Nyalawéna asal kecap tina salawé hartina dua puluh lima. Nyalawé ngandung harti migawé pagawéan dina tanggal 25 bulan Islam [1] di wewengkon basisir Apra, Sindangbarang, Kabupatén Cianjur.

Dina éta mangsa, urang Sindangbarang biasana ngaleut ka muhara walungan di basisir pikeun ngala impun anu keur ngalakukeun migrasi ti laut ka sirah walungan Cisadea.[rujukan?] Di basisir wewengkon Sukabumi impun téh lumpatna ka muhara Cimandiri, Cisolok, jeung Sukamayana nepi ka walungan Cibareno anu wawatesan jeung Banten.[rujukan?] Saméméh ngarala éta impun, diayakeun heula ritual upacara adat minangka wujud hormat ka pangawasa laut kidul nyaéta Nyi Roro Kidul jeung Si Pacul sangkan meunang panangtayungan jeung hasil lauk nu mucekil.[2]

Iwal ti di Cianjur, kagiatan nyalawéna ogé dilakukeun masarakat basisir Cijayana Kabupatén Garut jeung masarakat basisir Palabuan Ratu Kabupatén Sukabumi. [rujukan?]

Kapercayaan ka Nyi Roro Kidul jeung Si Pacul téh geus raket pisan ka masarakat pamayang jeung masarakat basisir pakidulan Cianjur, hususna masarakat Sindangbarang.[rujukan?] Ieu kapercayaan téh kaasup wewengkon basisir Palabuan Ratu, jeung basisir kidul pulo Jawa umumna.[rujukan?] Ieu hal téh katingal nalika lumangsungna acara nyalawéna rupa-rupa kalangan ilubiung dina éta upacara jeung maranéħna teu wani pikeun ngalakukeun lampah asusila ku sabab numutkeun sekolot mah sing saha anu ngalanggar pantrangan baris ngarandapan kajadian anu teu dipikahayang atawa musibat. [rujukan?] Hasil tina éta kapercayaan téh nyaéta boh masarakat boh tamu anu datang ka éta upacara teu wanieun ngaganggu tradisi jeung lingkungan alam sabudeureunana.[rujukan?]

Patalina masarakat Cianjur umumna jeung masarakat pakidulan Cianjur hususna kana upacara nyalawéna, sacara émosional masih leket nepika kiwari.[rujukan?] Dina bulan Rajab, Mulud, atawa dina raraga miéling Poé Gedé Islam téh antusias masarakat pikeun daratang kana upacara nyalawéna katingal leuwih loba, sabab aya kapercayaan yén dina bulan-bulan kasebut marenéhna baris meunang hasil lauk anu leuwih loba.[rujukan?] Rata-rata masarakat nu ilubiung dina kagiatan nyalawéna bisa meunang impun kira-kira 5-10 karung anu beuratna kurang leuwih 50 Kg [3]

Sanajan kitu, aya ogé kapercayaan anu teu bisa leupas nyaéta yén saméméh upacara nyalawéna dilaksanakeun téh saménéhna kudu dilakukeun ritual méré susuguh ka Nyi Roro Kidul jeung Si Pacul. [rujukan?]

Béréndélan Upacara édit

  • Ningali totondén alam anu nunjukkeun daratangna lauk laleutik atawa impun ti tengah laut nu dipigawé ku seseuh.[rujukan?] Tanda anu ditingali nyaéta lambak gedé di basisir jeung béntar anu patingtémbalan di tengah laut.[rujukan?]
  • Sabada tanda katingali, tuluy ngalakukeun tatahar susuguh di antarana 7 rupa rurujakan, menyan, surutu, kopi pait, endog jsb dina dua baki.[rujukan?]
  • Mikeun susuguh di sabudeureun basisir Apra pikeun Nyi Roro Kidul jeung Si Pacul ku cara sawaréh disimpen di sabudeureun basisir jeung sawaréh deui dialungkeun ka laut. [rujukan?]
  • Tatahar ngala lauk dimimitian (mitembeyan) ku sekolot kampung tuluy dilakukeun babarengan ku sakumna nu milu éta acara ti rupa-rupa wewengkon di Kabupatén Cianjur.[rujukan?]
  • Sabada dilaksanakeunana upacara nyalawéna leuwih kurang 3-7 poé gumantung kana loba-henteuna lauk anu aya. Jeung sabada sakumna pamilon mulang ka tempatna masing-masing, sekolot kudu ngayakeun upacara méré susuguh deui minangka pihatur panuhun ka Nyi Roro Kidul jeung Si Pacul, sarta miharep dina tanggal 25 bulan nu baris datang (dina kalénder Hijriyah), impun téh beuki loba.[rujukan?]

Réferénsi édit

  1. Danadibrata.2006 .Kamus Basa Sunda R.A Danadibrata kaca 393. Bandung.Kiblat Buku Utama jeung Unpad
  2. Disbudpar.2007. Kearifan masyarakat Jawa Barat dalam pelestarian lingkungan hidup (Wilayah Priangan Barat). Bandung. Disbudpar
  3. /karung Berburu Ikan Impun di Pantai Apra . Media Indonesia online. Jumat, 13 Agustus 2010 21:15 WIB bisa ditingali di:http://www.mediaindonesia.com/read/2010/08/08/162083/272/101/Berburu-Ikan-Impun-di-Pantai-Apra[tumbu nonaktif]

Tingali Ogé édit

Tumbu Luar édit