Page Modul:Infobox/styles.css has no content.

Utuy Tatang Sontani
Gumelar31 Méi 1920
Cianjur
Tilar dunya17 September 1979
Moskow
Ngaran pénaUtuy T. Sontani
KabangsaanIndonesia
Périodeu1945
Génrécarpon,novel,esey,drama
Subjéksastrawan

Utuy T Sontani, ngaran lengkepna mah Utuy Tatang Sontani.[1] Pangarang carita pondok, roman jeung utamana carita-carita drama, boh dina basa Sunda, boh dina basa Indonésia.[1] Lahir di Cianjur Jawa Barat tanggal 31 Mei 1920.[2] Maot tur dimakamkeun sacara Islam di Moskow, Rusia 17 September 1979.[3]

Biografina

édit

Sabada tamat Taman Muda Taman Siswa di Cianjur, tuluy neruskeun sakolana ka Taman Dewasa (SMP) di Bandung, tapi ngan kuat sababaraha bulan da kolotna kaburu bangkrut usahana atuh balik deui ka Cianjur.[1] Waktu indung bapana pipirakan, Utuy milu ka indungna pindah tuluy nganjrek di Bandung.[1] Sanggeusna namatkeun Taman Dewasa di Bandung, tuluy digawé di sababaraha kantor, antarana di Regentschapswerken Bandung.[4] Ti dinya digawe di RRI [Tasikmalaya] salila revolusi nepika Agresi Militer kahiji.[5] Geus kitu asup deui digawe di Balai Pustaka jadi redaktur (1948), terus dipindahkeun ka Bagian Naskah dan Majalah Jawatan Pendidikan Masyarakat.[5] Ti dinya pindah deui ka Jawatan Kebudayaan Seksi Basa Sunda (1958), jeung Lembaga Bahasa dan Kesusastraan Indonésia.[6] Geus nyorang ka luar negri taun 1957 ka Tiongkok, taun 1958 ka Rusia, jeung taun 1961 ka Jepang.[4] Lantaran keur waktu sakola di Bandung kénéh manéhna geus resep kana tulas tulis, nya harita neruskeun deui karesep nulisna, lantaran waktu di Bandung harita bapana langganan surat kabar Sinar Pasundan.[1] Mimitina nulis dina basa Sunda, antarana roman nu judulna Tambera (1943) jeung Mahala Bapa (1943).[7] Carita nyambung Mahala Bapa dimuatkeun dina surat kabar Sinar Pasundan, ari carita nyambung Tambera dimuat dina surat kabar Sipatahunan.[1] Waktu Jepang ngeprik sakumna urang Indonésia sangkan ngagunakeun basa Indonésia bae,nya mimiti Utuy téh nulis dina basa Indonésia.[7] Ilubiung kana pintonan-pintonan sandiwara, malah tuluyna mah nulis sandiwara. Dina taun 1957, Utuy milu ancrub ilubiung dina Badan Pangulik Budaya (BPB)Kiwari, tapi lataran taun 1959 jadi anggota Lekra, ahirna dipecat ku pangurus BPB Kiwari.[1] Dina taun 1960-an, anu mimitina mah ngarasa mangmang rek narima tawaran jadi pangurus Lekra teh, ahirna panceg asup Lekra sarta aktif jadi pangurus sabada dipecat ku BPB Kiwari.[8] Sabada aktif di Lekra, Utuy réa nulis ulikan anu sifatna agitatif,néori jeung nepikeun ceramah-ceramah ngeunaan kasusastran Sunda.[1] Ceramahna ngeunaan kasusastraan Sunda dijudulan Sastra Sunda Sebagai Jurubicara Dua Kebudayaan, minangka sawangan anyar tina karangan saméméhna anu kungsi dimuat dina majalah, nyaéta Nyawang Sastra Sunda Saliwatan (1956-1958).[7] Lian ti eta, ogé nulis drama agitatif Si Sapar (1964) jeung Si Kampeng (1964).[1] Memeh ngabeledug kajadian Gestapu, Utuy indit ka RRC pikeun titirah jeung diubar,lantaran keuna ku panyakit lever, tapi terus teu bisa balik deui. Ti RRC tuluy kakaburan ka Moskow, anu satuluyna di éta nagara ngajar basa jeung sastra Indonésia di Institut Bahasa dan Kesusastraan Timur tug nepi ka maotna, dina taun 1979.[1]

Karya-Karyana

édit

Judul sandiwarana nyaéta:

