Nyiar Lumar nyaéta salah sahiji kagiatan budaya anu maneuh anu dimimitan ti taun 1998, dilaksanakeun dua taun sakali, di sabudeureun Situs Astana Gedé-Kawali.[1] Nyiar Lumar sacara harti nyaéta; nyiar hartina néangan, lumar hartina salah sahiji tutuwuhan supa (Mycena chlorophos) anu hurung dina waktu peuting. Upama dihartikeun sacara filosofis mah, Nyiar Lumar téh kagiatan lalampahan kontémplatif dina raraga ngahudangkeun deui sumanget jeung kasadaran pikeun ngadeukeutkeun diri ka alam, jeung akar-akar kahirupan.[2] Kagiatan Nyiar Lumar dilaksanakeun kalayan gawé bareng antara paguyuban kasenian jeung Dinas Pariwisata Kabupatén Ciamis.[3] Nyiar Lumar ti taun 2012 ukur kakara kacatet salaku Warisan Budaya tak Benda Indonesia, kalayan nomer régistrasi 2012002345, domain Adat Istiadat masarakat, Ritus, dan Perayaan-Perayaan, di Provinsi Jawa Barat. Nyiar lumar, mangrupa ritus koléktif anu teu ngan saukur jadi pintonan seni, tapi ogé ngalibetkeun masarakat sabudeureunana pikeun milu aub dina rupa-rupa wangun kagiatan seni jeung ékonomi.[4]

Salah sahiji panggung pentas Seni Nyiar Lumar 2022

Sajarah Singget édit

Nyiar Lumar munggaran dilaksanakeun dina tanggal 20 Méi taun 1998, anu dialpukahan ku Téater Jagat Kawali jeung Studio Titik Dua Ciamis.[5] [6] Salah sahiji inohong anu jadi paraji, medalna kagiatan Nyiar Lumar téh nyaéta Godi Suwarna.[7]

Nyiar Lumar anu munggaran, babarengan pisan jeung kajadian puncak démonstrasi ngaléngsérkeun orde baru Soeharto, di Jakarta.[6] Tradisi Nyiar Lumar neueulkeun amanat ékologis pikeun ngadeukeutkeun deui diri ka alam, ngaji jeung nyaliksik diri dina néngan akar-akar kahirupan jeung néangan jati diri. Harepanna, sangkan manusa ngabogaan kateguhan dina ngaléngkah ka mangsa nu bakal datang.[1]

 
Pintonan Tarawangsa Nyair Lumar 2022

Kagiatan Nyiar Lumar dilaksanakeun unggal dua taun sakali, ukur kaselang dina taun 2020, Nyiar Lumar teu bisa dilaksanakeun alatan ayana sasalad Covid-19.[1] Acara puncak Nyiar Lumar dilaksanakeun sapeuting jeput, kalayan ngalibetkeun sakabéh unsur masarakat.[8]

Tempat Dilaksanakeun édit

Tempat dilasanakeunna kagiatan Nyar Lumar nyaéta di wewengkon Kacamatan Kawali, Kabupatén Ciamis Jawa Barat. Tempat anu digunakeun téh alun-alun kacamatan (hareupeunjeung gigireun kantor Kacamatan) jeung di sabudeureun Situs Astana Gedé Kawali.[9]

Runtuyan Kagiatan édit

 
Para pamaén téater carita Perang Bubat- Nyiar Lumar 2022

Runtuyan kagiatan Nyiar Lumar sacara formalna mah dilakukeun ku cara lalampahan dina waktu peuting anu dimimitian ti kantor kacamatan Kawali nepi ka Situs Astana Gedé Kawali, anu jarakna kurang leuwih sakilométer.[1] Lalampahan Nyiar Lumar téh karasa haneuteun jeung bruy-bray caang, lantaran ayana puluhan obor atawa damar anu di bawa ku masarakat anu milu kagiatan.[8] Sapanjang lalampahan, pamilon bakal nyaksian rupa-rupa pintonan seni lokal, anu ditataharkeun ku masarakat.[1] Kasenian éta téh di antarana Genjring Royok, Tutunggulan Goropak, Bebegig Sukamantri, jeung sajabana.[7] Sajaba ti éta lalampahan di jero lingkungan Situs Astana Gedé ogé sarua, dipapag ku rupa-rupa pintonan anu geus ditataharkeun saméméhna. Acara puncak dilaksnaakeun di jero lingkungan Situs Astana Gedé Kawali, kalayan aya kasenian anu sipatna pasti nyaéta pintonan téater sajarah Perang Bubat jeung Ronggéng Gunung Bi Raspi.[1]

Sacara gurat badagna, unggal kagiatan Nyiar Lumar téh runtuyan kagitanna nyaéta:

  • Meresihan prasasti di Astana Gedé Kawali dina poé saméméhna
  • Pintonan rupa-rupa kasenian dina poé kahiji jeung kadua
  • Acara puncak anu dilaksanakeun ti ba'da Magrib nepi ka méméh Subuh.[8]

Rujukan édit

  1. a b c d e f VIVA, PT VIVA MEDIA BARU-. "Nyiar Lumar, dari Runtuhnya Orde Baru Menuju Budaya". mindset.viva.co.id (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2022-12-27. 
  2. "Mengenal Nyiar Lumar, Tradisi Khas Ciamis Jaga Kelestarian Alam". merdeka.com. Diakses tanggal 2022-12-27. 
  3. Mardiana, Gina (27-12-2022). "PENGEMBANGAN DAN POTENSI SITUS ASTANA GEDE KAWALI". repository.unigal.ac.id. http://repository.unigal.ac.id:8080/bitstream/handle/123456789/1008/Prosiding%20Seminar%20Nasional%20Program%20Studi%20Ilmu%20Pemerintahan_Ebook-506-510.pdf?sequence=1&isAllowed=y. 
  4. "Warisan Budaya Takbenda | Beranda". warisanbudaya.kemdikbud.go.id. Diakses tanggal 2022-12-27.  Archived 2022-12-27 di Wayback Machine
  5. "Ruwatan Nyiar Lumar Menapaki Sejarah Sunda". Tempo. Diakses tanggal 2022-12-27. 
  6. a b "Tradisi Nyiar Lumar di Ciamis dan Penjelasannya". IlmuSeni.com (dalam id-ID). Diakses tanggal 2022-12-27. 
  7. a b Hermansyah, Dadang. "Akhir Pekan di Ciamis, Ada Wisata Malam Nyiar Lumar". detiknews (dalam id-ID). Diakses tanggal 2022-12-27. 
  8. a b c "Nyiar Lumar, Pagelaran Rutin Seni Budaya di Ciamis yang Pantas Mendunia". Diakses tanggal 2022-12-27. 
  9. "Mengenal Nyiar Lumar, Tradisi Khas Ciamis Jaga Kelestarian Alam". merdeka.com. Diakses tanggal 2022-12-27.