Musieum Géologi Bandung mangrupa musieum anu neundeun rupa-rupa titinggal géologi panglengkepna di Indonésia, saperti koléksi batu-batu fosil sato purba, diorama, peta géologis pakakas tambang, pangeboran minyak, hasil panalungtikan géologis di lapangan, vulkanologi, arsip ilmiah, katut barang-barang géologis.[1] Sajaba ti éta, ieu musiem mangrupa musieum géologi hiji-hijina sa-asia.[2]

Musieum Géologi Bandung
Nama sebagaimana tercantum dalam
Sistem Registrasi Nasional Cagar Budaya
Musieum Géologi Bandung kiwari
Cagar budaya Indonésia
PeringkatNasional
KategoriBangunan
No. registrasi
nasional
RNCB.2010018.02.000989
LokasiKota Bandung, Jawa Kulon
Tahun penetapan2010 &2017
PemilikBandéra Indonésia Indonésia
PengelolaMuseum Geologi jeungKementerian Énergi jeung Sumber Daya Mineral

Sajarah

édit
 
Musieum Géologi taun 1920-an disawang ti kajauhan

Musieum ieu téh mimitina numpang di Gedong Saté, teras dialihkeun ka gedong anyar di Jalan Diponegoro Nomor 57, Cihaur Geulis, Kecamatan Cibeunying Kaler, Kota Bandung.[3][4]Jalan Diponegoro baheula ngaranna Rembrandt Straat.[5]

Mun nempo ka mangsa ka tukang, sajarah ngadegna ieu musieum téh teu leupas tina pokalna sababaraha panaratas saperti Valintijn, Rumphius, Junghuhn jeung nu séjénna nu geus mangtaun-taun nalungtik ngeunaan Pulo Jawa. Satuluyna, pamaréntah Kolonial Hindia Walanda, dumasar Koninklijk Besluit Nomor 45 taun 1850, disusul ku Besluit No. 52/1852 ngadegkeun Dienst van het Mijnwezen atawa Jawatan Pertambangan.[6]

Mijnwezen ieu nu jadi cakal bakal ngadegna Musieum Géologi Bandung téh. Ti taun 1852-1866 mah ieu lembaga puseurna aya di Buitenzorg (kiwari Bogor), ngan ti taun 1866-1924 dipindahkeun ka Batavia [[kiwari Jakarta).[6] Ku sabab kagiatanana beuki tohaga, taun 1922 statusna undak jadi Dienst van den Mijnbaw. Pindahna puseur lembaga ka Bandung lumangsung dina taun 1928, babarengan jeung ngadegna gedong anyar pikeun laboratorium panalungtikan Géologi.[6] Wangunan nu kiwari jadi Gedong Musieum Géologi téh réngsé dipigawé ku pemborong Liem A. Goh ti Bandung dina waktu ngan 11 bulan, ngalibetkeun teu kurang ti 300 pagawé kalawan méakkeun waragad 400.000 Gulden.[1][6] Baheula mah ieu gedong téh dingaranan Geologische Museum.[6]

Ieu gedung dirarancang dina taun 1928 ku Ir. Menalda van Schouwenburg.[5][6]Diresmikeun tanggal 16 Méi 1929 babarengan jeung lumangsungna Kongrés élmu Pangaweruh Pasifik ka-IV (Fourth Pasific Science Congress) nu diayakeun di Bandung.[1][6]

Dina waktos Perang Dunya kadua, pamaréntah Hindia Walanda mutuskeun yén wangunan musieum janten markas Angkatan Udara. Koléksi anu aya dialihkeun ka Gedung Pensioen Fonds anu ayeuna disebat Gedung Dwiwarna. Dina waktos Jepang ka Indonésia saméméh kamerdékaan, musieum ini téh diurus ku Kogyo Zimusho, teras ngarannya dirobah janten Chisitsu Chosasho. Dina Indonésia merdéka, musieum ieu diurus ku Djawatan Tambang jeung Geologi.[5]

