Koordinat: 0°37′N 99°6′E / 0.617°N 99.100°E / 0.617; 99.100

Kabupatén Mandailing Natal (Batak Mandailing: Citakan:Btk) anu leuwih loma disebut Madina nyaéta hiji kabupatén anu perenahna aya di propinsi Sumatera Utara, Indonésia. Puseur dayeuhna aya di kacamatan Panyabungan. Kabupatén Mandailing Natal wates daérahna langsung jeung Propinsi Sumatera Barat. Dina akhir taun 2023, masarakat pangeusi kabupatén ieu jumlahna 495.236 jiwa, kalayan kapadetan 80 jiwa/km2.[2] Kabupatén Mandailing Natal mangrupakeun hasil tina ngamekarkeun Kabupaten Tapanuli Selatan dina tahun 1998.[1]

Kabupatén Mandailing Natal

Lambang Kabupatén Mandailing Natal

Bagas Godang di Panyabungan Tonga

Peta lokasi Kabupatén Mandailing Natal
Motto Madina yang Madani
Propinsi {{{propinsi}}}
Ibukota Panyabungan
Lega Wilayah 6620,7
Kordinat {{{kordinat}}}
Pangeusi
 · Jumlah
 · Kapadetan
 
{{{pangeusi}}}
{{{kapadetan}}} jiwa/km²
Administratif
 · Kacamatan
 · Désa/kal
 
24
27
Dasar hukum UU Nomor 12 tahun 1998[1]
Tanggal 23 November 1998[1]
{{{kapala daerah}}} {{{nami kapala daerah}}}
{{{kapala daerah1}}} {{{nami kapala daerah1}}}
Kode aréa 0636
DAU Rp 625.543.432.000.-

Ramatloka: madina.go.id

Sajarah

édit

Mangsa kolonial

édit

Citakan:Lihat

 
Urang Éropa umiba di terminal Panyabungan taun 1926, Koléksi Tropenmuseum.

Pamaréntah [[Hindia-Walanda mimiti asupka wewengkon Mandailing Natal dina taun 1824 sarta ngadegkeun pamaréntahan anu diréksa ku Karésidenan Air Bangis bagéan tina Gouvernment Sumatra's Westkust. Taun 1834 puseur dayeuh pamaréntahan Mandailing pindah tur aya dina pangriksa Karésidénan Tapanuli. Taun 1852, Wilayah Mandailing Natal dibagi nganjadi 2 Afdeling nyaéta :[3]

  1. Afdeling Mandailing diwangun ku Groot Mandailing, Klein Mandailing, Ulu sarta Pakantan jeung Batang Natal.
  2. Afdeling Natal diwangun ku Distrik Natal, Sinunukan, Partiloban, Kara-kara, Teloh Baleh, Tabuyung, Singkuang, Batu Mondan jeung Batahan.

Sabada kamerdékaan Indonésia

édit

Saméméh Mandailing Natal ngadeg jadi hiji kabupatén, ieu wewengkon masih bagéan kénéh ti Kabupaten Tapanuli Selatan. Sabada lumangsungna pamekaran, tuluy ngadeg Kabupatén Mandailing Natal dumasar kana Undang-undang Nomor 12 taun 1998, sacara formal diresmikeun ku Menteri Dalam Negeri dina tanggal 23 Novémber 1998.[1] Poé jadi Kabupatén Mandailing Natal dipiéling unggal tanggal 9 Maret.

Géografi

édit
 
Leuweung Tutupan jeung Taman Nasional Batang Gadis.

Kabupatén Mandailing Natal perenahna dina 0°10'-1°50' Lintang Utara sarta 98°10'-100°10' Bujur Timur kalawan luhurna tina beungeut cai laut 0-2.145 m. Lega wilayah Kabupatén Mandailing Natal ±6.134,00 km2 atawa 8,40 persén di wilayah Sumatera Utara.[2]

Wates wilayah

édit

Wates wilayah Kabupatén Mandailing Natal kawas dihandap ieu:[4]

Citakan:Batas USBT

Iklim

édit

Suhu hawa timimiti 23 °C nepi ka 32 °C kalayan kalembaban dimimiti 80–85%.

Pamaréntahan

édit

Bupati jeung wakil

édit

Bupati Mandailing Natal téh pamingpin pang luhurna di lingkungan pamaréntah Kabupatén Mandailing Natal. Bupati Mandailing Natal tanggung jawabna ka gubernur propinsi Sumatera Utara. Kiwari, bupati atwa pupuhu daérah anu ngajabat di Kabupatén Mandailing Natal tayalian Jafar Sukhairi Nasution, kalayan wakil bupati Atika Azmi Utammi Nasution.

