Génggéhék
Génggéhék, Mystacoleucus marginatus
ti Cisadane, deukeut [[Situgedé, Bogor Kulon, Bogor|Situgedé]], Bogor
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Filum:
Kelas:
Ordo:
Kulawarga:
Génus:
Spésiés:
M. marginatus
Ngaran binomial
Mystacoleucus marginatus
Sinonim

Barbus obtusirostris van Hasselt, 1823; (nomen nudum)
Barbus marginatus Valenciennes, 1842[2],
Systomus (Barbodes) marginatus Bleeker, 1860

Regis/génggéhék (Mystacoleucus marginatus) nyaéta lauk darat/(lain lauk laut) tina kulawarga Cyprinidae. Lauk génggéhék loba kampanggih hirup liar di susukan, walungan, situ jeung rawa. Ieu lauk ku urang Lampung mah disebutna téh kapyah; lawak, lalawak ceuk urang betawi; wader, wader eco ceuk urang Jawa [3]; keprek di (Jatim).

Pedaran édit

 
Toggong lauk génggéhék

Pangawakan lauk génggéhek kawilang leutik, panjang awakna anu geus déwasa ngan 200 mm, sisitna bodas tur hérang. Kénca jeung katuhu mibanda gurat sisi lobana kurang leuwih 26-29 sisit; Dina biwirna aya kumisan laleutik 4 siki. Jangkung awakna dimimitian tina tungtung cécépét tonggongna kurang leuwih 2,7-3 kali tina ukuran panjang awakna (henteu kaasup buntut). Panjang huluna 4,1-4,2 kali tina ukuran panjang awakna (henteu kaasup buntut). Cécépét dina tonggongna bijil dimimitian sisit ka-9 atawa ka-10 tina jajaran guratan .[3]

 
Cucuk cécépét panggédéna aya rérégéan kawas ragaji

Cécépét-cécépét anu séjéna diwangun ku sababaraha ramo-ramo : cécépét dina tonggongna aya IV (ramo-ramo heuras tur cucukan).8 (ramo-ramo séjéna leuleus, tur semu nyagak; cécépét palebah bujurna III ramo-ramo heuras jeung 8-9 (ramo-ramo leuleusna); cécépét palebah dadana I jeung 14-15; dina palebah beuteungna I.8. Ramo-ramo cécépét anu panggedéna, heuras tur rérégéan aya dina lebah tonggongna, sakapeung sok katémbong tungtungna aya seuseukeutna nolol kaluar (procumbent dorsal spine). palebah puhu buntutna dikurilingan ku 14 sisit.[3]

Buntutna kawas gunting keur calawak tur sisina ngagarpuh (diwangun ku sababaraha ramo-ramo). Sisitna bodas ngagurilap kawas perak, cécépét tonggong jeung buntut palebah tutungna semu hideung.[3]

Tempat hirup édit

 
cécépét palebah handapeun beuteung diwangun ku 8-9 ramo-ramo leuleus

Génggéhék loba kapanggih hirup di susukan, utamana dina leuwi atawa dina susukan anu jero, dina bendungan,situ, jeung rawa. Ieu lauk kagolongkeun herbivora kahakananna lukut jeung dangdaunnan ogé tangkal anu hirup di cai detritus, gumantung kana kaayaan tempat ieu lauk hirup. Tapi sakapeung ogé ieu lauk ngahakan rupa-rupa serangga, krustasea, fitoplankton, zooplankton jeung anu séjéna.[4][5]

Génggéhék loba kapanggih hirup di pulo-pulo Sunda.[6]

Lauk barayana édit

Lauk bilis (Mystacoleucus padangensis) baraya deukeutna anu hirup endemik di Sumatra (di Danau Singkarak, Danau Maninjau, Sungai Kuantan''). Pangawakana leuwih leutik 116 mm TL, tur gurat sisitna kurang leuwih 37-39 siki ogé kumisna ngan sapasang[6].

Dicutat tina édit

 
Buntutna
  1. FishBase: Mystacoleucus marginatus (Valenciennes, 1842)
  2. Cuvier, G. and A. Valenciennes. 1842. Histoire Naturelle des Poissons, XVI. Paris (Levrault).
  3. a b c d Weber, M. and L.F. de Beaufort. 1916. The Fishes of The Indo-Australian Archipelago III:108-109. E.J. Brill. Leiden.
  4. Ridwan. 1979. Makanan ikan keprek, Mystacoleucus marginatus (C.V.) dan beberapa jenis ikan Puntius sp. di Waduk Lahor, Malang, Jawa Timur. Skripsi Fakultas Perikanan IPB (tidak diterbitkan).
  5. Susilawati, N. 2001. Komposisi jenis-jenis ikan serta aspek biologi reproduksi dan kebiasaan makanan ikan genggehek (Mystacoleucus marginatus) di Sungai Cimanuk segmen Sumedang. Skripsi Fakultas Perikanan IPB (tidak diterbitkan).
  6. a b Kottelat, M., A.J. Whitten, S.N. Kartikasari, S. Wirjoatmodjo. 1993. Ikan Air Tawar Indonesia Bagian Barat dan Sulawesi. Periplus Edition (HK) Ltd. dan Proyek EMDI KMNKLH Jakarta. hal 51.

Tutumbu kaluar édit