Radén Aria Adipati Koesoemadiningrat nyaéta Bupati (Dalem) Ciamis ka-16 nu katelah ogé ku sebutan Kangjeng Prabu (1839-1886.[1] Taun 1828 ngaranna téh Jayanagara (Djajanagara). Mimiti cekel gawé jadi jurutulis kabupatén, anu satuluyna kapapancénan ngawangun pabrik nila di Ciamis, Panjalu, jeung Rancah.[1]

Radén Adipati Aria Kusumadiningrat, Bupati Ciamis (1839-1886)

Taun 1831 anjeunna diangkat jadi komandan prajurit di wewengkon (afdeeling) Galuh sarta dina taun éta kénéh diangkat jadi Kepala Pengawas kebon tarum di wewengkon Galuh nepi ka anjeunna meunang gelar Tumenggung.

R.A.A. Kusumadiningrat ogé dipikawanoh minangka bupati anu neundeun raga katineung nu gedé kana kabudayaan Sunda. Ieu hal katangén tina lobana koléksi kapurbakalaan saperti arca jeung naskah (manuscrift) boh nu kiwari diteundeun di muséum Nasional boh di Perpustakaan Nasional nu asalna ti anjeunna.[2] Naskah-naskah Sunda kuna anu ngandung informasi penting ngeunaan sajarah kabudayaan Sunda mangsa baheula kayaning Carita Parahiangan, Séwaka Darma, Carita Purnawijaya, jsté mangrupa hibah ti anjeunna pisan.[2]

Anjeunna ngalakukeun pangwangunnan ku cara nyieun saluran cai jeung bendungan, saperti saluran cai Garawangi (1839), Cikatomas (1842), Tanjungmanggu/Nagawiru (1843) dan Wangunreja (1862).[3] Tuluy ngawangun lahan pasawahan anyar jeung kebon kalapa di unggal wewengkon. Dina raraga ngahangkeutkeun produksi kalapa, saban pangantén lalaki dina seserahan diwajibkeun mawa kitri, anu engkéna dipelakkeun di hareupeun imah nalika geus rumah tangga.[3] Pamustunganana, Galuh-Ciamis kawentar jadi gudang kalapa anu pangceuyahna di Priangan wétan. Loba pisan pabrik minyak kalapa nu diadegkeun utamana ku pengusaha ti Cina.[3] Nu kawentar di antarana nyaéta Gwan Hien di Kertasari, Ciamis jeung pabrik Haoe yén di Pawarang (disebut Olpado) anu musna alatan bom nalika Galuh dijorag ku Walanda.[3]

Catetan édit

  1. a b (id) Ajip Rosidi, dkk (2000). Ensiklopedi Sunda: Alam, Manusia, Budaya (Termasuk budaya Betawi dan Cirebon). Pustaka Jaya. ISBN 978-0-471-66376-8. 
  2. a b (nl) Cohen Stuart (1882). Eerste Vervolg Catalogus der Bibhliotheek en Catalogus der Maleische, Javaansche en Kawi Handschriften van het Bataviaasch Genootschap van Kunsten en Wetenschapen. Batavia: s'Hade, Bruining & Wijt, M. Nijhoff. 
  3. a b c d Kangjeng Prebu Raden Adipati Aria Kusumadiningrat dina http://saungqcha.wordpress.com/2010/07/24/kangjeng-prebu-raden-adipati-aria-kusumadiningrat/ diaksés tanggal 14 Agustus 2011