Aranjeuna kapilih dina Pemilihan umum Bupati Mandailing Natal 2020. Sukhairi mangrupakeun bupati Mandailing Natal ka-4 sabada kabupatén ini diadegkeun taun 1998. Sukhairi jeung Atika diistrénan ku gubernur Sumatera Utara Edy Rahmayadi, dina 22 Juli 2021 di Kota Médan, pikeun masa jabatan 2021-2024.[5]

No Bupati Mulai jabatan Akhir jabatan Prd. Wakil Bupati
4   Jafar Sukhairi Nasution 22 Juli 2021 petahana (2020)   Atika Azmi Utammi Nasution

Démografi

édit
 
Foto lama, pengantin suku Mandailing di Pakantan, Mandailing Natal.

[[Berkas:Bagas Godang Panyabungan Tonga (Batak Mandailing House) (01).jpg|jmpl|ki|Bagas Godang Panyabungan Tonga]]

Sékésélér

édit

Pangeusi wewengkon Kabupatén Mandailing Natal kalolobaan ti rundayan Batak Mandailing anu sacara basa, adat-istiadat, tur budaya mangrupakeun bagéan tina subsuku/puak/cabang étnis ti sékésélér Batak Toba. Urang Mandailing remen disebut sékésélér Angkola, sok sanajan dua-duana sabenerna béda, tapi kalolobaana sarua, mimiti ti basa anu kawilang mirip, baju adat kawinan, jeung imah adat. Kitu deui jeung urusan marga, urang Angkola jeung Mandailing remen disebutkeun salaku marga anu sarua. Masarakat étnis Batak Mandailing di kabupatén ieu kalolobaan mibanda marga Nasution, Lubis, Pulungan, Harahap, Siregar, Rangkuti, jeung Daulay.[6]

Kadieunakeun dituturkeun ku sékésélér Minangkabau anu baheulana loba dumuk di daérah-daérah basisir anu rundayanna kiwari leuwih dipiwanoh salaku suku Pesisir jeung Suku Ulu, aya ogé étnis séjéna kawas Melayu, jeung Nias. Masarakat Minangkabau loba kapanggih di sabudeureun wewengkon basisir, kawas: Natal, Kotanopan, Panyabungan, sarta wewengkon anu watesna jeung Sumatera Barat. Urang Minang di Madina bisa katempo tina ngaranna, tayalian henteu maké marga kawas urang Mandailing jeung Nias. Sanajakn kitu, sawaréhna masih kénéh miwanoh ngaran étnis Minang maranéhna anu méh sarua jeung di Sumatera Barat. Sagigireun dadagangan, masarakat Minang ogé loba anu mibanda perkebunan jeung pertambangan. Di Mandailing Julu loba kapanggih urut nambang emas anu ditinggalkeun ku masarakat Minang Agam, saperti di Huta Godang aya hiji tempat anu dingaranan garabak ni Agom.[7]

Ti daérah Mandailing Natal ieu loba medalkeun inohong-inohong anu mapaés sajarah Indonésia modérn saperti Abdul Haris Nasution, Sutan Takdir Alisjahbana, Darmin Nasution, jeung réa-réa deui. Kajaba ti kitu kadieunakeun aya ogé étnis lianna seperti Jawa, Sunda , jeung réa-réa deui.

Ageman

édit

Kalolobaannana masarakat Kabupatén Mandailing Natal muhit ageman Islam, jeung sabagéan leutik ngagem Kristen. Étnis asli di Kabupatén Mandailing Natal tayalian étnis Mandailing, ilaharna muhit ageman Islam jeung sawaréh muhit Protéstan atawa Katolik. Dumasar data Kementerian Dalam Negeri taun 2023 nyatet yén anu muhit ageman Islam lobana 95,94%, tur ampir rata di sakuliah kacamatan. Sagigireun anu muhit ageman Kekristenan lobana 4,06% éta téh Protestan 3,71% sarta Katolik 0,35%.[2] Anu muhit ageman Kristen kalolobaanna aya di kacamatan Panyabungan Utara, Natal, Siabu, Naga Juang, Muara Batang Gadis dan Sinunukan. Anu muhit ageman Buddha sarta Hindu, kurang ti 0,01%.[2]

Sedengkeun pikeun jumlah tempat ibadah nurutkeun jinis tempat ibadah dina taun 2021 di Kabupatén Mandailing Natal nyaéta :[8]

  • Masjid lobana 545 bangunan tur 662 musholah.
  • Garéja Protestan lobana 62 bangunan
  • Garéja Katolik lobana 4 bangunan

Infrastruktur

édit

Perekonomian Kabupatén Mandailing Natal, dirojong ku sarana jeung prasarana ékonomi mangrupa:

