Kabupatén Simalungun

kabupaten di Indonesia

Kabupatén Simalungun nyaéta kabupatén nu aya di Sumatera Kalér, katelahna kabupatén pangluasna katilu sanggeus Kabupatén Mandailing Natal jeung Kabupatén Langkat.[1] Luas wewengkon Kabupatén Simalungun nyaéta 4.372,5 km2.[1] Kabupatén Simalungun disusun ku 32 kacamatan kalawan Kacamatan Hatonduhan minangka kacamatan pangluasna.[1][2]

Géografi

édit

Kabupatén Simalungun kawilang wewengkon nu kacida stratégisna sarta aya di kawasan wisata Danau Toba - Parapat.[1] Iwal ti Kacamatan Hatonduhan minangka kacamatan pangluasna, kacamatan pangleutikna nyaéta Haranggaol Horison kalawan rata-rata jarak ka puseur dayeuh kabupatén nyaéta 30 km.[1] Titik pangjauhna nyaéta Kacamatan Silou Kahéan nyaéta 127 km jeung Kacamatan Ujung Pandang 113 km.[1]

Wates Wewengkon[1][tumbu nonaktif]

édit
Kalér Kabupatén Serdang Bedagai jeung Kabupatén Déli Serdang
Wétan Kabupatén Asahan jeung Kabupatén Batu Bara
Kidul Kabupatén Toba Samosir jeung Kabupatén Samosir
Kulon Kabupatén Karo

Pamaréntahan

édit
 
Peta wewengkon Kabupatén Simalungun

Kabupatén Simalungun kawengku ku 32 kacamatan nyaéta:[2][tumbu nonaktif][3]

No Kacamatan No Kacamatan No Kacamatan
1 Silimakuta 12 Jorlang Hataran 23 Gunung Malingas
2 Pamatang Silimahuta 13 Panei 24 Huta Bayu Raja
3 Purba 14 Panombeian Panei 25 Jawa Maraja Bah Jambi
4 Haranggaol Horison 15 Raya 26 Pematang Bandar
5 Dolok Pardamean 16 Dolok Silau 27 Bandar Huluan
6 Sidamanik 17 Silau Kahean 28 Bandar
7 Pematang Sidamanik 18 Raya Kahean 29 Bandar Masilam
8 Girsang Sipangan Bolon 19 Tapian Dolok 30 Bosar Maligas
9 Tanah Jawa 20 Dolok Batu Nanggar 31 Ujung Pandang
10 Hatonduhan 21 Siantar 32 Dolog Masagal[3]
11 Dolok Panribuan 22 Gunung Malela

Lambang

édit

Dumasar kana Peraturan Daérah Kabupatén Simalungun Nomor 5 Tahun 1960, lambang Kabupatén Simalungun kawengku ku sababaraha simbol nyaéta:[4]

 
Lambang Kabupatén SImalungun
No Lambang
1 Lambang nu ngawangun taméng kabagi ku lima bagéan kalawan dasar lambang warna héjo
2 Bagéan ti luhur lambang ngagambarkeun hiou suri-suri kalawan warna hideung nu boga suat bodas. Dina hiou suri-suri bagéan luhur ditulis ngaran wewengkon Simalungun kalawan tulisan bodas.
3 Bagéan kénca luhur jeung katuhu handap boga dasar warna beureum kolot.
4 Bagéan kénca handap jeung katuhu luhur boga dasar warna bodas.
5 Bagéan tengah boga dasar warna emas.
6 Gambar di bagéan kénca handap nyaéta paré kalawan 17 siki, warna emas.
7 Gambar di bagéan kénca luhur nyaéta daun entéh kalawan jumlah 8 lambar warna héjo.
8 Gambar di katuhu luhur nyaéta Bukit Barisan nu boga 4 puncak anu dua puncak di tengah leuwih luhur lamun dibandingkeun jeung dua puncak katuhu kéncana kalawan warna bulao. Dihandapna aya gelombang sétu opat baris warna bulao kayas.
9 Gambar di katuhu handap nyaéta kembang kapas 5 pucuk warna bodas jeung kuncup kembangna héjo.
10 Gambar di bagéan tengah nyaéta imah balai adat kawan susun galang 10, tangga 7, jerjak 8 sabeulah, tihang 4, sudut hateup lima jeung dina rabung luhur aya gambar hulu kebo kalawan dasar warna hateup hideung jeung galangna bodas.
11 Gurat wates - wates ku warna hideung jeung beulah luar taméng bagéan sisi hiou suri-suri ditambahan ku gurat bodas.
12 Pita di bagéan handap taméng warna bodas sisina warna hideung boga tulisan semboyan lambang.
13 Semboyan lambang HABONARON DO BONA dina basa Simalungun nyaéta kahadéan téh inti.
No Harti Lambang
1 Lambang taméng ngagambarkeun kakuatan jeung pertahanan ngabéla wewengkon jeung nagara.
2 Wilangan - wilangan di bagéan lambang nyaéta simbolik nu ngagambarkeun kasetiaan ka Nagara RI.
3 Paré jeung Kapas minangka kabutuhan pokok pikeun ngahontal kamakmuran jeung kaadilan.
4 Daun entéh nyaéta hasil utama ti wewengkon Simalungun.
5 Gunung jeung Sétu minangka gambaran kaéndahan alam.
6 Gelombang setu minangka gambaran dinamika masarakat.
7 Imah Balai nyaéta spesifik wewengkon nu ngagambarkeun adat kabudayaan jeung kasenian.

Sumber

édit
  1. a b c d e f "BPS Kabupaten Simalungun". simalungunkab.bps.go.id. Diakses tanggal 2021-03-04.  Archived 2022-07-14 di Wayback Machine
  2. Situmorang, M.A., M.Th., Pdt. Dr. Jonar (2023). Asal-Usul, Silsilah dan Tradisi Budaya BatakSitumorang, M.A., M.Th. Jakarta: Penerbit Andi. p. 97. ISBN 9786238806614.  Disungsi 27Juli 2024
  3. a b "Badan Pembinaan Hukum Nasional". jdihn.go.id. Diakses tanggal 2021-03-04. [tumbu nonaktif]
  4. "Arti Lambang". www.simalungunkab.go.id. Diakses tanggal 2021-03-04.  Archived 2021-01-23 di Wayback Machine