Picung
Tumpukan buah kapayang siap diolah
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Divisi:
Kelas:
Ordo:
Kulawarga:
Génus:
Spésiés:
P. edule
Ngaran binomial
Pangium edule

Picung atawa pucung, atawa Kemayang (dina basa Indonesia) (Pangium edule Reinw. ex Blume; sélér (suku) Acariaceae, tiheula diasupkeun kana Flacourtiaceae) nyaéta tuwuhan anu tumuwuh liar atawa satengah liar.[1]

Siki picung, anu disebut ogé kelewek, dipaké jadi samara asakan Indonésia anu ngahasilkeun warna hideung dina rawon jeung sop konro.[2] Sikina, anu mibanda palapis siki anu bisa didahar, lamun atah pohara ngandung racun alatan ngandung asam sianida dina konséntrasi anu luhur. Lamun didahar dina jumlah nu tangtu siki kapayang baris ngabalukarkeun lieur (mabok).[1]

Olahan siki picung, atawa nu katelah kelewek, siap dijual di pasar.

Racun dina siki ieu bisa dipaké pikeun racun dina mata panah. Siki picung aman dikokolakeun pikeun kadaharan lamun geus dikulub sarta dikeueum leuwih tiheula.

Kai pepelakan ieu ogé boga ajén ékonomi, kalawan beurat jenis 450–1000 kg.m-3.

Babasan "mabok kepayang" dina basa Malayu/Indonésia dipaké pikeun ngagambarkeun kaayaan hiji jalma anu keur ragrag asih antukna henteu sanggup mikir sacara logis.

Ngaran patempatan édit

Di Tatar Sunda, loba pisan patempatan anu dingaranan ku ngaran tutuwuhan. Patempatan anu maké kecap 'picung' di antarana:

Tumbu ka luar édit

Dicutat tina édit

  1. a b Rasdi, Ajip (2011). Badak Sunda dan Harimau Sunda: Kegagalan Pelajaran Bahasa. Jakarta: Dunia Pustaka Jaya. p. 20. ISBN 9789794195727. [tumbu nonaktif] Disungsi8 Januari 2021
  2. Rigg, Jonathan (1862). A Dictionary of the Sunda Language of Java. Batavia: Bataviaasch Genootschap van Kunsten en Wetenschappen.