  1. Sandiwara anu mimiti judulna Bunga Rumah Makan (1948);
  2. Suling (1948);
  3. Awal dan Mira (1952);
  4. Manusia Iseng (1953);
  5. Sayang Ada Orang Lain (1954);
  6. Di Langit Ada Bintang (1955);
  7. Di Muka Kaca (1957);
  8. Pengakuan (1957);
  9. Sang Kuriang (1962);
  10. Si Kabayan (1959).[9]

Nepi ka kiwari dianggap pangarang drama Indonésia anu pangkuatna.[4] Drama karanganana nyaéta Awal dan Mira, dileler Hadiah Sastra Nasional BMKN 1953, ari drama séjénna nyaéta Saat yang Genting (1958) dileler Hadiah Sastra Nasional BMKN 1957/1958.[2][10] Bisa jadi ku lantaran baheulana ngamimitian karier sastrana ku nulis dina basa Sunda, katineungna gedé kana tulas tulis dina basa Sunda.[7] Dina sastra Sunda, karya-karya Utuy di antarana dimuat dina majalah Kiwari, Kalawarta LBSS, Manglé, Medan Bahasa Basa Sunda, Sunda jeung Warga jeung dina koran Sipatahoenan.[10] Utuy nulis carita pondok, drama, esey, jeung sajak. Eseyna ngeunaan kakayaan batin Ki Sunda, mangrupa hasil ulikan ngeunaan Sangkuriang jeung Si Kabayan, kaitung hasil pamikiran-pamikiran anu orisinil jeung anyar.[11] Ari tulisanana ngeunaan Haji Hasan Mustapa, salah saurang bujangga Sunda, nembongkeun kakagum kana individualisme éta bujangga anu sadar kana kakuatan pribadina sorangan.[11] Lantaran gedé katineungna kana basa Sunda, sarta can ngarasa sugema nulis dina basa Indonésia, sawatara karyana anu ditulis dina basa Indonésia satuluyna ditulis deui dina basa Sunda, upamana carita pondok anu dimuat dina kumpulan Orang-orang Sial , tarjamahan basa Sundana dimuat dina majalah Sunda.[1]Sang Kuriang terbitan Balai Pustaka,anu asalna ditulis dina basa Indonésia sarta saméméhna kungsi dimuat dina majalah Seni (1955) ditarjamahkeun kana basa Sunda tuluy dimuat dina koran Sipatahoenan (1961) sarta terus diterbitkeun ku Bhratara (1962).[1]

Rujukan

édit
  1. a b c d e f g h i j k l Rosidi,Ajip.dkk.Ensiklopedi Sunda:Alam,Manusia,dan Budaya.Pustaka Jaya.Jakarta 2000. kaca 687 Salah ngutip: Tanda <ref> tidak sah; nama "Ensiklopedi" didefinisikan berulang dengan isi berbeda
  2. a b Eneste,Pamusuk.Leksikon Kesusastraan Indonesia Modern. Djambatan.Jakarta 1990. Kaca 197-198
  3. Sontani,Utuy T.Menuju Kamar Durhaka.Pustaka Jaya.Jakarta 2002.kaca 1
  4. a b c Sontani,Utuy T.Sang Kuriang.Bhratara.Jakarta 1962
  5. a b Rosidi,Ajip.Tjerita Pendek Indonesia.Djambatan.Jakarta 1957.kaca 66
  6. Hasanuddin WS.dkk.Ensiklopedi Sastra Indonesia.Titian Ilmu.Bandung 2007.kaca 826-827
  7. a b c d Rosidi,Ajip.Dur Pandjak.Pusaka Sunda.Bandung 1966. kaca 73-77 Salah ngutip: Tanda <ref> tidak sah; nama "Esey" didefinisikan berulang dengan isi berbeda
  8. Rosidi,Ajip.Hidup Tanpa Ijasah.Pustaka Jaya.Jakarta 2008.kaca 199-201, 233-235, dan 322-326
  9. Rosidi,Ajip jeung Rusman Sutiasumarga.Kandjut Kundang.Balai Pustaka.Jakarta 1963.kaca 117
  10. a b Kartini,Tini,spk.Biografi dan Karya Sasatrawan Sunda Masa 1945-1965.Proyek Penelitian Bahasa dan Sastra Indonesia dan Daerah Depdikbud.Bandung1978.kaca
  11. a b majalah Medan Bahasa Basa Sunda No 8-9-10 Agt-Sept-Okt Taun II 1957.kaca 54-61 Salah ngutip: Tanda <ref> tidak sah; nama "majalah" didefinisikan berulang dengan isi berbeda