Raksukan nyaéta mangrupa kabutuhan utama manusa salian dahar jeung tempat dumuk.[1] Ieu hal geus bisa katilik ti jaman baheula kénéh anu terus ngigelan kamekaran budaya jeung paradaban manusa.[1]

Baju kaméja

Asal-usul

édit

Ditilik tina sajarahna kamekaran kabudayaan manusa, bisa ditalungtik hal-hal anu aya patalina jeung raksukan.[1] Dina hakékatna raksukan anu mekar dimasarakat ayeuna téh mangrupa kamekaran tina bentuk raksukan peradaban barat.[1] Tapi raksukan barat ogé mangrupa serepan tina tilu budaya nyaéta Yunani Kuno, Romawi jeung Nasrani.[1] Kamekaran jaman ogé mangaruhan kana raksukan anu saluyu jeung kamekaran élmu, pangaweruh, téknologi, jeung seni (IPTEKS).[1] Dina jaman prasejarah manusa encan wawuh kana raksukan saperti ayeuna.[1] Manusa hirup alatan moro saperti ayeuna.[1] Tapi manusa hirup alatan cara moro, tatanén, jeung hirupna pundah-pindah ti hiji tempat ka tempat séjén ku cara ngamangpaatkeun naon anu kapanggih disabudeureunana.[1] Nalika maranéhna moro sato, maranéhanana téh lain dagingna wungkul tapi jeung kulitna, dagingna pikeun di dahar jeung kulitna pikeun nutupan awakna.[1] Nalika éta manusa mimiti mikir yén nutupan awak tina pangaruh alam jeung sabudeureunana saperti pangaruh hawa, sato, cuaca atawa iklim jeung barang-barang anu ngabahayakeun.[1] Cara pikeun nyingkahan tina hal nu tadi téh béda-béda saluyu jeung alam sabudeureunana.[1] Di daérah anu hawana tiis, manusa jaman baheula nutupan awakna ku cara awakna ditutup ku kulit sato, hususna sato-sato anu buluna kandel saperti domba.[1] Kulit sato kasebut dibersihkeun heula tina daging jeung lemak anu nempél tuluy digaringkeun.[1] Kitu ogé di daérah panas, maranéhna ngamangpaatkeun kulit kai anu saméméhna dikeueum tuluy digebugan jeung digaringkeun.[1] Aya ogé anu maké dadaunnan jukut jeung anu garing.[1] Salain ti éta aya ogé anu maké ranté tina kerang atawa beubeutian, sihung sato jeung huntu anu disusun saperti kalung.[1] Ilaharna dipaké dina beuheung saperti kalung, dina leungeun saperti gelang, dina suku saperti génggé jeung dina imbit pikeun nutupan bagian-bagian awak.[1] Ieu kabéh téh miboga pungsi pikeun jadi pamanis jeung kaéndahan salain ti éta aya kapercayayan atawa tahayul.[1] Numutkeun kapercayaya baheula, yén maké barang-barang kasebut bakal némbongkeun kakuatan atawa ayana rasa kawani tina roh-roh jahat jeung pikeun dipika hormat.[1] Salain ti éta aya cara lain nyaéta ku cara ngagambaran awakna anu disebutna tattoo. Tapi sakabéh anu dilakukeun ku masarakat primitif encan bisa disebutkeun raksukan ku sabab seni dina raksukan mah ayana sanggeus masarakat maraké panutup awak tina kulit sato, kulit kai atawa bahan baju dina bahan tenunan.[1] Satuluyna, ayana pamanggih bahan raksukan boh tina kulit sato boh kulit kai jeung cara makéna éta jadi kasang tukang lahirna bentuk dasar raksukan.[1] Bentuk dasar raksukan anu ayadi Indonésia, nyaéta kutang, papakéan, ponco, kaptan jeung calana.[1]

Fungsi

édit

Fungsi saujratna tina raksukan téh nyaéta pikeun nutupan awak tina panasna panon poé, tirisna angin jeung ngjaga suhu awak sangkan tetep stabil, salain ti éta raksukan téh jadi enteung budaya masarakat anu aya.[2] Ditilik tina agama raksukan téh pikeun nutupan orat, jeung pikeun perhiasan maksudna pikeun mamanis dina dangdosan di hareupeun Gusti Alloh jeung sasama manusa.[2]

Bahan

édit

Mimitina manusa ngamangpaatkeun kulit tangkal jeung kulit sato pikeun bahan raksukan.[1] Tuluy ngamangpaatkeun bola tina kapas, bulu domba sarta sutra anu satuluyna dijadikeun bahan dasar dijieuna raksukan.[1] Ayeuna dipikawanoh rupa-rupa jinis kaén di antarana:

Jenis

édit

Rujukan

édit
  1. a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t u v w x y Asal Usul Busana (Dicutat tanggal 19 November 2011)
  2. a b Pakaian dan etikanya menurut pandangan islam (Dicutat tanggal 5 November 2011)