Karajaan Ayutthaya (/ɑːˈjtəjə/; Basa Thai: อยุธยา, Citakan:Rtgs, diéjah [ʔā.jút.tʰā.jāː] ( dangukeun); juga dieja "Ayudhya" atau "Ayodhya") mangrupa karajaan bangsa Thai anu ngadeg dina taun 1351 nepi ka taun 1767M. ngaran Ayutthaya dibawa ti Ayodhya, ngaran karajaan anu dipingpin ku Sri Rama, tokoh dinaw Carita Ramayana. Dina taun 1350, Sri Raja Ramathibodi I (U-Thong) ngadegken Ayutthaya minangka puseur dayeuh karajaanana jeung naklukkeun dinasti Karajaan Sukhothai, nyaéta 640KM ka lebah kalér, dina taun 1367.

Kerajaan Ayutthaya
อาณาจักรอยุธยา

 

1351–1767

Bandéra

Location of Kerajaan Ayutthaya
Reruntuhan pagoda Candi Mahatat, di taman bersejarah Ayutthaya, Thailand
Ibu kota Ayutthaya
Basa Thailand
Agama Buddha Theravada,
Katolik Roma, Islam
Pamaréntahan Monarki
Raja
 - 1351-1369 Ramathibodi I
 - 1590-1605 Naresuan
 - 1656-1688 Narai
 - 1758-1767 Boromaracha V
Badan législatif Chatu Sabombh
Jaman Abad Pertengahan & Abad Pencerahan
 - Raja Ramathibodi I naik tahta 1351
 - Penggabugan dengan Kerajaan Sukhothai 1468
 - Kejatuhan pertama 1569
 - Naresuan menyatakan merdeka dari Burmese 1583
 - Akhir dari dinasti Sukhothai 1629
 - Kejatuhan kedua 1767

Dina mangsa harita, Ayutthaya aktip balantik jeung rupa-rupa nagara luar kawas Tiongkok, India, Jepang, Persia, jeung sawatara nagara-nagara di Éropa. Pamingpin jeung panggedé di Ayutthaya ngawidian padagang Portugis, Spanyol, Walanda, jeung Prancis pikeun ngadegkeun padumukan di luar témbok bénténg Ayutthaya. Raja Narai (1656-1688) malah mibanda hubungan anu alus reujeung Raja Louis XIV ti Prancis jeung kacutat kungsi ngirimkeun dutana ka Prancis.

Sabada saruntuy konflik pajoréwatan kakawasaan antar dinasti, Ayutthaya asup kana mangsa pangméncrangna dina saparapat ka dua abad-18. Dina mangsa anu kurang-leuwih runtut raut éta, kasenian, kasusastraaan, jeung pangatikan mekar. Perang anu kebat kajadian nyaéta perang ngalawan bangsa séjén. Ayutthaya ngamimitian ngalawan Dinasti Nguyen (anu murba Viétnam Kidul) dina taun 1715 pikeun ngandih kawasa jeung Kamboja.

Sanajan kitu, satru panggedéna datang ti Burma jeung pamingpinna Sri Raja Alaungpaya anu nembé murba sabada naklukkeun urang-urang Shan. Dina taun 1765, wewengkon Ayutthaya ditarajang ku dua jumplukan gedé wadyabalad Burma, anu kebat nyiliwuri di Ayutthaya. Nyanghareupan dua jumplukan gedé wadyabalad éta, ngan ti lembur anu ngaranna Bang Rajan anu miboga parjoangan nu reugreug. Ayutthaya antuknya nyerah jeung dilemah irengan dina taun 1767 sabada saruntuy paningkeran. rupa-rupa karya seni, taman pustaka kasusastraaan, jeung tempat-tempat nyimpen cutatan sajarah Ayutthaya béak ampir musnah; jeung kutanaw ditinggalkeun dina kaayaan ambrug, runtag, diléntab silalatu.

Dina kaayaan anu hanteu tangtu, loba propinsi-propinsi anu silih ngamerdikakeun manéh jeung jadi nagara-nagara sorangan di handap pingpinan panggedé militer, biksu bahula, atawa sésa-sésa kulawarga karajaan. Urang-urang Thai bisa disalametkeun ti panarajang Burma lantaran panarajang Tiongkok ka Burma sarta ayana parjoangan ti saurang pamingpin militer Urang Thai anu kawéntar minangka Phraya Taksin, anu tungtungna mulangkeun kaweuteuhan nagara.

Titinggal anu kasohor ti kota tua Ayutthaya nyaéta ukur puing-puing sésa kadaton karajaan. Phraya Taksin tuluy jadi raja nu tuluy ngadegkeun puseur dayeuh anyar di Thonburi anu aya disebrang Walungan Chao Phraya silih hareup jeung puseur dayeuh kiwari, nyaéta Bangkok.