  • Tos sayagana tanaga listrik anu mibanda kapasitas terpasang gedéna 60 MVA sarta daya produksi 49.507.816 MWH
  • Tos sayagana sarana télekomunikasi mangrupa telepon kabel kalayan kapasitas terpasang 4.872 SST, ogé telepon seluler ti sababaraha operator saperti Telkomsel, Indosat, XL, AXIS jeung Flexi
  • Sarana jalan anu panjangna 2.110 km diwangun ku jalan nagara 297,70 km, jalan propinsi 161,65 km jeung jalan Kabupatén 1.423,18 km
  • Tos sayaga pelabuhan laut 1 (hiji) nyaéta pelabuhan Sikara-Kara anu bisa balabuh kapal dalam negeri
  • Tos sadia 9 Unit bank, diantarana 4 unit bank Pamaréntah sarta 5 unit bank swasta, ogé aya 1 unit kantor Pagadéan
  • Tos sayagana 30 pasar, diantarana 1 unit pasar kelas I di Panyabungan 1 unit pasar kelas II di Kotanopan jeung 28 unit pasar kelas III anu nyebar di 22 kacamatan. Kalawan keur dibangun ogé 1 unit pasar modérn (Madina Square) di kota Panyabungan

Atikan

édit

Paguron Luhur Negeri

édit

Ékonomi

édit

Pendapatan Domestik Regional Bruto (PDRB) taun 2007 gedéna Rp. 2.260.838.780.000 kalawan pendapatan perkapitana Rp. 5.464.263 ogé ronjatan ékonomina 6,12 % unggal taunna.

Struktur perekonomian Kabupaten Mandailing Natal téh (PDRB Harga Konstan 2000) tahun 2007:

  • Tatanén : 45,42 %
  • Pertambangan jeung galian: 1,54 %
  • Industri pangolahan: 3,53 %
  • Listrik, gas jeung cai bersih: 0,32 %
  • Bangunan: 10,05 %
  • Balantik hotél jeunh réstoran : 17,79%
  • Pengangkutan dan komunikasi: 4,63 %
  • Keuangan, persewaan dan jasa perusahaan: 2,01 %
  • Jasa-jasa: 14,67 %

Pariwisata

édit

Tempat wisata

édit
Gambar:Air-Panas-Sibanggor.jpg
Wisata cipanas walirang di Sibanggor
Gambar:Batang-gadis.jpeg
Bendungan Sungai Batang Gadis.

Aya ogé tempat-tempat wisata di Mandailing Natal tayalian:[9]

Dicutat tina

édit
  1. a b c d "Pembentukan Daerah-Daerah Otonom di Indonesia s/d Tahun 2014" (PDF). www.otda.kemendagri.go.id. Diarsipkan dari versi asli (PDF) tanggal 12 Juli 2019. Diakses tanggal 17 Januari 2022. 
  2. a b c d "Visualisasi Data Kependudukan - Kementerian Dalam Negeri 2023" (visual). www.dukcapil.kemendagri.go.id. Diakses tanggal 7 Maret 2024. 
  3. P.Th Couperus (1852). De residentie Tapanoeli (Sumatra's Westkust) in 1852. National Library of Netherlands (Asli dari perpustakaan Universitas Leiden). 
  4. Kabupaten Mandailing Natal Dalam Angka 2023. BPS Kabupaten Mandailing Natal. 2023. p. 3. ISSN 2503-4057. 
  5. "Sukhairi-Atika, Resmi Jabat Bupati dan Wakil Bupati Mandailing Natal". www.diskominfo.madina.go.id. 22 Juli 2021. Diarsipkan dari versi asli tanggal 2022-01-17. Diakses tanggal 17 Januari 2022.  Archived 2022-01-17 di Wayback Machine
  6. Siregar, Rusman (2017-11-27). "Asal-Usul Mandailing, Sejarah dan Kebesaran Marga-Marga". Sindonews.com. https://daerah.sindonews.com/berita/1260799/29/asal-asul-mandailing-sejarah-dan-kebesaran-marga-marga/20. Diakses pada 23 September 2021 
  7. Edi Nasution, Tulila: Muzik Bujukan Mandailing, Areca Books, 2007
  8. Salah ngutip: Tag <ref> tidak sah; tidak ditemukan teks untuk ref bernama MADINA
  9. "Panorama Alam". Madina.go.id. Diarsipkan dari versi asli tanggal 2016-01-14. Diakses tanggal 15 Januari 2016.  Archived 2016-01-14 di Wayback Machine

Tutumbu ka luar

édit

Citakan:Kabupaten Mandailing Natal Citakan:Sumatera Utara