusantara II (Gamelan Degung). Tasikmalaya2019: EDU PUBLISHER. ISBN 9786239129255. Diakses tanggal 23 Nopember 2019. 
  2. Kubarsah. R, Ubun.1994.Waditra : mengenal alat-alat kesenian daerah Jawa Barat.