Wangunan

édit

Musieum ieu miboga dua lantai. Dina lantai kahiji, aya tilu rohangan nyaéta rohangan oriéntasi, rohangan sayap kulon jeung sayap wétan. Dina lantai kadua ogé aya tilu rohangan nyaéta rohangan belah kulon, rohangan tengah jeung rohangan belah wétan.[7]

Lantai kahiji

édit

Jero rohangan oriéntasi, aya peta géografi Indonésia mangrupa réliéf anu disajikeun dina bentuk animasi. Dina rohangan sayap belah kulon, aya sababaraha rohangan anu nyayogikeun informasi ngeunaan kajadian anu aya di bumi, geologi pulau-pulau badag di Indonésia. Dina rohangan sayap belah wétan, aya informasi ngeunaan sajarah makhluk hidup ti zaman primitif nepi ka zaman kiwari. Dina rohangan ieu oge aya fosil tengkorak manusa purba jeung artéfak pangwangunan budaya.[7]

Lantai kadua

édit

Dina rohangan tengah, aya makét tambang emas anu pangbadagna di Indonésia nyaéta di Pagunungan Tengah Papua. Sababaraha batuan ti Papua ogé ditémbongkeun dina rohangan ieu. Salian ti éta, aya ogé miniatur menara pengeboran minyak jeung gas bumi. Dina rohangan belah wétan, aya tujuh rohangan leutik anu sadayana aya informasi ngeunaan geologi pikeun manusa. Koleksi ieu musieum aya 250.000 batuan jeung mineral, sarta 60.000 koleksi fosil jeung sajabana.[3]

Rohangan koléksi

édit
 
Rohangan di jero Musieum Géologi awal abad ka-20

Koléksi museum Géologi dikategorikeun kana opat rohangan nyaeta rohangan sajarah kahirupan, rohangan géologi Indonésia, rohangan mangpaat géologi jeung sumber daya géologi.[5][8]

Rohangan Sajarah Kahirupan

édit

Rohangan ieu ngagambarkeun kahirupan di bumi anu dimimitian ti 4,6 milyar taun ka tukang, kumaha mimitina aya litosfér, atmosfér, jeung hidrosfér kirang leuwih 3,8 milyar ka tukang; sajarah mikro organisme sapertos ganggang jeung baktéri kirang leuwih 3,5 milyar taun ka tukang. Salian ti éta, aya ogé kahirupan dina zaman ka zaman, mimiti kahirupan dina laut teras ngalih ka bumi, mimitina ti organisme anu boga hiji sél nepi ka organisme anu kompléks. Ti mimiti hewan invértebrata nepi ka vértebrata, ti mimiti tumbuhan pakis nepi ka kekembangan. Dina rohangan ieu, aya oge informasi ngeunaan sajarah géologi Bandung anu nyaritakeun mimiti Danau Bandung Purba sarta nembongkeun sababaraha réplika fosil manusa purba.[9]

Rohangan kahirupan aya di belah wétan gedong, koleksina dikelompokkkeun dumasar kana era Prakambrium-Paleozoikum, Mesozoikum, dan Kenozoikum.[5]

Galéri Mézoikum

édit

Dina galéri Mezoikum aya réplika fosil T-rex jeung citakan suku Tyrannosaurus. Citakan suku kapanggih ku ahli paleontologi Inggris, Phil Manning dina taun 2007 di Hell Creek Formation, Montana, Amerika Serikat.[5]

Galéri Vértebrata

édit

Galéri Vértebrata miboga koleksi fosil sapertos gajah purba (Stegodon trigonocephalus, Sinomastodon bumiayuensis), badak (Rhinoceros sondaicus), kuda nil (Hexaprotodon simplex), kebo purba (Bubalus palaeokerabau).[5]

Galeri Bandung

édit

Galéri Bandung nampilkeun buktos yén Bandung téh baheulana situ anu lega. Aya panampakan morfologis anu wujudna cekungan, dieusi ku batu-batu jeung aya fosil lauk nu hirup di cai tawar.[5]

