Angléng nyaéta kadaharan sarupa wajit anu dijieun tina tipung ketan, bisa ketan hideung atawa ketan bodas.[1] Angléng salah sahiji susuguh anu remen kapanggih utamana dina acara: salametan, hajat, jeung upacara muludan. Ilaharna sok disuguhkeun bareng jeung tumpeng, papais tipung nagasari, seupan cau, bugis, opak (ranginang), jeung sajabana.[2] Angléng upama diteundeun ditempat garing, bisa kuat nepika ka 20 poé henteu hapeuk atawa tengi.[3]

Angléng

Angléng dijieun tina bahan-bahan kayaning: tipung ketan, cipati, gula kawung, tuluy digalokeun bari digolakeun dina géréngséng nepi ka liket.[4] Pareng geus tiis kakara dibungkusan maké daun jagong saséndok-saséndok.[4] Kiwari angléng téh geus jadi kadaharan oleh-oleh utamana ti daérah: Tasikmalaya, Garut, Bandung, jeung réa-réa deui.[3][5]

Sanajan bahanna sarua, angléng jeung wajit dibedakeun ku sababaraha rupa: dina rasa jeung seungitna, wajit mah ketanna henteu ditipung tapi disangu, dina mungkusna wajit mah eusina katempo tisisi kénca jeung katuhuna, ari angléng mah buni ku lantaran tungtung dauna ditikelkeun deui (kawas leupeut) pédah rada muncugug.[5]

Dicutat tina édit

  1. Dibrata, R.A. Dana (2009). Kamus Basa Sunda. Bandung: PT Kiblat Buku Utama. ISBN 9793631937. Ditempo kaping 29 September 2017
  2. Herayati, Yetti (1993). Makanan: Wujud, Variasi dan Fungsinya Serta Cara Penyajiannya Pada Orang. Jakarta: Direktorat Jenderal Kebudayaan. p. 99. Ditempo kaping 29 September 2017
  3. a b "Tak Hanya Dikenal Dengan Kampung Naga-nya, Desa Neglasari Ternyata Menjadi Sentra Wajit Angleng di Tasikmalaya". Tasikasik.com. 1 Januari 2004. Diakses tanggal 29 September 2017.  Archived 19 Séptémber 2017 di Wayback Machine
  4. a b Rosidi, Ajip (2000). Ensiklopedi Sunda: alam, manusia, dan budaya, termasuk budaya Cirebon dan Betawi. Jakarta: Pustaka Jaya. p. 54. ISBN 9789794192597. Ditempo kaping29 September 2017
  5. a b "Manisnya Wajit Cililin Hj. Romlah". Wisatabdg.com. 1 Januari 2004. Diakses tanggal 29 September 2017.