Rahmatullah Ading Affandie (gumelar di Ciamis, 12 Oktober 1929 – tilar dunya di Bandung, 6 Pébruari 2008 dina umur 78 taun) putra ti Bapak Udin Tampura jeung Ibu Ratna Permana.[1] Atikanana dimimitian ti HIS dituluykeun ka Pasantrén Miftahul Huda Ciamis. Dina mangsa revolusi Jepang, RAF nuluykeun atikanana ka sakola Pertanian Tasikmalaya sarta SMA di Bandung.[1] RAF nyuprih pangarti ogé di Fakultas Hukum Universitas Indonesia Jakarta nepi ka tingkat Sarjana Muda.[1] Taun 1963 RAF jadi pagawé Perkebunan Negara IX nepi ka pangsiun ti PTP XII dina taun 1983.[1] Taun 1951-1954, RAF kungsi jadi koméntator maén bal di RRI Jakarta jeung Bandung.[1] RAF ogé salah sahiji tokoh nu miboga jasa dina mekarkeun ngaran Persib.[1] Taun 1954-1955 RAF jadi Ketua Komisi téhnik di Persib.[1] Pamaén Persib nu kasohor kungsi diasuh ku RAF nyaéta Rukman, Komar, Rukma jeung Parhim.[1] Taun 1955 RAF jadi Pemrakarsa Simposium Sastra Sunda nu diayakeun di Jakarta Taun 1956 RAF kapilih jadi anggota pangurus LBSS, tuluy dipercaya jadi Pupuhu Bagéan Sastra dina kapangurusan hasil Kongres 1958.[2] Taun 1956 ogé RAF kapilih jadi Pupuhu Calagara Kongrés Pemuda Sunda nu diayakeun di Bandung (4-7 Nopémber 1956).[2] Ti taun 1983 jadi Pupuhu Badan Koordinasi Kesenian Nasional Indonesia (BKKNI) cabang Jawa Barat sarta diangkat jadi anggota DPRD Jabar ti Fraksi Karya Pembangunan(1982-1997).[2]

Rahmatullah Ading Affandie (RAF)
Gumelar2 Oktober 1929
Ciamis
Tilar dunya6 Pebruari 2008
Bandung
PagawéanPangarang
KabangsaanIndonésia
GénréCarpon, Novel, Drama
PasanganHj. Ineu Martini

Karya-karya RAF

édit

Minangka sastrawan nu kawilang produktif, RAF geus ngarang ratusan naskah sinétron, operet, sawatara novel kayaning Nu Kaul Lagu Kaleon (1989), Bentang Lapang sarta kumpulan carpon Dongeng Enteng ti Pasantren (1961).[1] Karya nu mangrupa naskah drama di antarana Dakwaan dan Yaomal Qiyamah nu ditulis dina taun 1950-an sarta geus dipintonkeun sababaraha kali.[1] RAF ogé nulis skenario film Si Kabayan, Ratu Ular jrrd nu dipintonkeun ku TVRI Pusat.[1] Aya ogé naskah gending karesmen dina judul "Ruhak Padjadjaran" nu kungsi dipintonkeun di Teater Terbuka Taman Budaya Jawa Barat tanggal 17 Juli 2006.[3] Naskah serial Inohong di Bojong Rangkong nu ditulisna teu leuwih ti 110 judul.[1]"Inohong di Bojong Rangkong" mangrupa sinétron komedi satir nu miboga suasana islami sarta nyunda.[1] Konsep seni islami geus jadi ciri has RAF.[1] Dina taun 1963 RAF ngagarap kasidah modérn nyaéta Lingga Binangkit.[1] Sanggeus sapuluh taun, Lingga Binangkit mekar jadi grup lianna nyaéta Patria.[1] Ciri lainna nyaéta satirna nu dianggap seukeut.[1] Saacan jaman reformasi, RAF salaku mantan anggota DPRD Jabar ti Fraksi Karya Pemwangunan dina kritik-kritikanana mindeng nyugak ka pamaréntahan.[3] Taun 1961 RAF kasinugerahan hadiah LBSS pikeun buku kumpulan carpon Dongéng Énténg ti Pasantrén. Taun 1990 kasinugerahan hadiah Rancage kalawan novelna Nu Kaul Lagu Kaléon.[1] Taun 1998 buku biografi RAF Urang Banjarsari jadi Inohong di Bojongrangkong diterbitkeun ku Geger Sunten.[1] Kitu ogé jeung lalampahan RAF nalika naék haji dibukukeun ku Geger Sunten kalawan judul Akina Puri ka Tanah Suci.[1]

Referensi

édit
  1. a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t H. Rahmatullah Ading Afandie (RAF) (Diaksés tanggal 13 Oktober 2011)(id)
  2. a b c Tim Redaksi.2000.Ensiklopedi Sunda Alam, Manusia dan Budaya.Jakarta:Pustaka Jaya dan Yayasan Kebudayaan Rancage (id)
  3. a b Selamat Jalan H. Rahmatullah Ading Affandie Archived 2011-11-05 di Wayback Machine (Diaksés tanggal 13 Oktober 2011)(id)