Galeri Manusia Purba

édit

Galéri Manusia Purba mangrupakeun rohangan husus keur koleksi fosil manusia purba anu kapanggih di Indonésia, lolobana ti Pulau Jawa, hususna di aliran sungai Bengawan Solo anu ngalir ti sumberna di Gunnung Lawu, Jawa Tengah nepi ka ujungnya di Laut Jawa, belah kalér Gresik, Jawa Timur.[5]

Rohangan Géologi Indonésia

édit

Dina rohangan ieu, aya informasi ngeunaan kabentukna bumi salaku bagéan ti tata surya. Aya ogé carita ngeunaan kepulauan Indonésia ti 50 juta taun ka tukang nepi ka ayeunna dumasar kana téori téktonik lémpéng anu aya di Indonésia nyaéta lémpéng Eurasia, lémpéng Pasifik jeung lémpéng Indo-Australia anu ngabalukarkeun kajadian gempa bumi jeung gunung api.[10]

Geologi Indonésia aya dina rohangan sayap belah kulon, anu diwangun ku galéri Asal Mula Bumi, Téktonik Indonésia, Sumatera, Kalimantan, Jawa jeung Nusa Tenggara, Sulawesi, Maluku, Papua, sarta galéri Survéi Géologi, Gunungapi, Dunia Batuan jeung Mineral.[5]

Rohangan mangpaat géologi

édit

Kajadian géologi anu lumangsung ti puluhan juta ka tukang di Indonésia ngabalukarkeun anugrah, mangpaat jeung musibah. Sudut paméran mangpaat géologi nyayogikeun informasi anu patali jeung pangolahan sumber daya géologi ti mangsa ka mangsa. Sudut paméran musibah nyayogikeun informasi ngeunaan rupi-rupi musibah nyaéta gempa jeung tsunami, kajadian gunung api jeung taneuh anu longsor.[11]

Rohangan sumber daya géologi

édit

Rohangan ieu nyayogikeun informasi ngeunaan poténsi sumber daya mineral, énergi jeung taneuh. Anu kaasup sumber daya mineral nyaéta mineral logam jeung non-logam. Sumber daya énergi hususna énergi anu konvensional contona minyak jeung panas bumi.[12]

Rujukan

édit
  1. a b c Ajip Rosidi, dkk, (2000). Ensiklopedi Sunda: Alam, Manusia, Budaya (termasuk budaya Betawi dan Cirebon), kaca 426-7. Jakarta: Pustaka Jaya.
  2. "Sejarah Museum Geologi". museum.geologi.esdm.go.id (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-12-14. 
  3. a b Media, Kompas Cyber. "Museum Geologi Bandung: Sejarah, Koleksi, Jam Buka, dan Harga Tiket Masuk Halaman all". KOMPAS.com (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-12-15. 
  4. Kunto, Haryoto (1984). Wajah Bandoeng Tempo Doeloe. Bandung: PT Granesia. p. 254. 
  5. a b c d e f g h i j Setiawan, Deddy. "Melihat Peradaban di Museum Geologi Bandung". www.viva.co.id (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-12-02. 
  6. a b c d e f g Suganda, Her (2011). Wisata Parijs van Java: Sejarah, Peradaban, Seni, Kuliner, dan Belanja. Jakarta: Buku Kompas. pp. 69–75. ISBN 9789797095376. 
  7. a b Humaira, Natasya. "Sejarah Museum Geologi Bandung dan Harga Tiket, Dipenuhi Koleksi Sejak 1850". detikTravel (dalam id-ID). Diakses tanggal 2023-12-15. 
  8. "Ruang Pamer | Museum Geologi". museum.geologi.esdm.go.id (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-12-16. 
  9. "Sejarah Kehidupan". museum.geologi.esdm.go.id (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-12-16. 
  10. "Geologi Indonesia". museum.geologi.esdm.go.id (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-12-16. 
  11. "Manfaat dan Bencana Geologi". museum.geologi.esdm.go.id (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-12-16. 
  12. "Sumber Daya Geologi". museum.geologi.esdm.go.id (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-12-16.