Gula kawung
Gula kawung (Basa Indonésia: gula aren) nyaéta gula anu dijieun tina lahang hasil tina sadapan tangkal kawung. Dicitakna maké awi ngarah jadi gula ganduan turta diparos (dibungkus) ku daun kalapa.[1]
Prak-prakan nyieun
éditLahang hasil sadapan dina lodong téh tuluy diasupkeun kana kancah. Sanggeus kitu lodongna dibersihan, lain dikumbah ku cai, tapi dipuput leuwih kurang tilu jam. Lahang anu geus digolakkeun disebutna wédang. Sanggeus kitu tuluy éta wédang téh dikecalakan minyak kalapa 2 keclak unggal sakancah. Sanggeus kitu dipépés nepi ka kentel/kuled sokdisebut ogé peueut.[2] Ti dinya laju diguis (diaduk) maké alat nu disebut pangguis. Sanggeus kitu tuluy dicitak dina awi (mun di Banten dina batok).[1]
Mangpaatna
éditDi handap ieu mangpaat tia zat-zat anu dikandung dina gula Kawung
- Riboflavin: Ngabantu ngabentuk sel darah merah, ngahasilkeun antibodi, bareng jeung enzim ngahasilkeun énérgi nu diperlukeun ku awak manusa, jeung vitamin A menerkeun selaput mukosa dina saluran pencernaan, ngahambat sél nu ruksak dina waktu prosés produksi énérgi, menerkeun sistim gawé jaringan jeung saluran pencernaan awak.
- Thiamin: Gunana keur koenzim dina metabolismeu énérgi, nguatkeun sistem saraf jeung otot, ngabantu awak nyieun sarta ngagunakeun protein.
- Niacin: Gunana keur koenzim dina metabolismeu Glukosa, Lemak jeung Alkohol, Mantuan kasehatan kulit, sistim saraf jeung sistem pencernaan, nurunkeun kadar kolesterol LDL, ngaronjatkeun fungsi gawé uteuk.
- Nicotinic Acid: Ngahambat sarta ngalemeskan urut jarawat, nyegah singkayo jeung wasir.
- Ascorbic Acid: mibanda fungsi Antibiotik, ngahambat rematik, Flu jeung Asma, bisa ogé nyegah Kangker, nyiptakeun sistim imunitas, nguatkeun tulang sandi, nu sifatna Antioksi jeung sanggup ngungkulan radikal bébas.
- Kalsium: Ngalancarkeun jalan getih, normalkeun tekenan getih, nyaimbangkeun tingkat kaasaman getih, Nyegah Ostéorosis (Tulang koropos), nyegah panyakit jantung jeung nurunkeun résiko Kangker peujit, ngaronjatkeun gairah birahi anu létoy.
- Vitamin B6 jeung nu séjénna: Metabolisme Protéin & Karbohidrat, mantuan produksi sél-sél getih beureum, mantuan sistim imunitas awak.[3]
Catetan
édit- ↑ a b Ajip Rosidi, dkk, (2000). Ensiklopedi Sunda: Alam, Manusia, Budaya (termasuk budaya Betawi dan Cirebon). Jakarta: Pustaka Jaya.
- ↑ Strategi peisan Cikalong dalam menghadapi kemiskinan. 2003. ISBN 9789794614266.
- ↑ http://pamulihan.wordpress.com/2011/05/16/khasiat-gula-kawung/ disalin tanggal 18 Agustus 2011.
Artikel ngeunaan dahareun jeung inuman ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |