Ayip Rosidi
Ayip Rosidi (éjahan asli Ajip Rosidi,gumelar di Jatiwangi, Jawa Barat, 31 Januari 1938 – maot di Magelang, 29 Juli 2020 dina umur 82 taun)[1][2] téh saurang budayawan sakaligus sastrawan kahot. Anjeunna nyiptakeun karya sastra dina basa Sunda jeung basa Indonésia, sarta loba ngawanohkeun sastra Sunda jeung Indonésia ka mancanagara.[3]
Ajip Rosidi | |
---|---|
Gumelar | 31 Januari 1938 Jatiwangi, Majalengka |
Tilar dunya | 29 Juli 2020 Magelang, Jawa Tengah |
Pagawéan | Ketua Yayasan Kebudayaan Rancagé, Ketua Déwan Pembina Yayasan Pusat Studi Sunda, Sastrawan, Sastrawan Sunda, Budayawan, Dosen, Redaktur |
Kabangsaan | Indonésia |
Génré | Carpon, Sajak, Éséy |
Panghargaan nu katelah |
|
Pasangan | Hj. Patimah Wirjadibrata (Ceu Empat) |
Anak |
Ayip aktif nulis, boh dina basa Indonésia atawa dina basa Sunda ti rumaja kénéh, umur 15 taun geus jadi Pamingpin Rumpaka Majalah Suluh Pelajar (1953-1955), sarta satuluyna ngaluluguan sababaraha lembaga sastra, seni, pérs, jeung budaya. Anjeunna ngadegkeun Yayasan Pusat Studi Sunda (2003) nu ngulik kabudayaan Sunda sarta Yayasan Kabudayaan Rancagé[4] nu ngabobotohan tumuwuhna sastra lokal. Kungsi ngajar basa jeung kabudayaan Indonésia di Osaka Gaikokugo Daigaku (1981-2003), sagigireun ngajar ogé di Kyoto Sangyo Daigaku (1982-1996) jeung Tenri Daigaku (1982-1995), Jepang. Naratas dilembagakeunana Hadiah Sastra Rancagé ti taun 1989, sarta mokalan lumangsungna Konferénsi Internasional Budaya Sunda (KIBS) 2001 di Bandung. Buku-buku karyana geus leuwih ti saratus judul, mangrupa roman, kumpulan sajak, kumpulan carita pondok, mémoar, jeung biografi.
Atikan
éditAyip Rosidi mimiti ngalakonan atikan di Sakola Rahayat Jatiwangi (1950), salajengna neruskeun ka SMP Negeri VIII Jakarta (1953) jeung pamungkas, Taman Madya, Taman Siswa Jakarta (1956). Sanajan henteu tamat SMA, anjeunna dipercaya pikeun ngajar minangka dosén di paguron tinggi Indonésia, ogé ti 1967, anjeunna ngajar di Jepang [5]. Dina 31 Januari 2011, anjeunna narima gelar Doktor honoris causa widang Élmu Budaya ti Fakultas Sastra Universitas Padjadjaran.[6]
Kulawarga
éditAyip Rosidi nikah sareng Patimah Wirjadibrata (Ceu Empat) (1955) ogé dipaparin 6 putra, nyaéta:
- Nunun Nuki Aminten (1956)
- Titi Surti Nastiti (1957)
- Uga Percéka (1959)
- Nundang Rundagi (1961)
- Rangin Sembada (1963)
- Titis Nitiswari (1965).
Dina rujukan séjén disebutkeun tujuh putra.[7]
Prosés cacalakan
éditAyip mimitina mah nulis karya kréatip dina basa Indonésia, salajengna talaah jeung koméntar ngeunaan sastra, basa jeung budaya, boh mangrupa artikel, buku atawa makalah dina mangrupa panglawungan di tingkat régional, nasional, ogé internasional. Anjeunna loba maluruh titilar jeung tonggak alur sajarah sastra Indonésia jeung Sunda, nepikeun panémbonganna ngeunaan perkara sosial pulitik, boh mangrupa artikel dina majalah, boh ceramah atawa makalah. Anjeunna ogé nulis biografi ahli seni jeung inohong pulitik.[8]
Anjeunna mimiti ngabéwarakeun karya sastrana taun 1952, dipuat dina majalah-majalah kasohor dina mangsa harita saperti Mimbar Indonesia, Gelanggang/Siasat, Indonesia, Zenith, Kisah, jll. Nurutkeun panalungtikan Dr. Ulrich Kratz (1988), nepika taun 1983, Ayip nyaéta pangarang sajak jeung carita pondok nu pangproduktipna (326 judul karya dipuat dina 22 majalah).[8]
Bukuna anu munggaran, Tahun-tahun Kematian medal sabot yuswana 17 taun (1955), dituturkeun ku kumpulan sajak, kumpulan carita pondok, roman, drama, kumpulan éséy jeung kritik, hasil panalungtikan, jll., boh dina basa Indonésia boh dina basa Sunda, anu lobana kira-kira saratus judulan.[8]
Karyana loba nu geus ditarjamahkeun kana basa séjén, dipuat dina bunga rampai atawa medal minangka buku, a.l. dina basa Walanda, Cina, Inggris, Jepang, Perancis, Kroatia, Rusia, jll.[8]
Kagiatan
éditDina yuswa 12 taun, nalika masih kénéh kelas VI Sakola Rahayat, tulisan Ayip geus dipuat dina rohangan barudak di harian Indonésia Raya.[8]
Ti SMP-na Ayip geus ngaleukeunan dunya panulisan jeung pamedalan. Anjeunna medalkeun jeung jadi éditor sarta mingpin majalah Suluh Pelajar (1953-1955). Dina taun 1965-1967 anjeunna jadi Pamingpin redaksi Mingguan Sunda; Pamingpin redaksi majalah kabudayaan Budaya Jaya (1968-1979); Pangadeg pamedal Pustaka Jaya (1971). Ngadegkeun jeung mingpin Proyék Panalungtikan Pantun jeung Folklor Sunda (PPP-FS) anu loba ngarékam Carita Pantun jeung ngabéwarakeunna (1970-1973). Ngajabat minangka Pupuhu Déwan Kasenian Jakarta (1972-1981).[8]
Barengan jeung babaturanna, Ayip ngadegkeun pamedal Kiwari di Bandung (1962), pamedal Cupumanik (Tjupumanik) di Jatiwangi (1964), Duta Rakyat (1965) di Bandung, Pustaka Jaya (salajéngna Dunia Pustaka Jaya) di Jakarta (1971), Girimukti Pasaka di Jakarta (1980), jeung Kiblat Buku Utama di Bandung (2000). Kapilih jadi Pupuhu IKAPI dina dua kali kongrés (1973-1976 jeung 1976-1979). Jadi anggota DKJ ti mimiti (1968), tuluy jadi Pupuphu DKJ sababaraha périodeu jabatan (1972-1981). Jadi anggota BMKN 1954, jeung jadi anggota pangurus pléno (kapilih dina Kongrés 1960). Jadi anggota LBSS jeung jadi anggota pangurus pléno (1956-1958) sarta anggota Déwan Pembina (kapilih dina Kongrés 1993), tapi ngundurkeun diri (1996). Anjeunna ogé salah saurang pangadeg sarta Pupuhu PP-SS anu munggaran (1968-1975), ogé pangadeg jeung Pupuhu Déwan Pangadeg Yayasan PP-SS (1996) sarta pangadeg Yayasan PDS H.B. Jassin (1977).[8]
Ti 1981 anjeunna diangkat jadi guru besar tamu di Osaka Gaikokugo Daigaku (Universitas Basa Asing Osaka), sabari ngajar di Kyoto Sangyo Daigaku (1982-1996) jeung Tenri Daignku (1982-1994). Sanajan aya di negeri deungeun, anjeunna tetep aktip merhatikeun hirup-huripna sastra-budaya jeung sosial-pulitik di Indonésia, ogé masih terus nulis. Taun 1989 kalawan pribadina méré Hadiah Sastera Rancagé ka saha baé anu mikareueus kana budaya Sunda sangkan aya hasil karyana, anu saterusna tarékah ieu diteruskeun ku Yayasan Kabudayaan Rancagé anu diadegkeun ku anjeunna téa.[8]
Sanggeus pangsiun anjeunna dumuk di désa Pabelan, Kacamatan Mungkid, Magelang, Jawa Tengah. Sanajan kitu, anjeunna masih aktip ngokola sawatara lembaga tanpabati kayaning Yayasan Kabudayaan Rancagé jeung Pusat Studi Sunda.[8]
Pangajén
éditBabaraha pangajén anu pernah ditarima ku Ayip Rosidi, di antararana:[9]
- Hadiah Sastra Nasional 1955-1956 pikeun puisi (dibikeun taun 1957) jeung 1957-1958 pikeun prosa (dibikeun taun 1960).
- Hadiah Seni ti Pamaréntah RI 1993.
- Kun Santo Zui Ho Sho ("Béntang Jasa Khazanah Suci, Sinar Emas jeung Selempang Beuheung") ti pamaréntah Jepang minangka panghargaan ku jasa-jasana anu diniléi kacida mangpaatna pikeun hubungan Indonésia-Jepang 1999
- Anugerah Hamengku Buwono IX 2008 pikeun sagala sumbangan positipna ka masarakat Indonésia di widang sastera jeung budaya.
Karya-karyana
éditAya ratusan karya Ayip. Sababaraha di antarana:[4]
- (id) Tahun-tahun Kematian (kumpulan carpon, 1955)
- (id) Ketemu di Jalan (kumpulan sajak babarengan SM Ardan jeung Sobron Aidit, 1956)
- (id) Pesta (kumpulan sajak, 1956)
- (id) Di Tengah Keluarga (kumpulan carpon, 1956)
- (id) Sebuah Rumah buat Hari tua (kumpulan carpon, 1957)
- (id) Perjalanan Pengantén (roman, 1958, geus ditarjamahkeun kana basa Perancis ku H. Chambert-Loir, 1976; Kroatia, 1978, jeung Jepang ku T. Kasuya, 1991)
- (id) Cari Muatan (kumpulan sajak, 1959)
- (id) Membicarakan Cerita Pendek Indonesia (1959)
- (id) Surat Cinta Enday Rasidin (kumpulan sajak, 1960);
- (id) Pertemuan Kembali (kumpulan carpon, 1961)
- (id) Kapankah Kesusasteraan Indonésia lahir? (1964; citak ulang anu direvisi, 1985)
- Jante Arkidam jeung salikur sajak lianna (kumpulan sajak, basa Sunda, 1967);
- (id) Jeram (kumpulan sajak, 1970);
- (id) Ikhtisar Sejarah Sastera Indonesia (1969)
- (id) Ular dan Kabut (kumpulan sajak, 1973);
- (id) Sajak-sajak Anak Matahari (kumpulan sajak, 1979, sakabéhna geus ditarjamahkeun kana basa Jepang ku T. Indoh, jeung dipuat dina majalah Fune jeung Shin Nihon Bungaku (1981)
- (id) Manusia Sunda (1984)
- (id) Anak Tanahair (novel, 1985, geus ditarjamahkeun kana basa Jepang ku Funachi Megumi, 1989.
- (id) Nama dan Makna (kumpulan sajak, 1988)
- (Basa Jepang) Sunda Shigishi hi no yume (tarjamahan basa Jepang tina petingan ka opat kumpulan carita pondok ku T. Kasuya 1988)
- (id) Puisi Indonésia Modern, Sebuah Pengantar (1988)
- (id) Terkenang Topeng Cirebon (kumpulan sajak, 1993)
- (id) Sastera dan Budaya: Kedaerahan dalam Keindonesiaan (1995)
- (id) Mimpi Masasilam (kumpulan carpon, 2000, geus ditarjamahkeun kana basa Jepang)
- (id) Masa Depan Budaya Daerah (2004)
- (id) Pantun Anak Ayam Archived 2014-03-23 di Wayback Machine (kumpulan sajak, 2006)
- (id) Korupsi dan Kebudayaan (2006)
- (id) Hidup Tanpa Ijazah, Yang Terekam dalam Kenangan (otobiografi, 2008)
- Ensiklopédi Sunda. Jakarta: Pustaka Jaya. 2000
- Ayang-ayang Gung
- Bébér Layar
- Hurip Waras!
- Ucang-ucang Anggé
- Babasan jeung Paribasa Sunda
- Masyitoh
- Si Pucuk Kalumpang
Ayip ogé nulis drama, carita rahayat, carita wayang, bacaan barudak, lulucon, jeung mémoar sarta jadi éditor babaraha bunga rampai.
Rujukan
édit- ↑ BREAKING NEWS: Sastrawan Ajip Rosidi Dikabarkan Meninggal Dunia, Sempat Dirawat di Rumah Sakit Pikiran Rakyat. Diakses 29 Juli 2020
- ↑ Ajip Rosidi Meninggal Dunia Kabar Tangsel. Diakses 29 Juli 2020
- ↑ "Profil - Ajip Rosidi". merdeka.com. Diakses tanggal 2021-12-13.
- ↑ a b (id) Biografi dan CV Ajip Rosidi di TokohIndonesia.com Archived 2011-12-04 di Wayback Machine. Akses tanggal 11 November 2011.
- ↑ (id) McGlynn, John (editor dan penerjemah). On Foreign Shores: American Images in Indonesian Poetry. Biografi Ajib Rosidi. Yayasan Lontar, 1990, Jakarta. Halaman 183-184.
- ↑ (id) Berita Ajip Rosidi di TempoInteraktif.com Dimuat tanggal 31 Januari 2011, diakses tanggal 11 November 2011.
- ↑ (id) Profil Ajip Rosidi di Indonesiabuku.com[tumbu nonaktif] Dimuat tanggal 25 Juli 2010, diakses tanggal 11 November 2011.
- ↑ a b c d e f g h i (id) http://www.penerbitkpg.com/penulis/detil/4/Ajip-Rosidi Archived 2012-01-15 di Wayback Machine. Diakses tanggal 11 November 2011. Profil Ajip Rosidi
- ↑ (id)Anugerah Tokoh: Anugerah Sastera Mastera Brunei Darussalamn 2003. Ajib Rosidi Archived 2012-12-20 di Archive.today Dimuat tahun 2003, diakses tanggal 11 November 2011.
Tutumbu kaluar
édit- (id) Ayip Rosidi dan Kepunahan Bahasa Daerah[tumbu nonaktif]
- (id) Perkembangan Buku Indonésia Menyedihkan[tumbu nonaktif]
- (id) Menyoal Keberanian Orang Sunda Archived 2005-05-08 di Wayback Machine